Numutkeun hiji warta anu ngajumantara ngalangkungan rupa rupa media, wirehna poe ieu tegesna poe senen, 20 Rojab 1443 H / 21 Februari 2022, Milangkala poe Basa Indung Sadunya, alias poe Basa Sunda.
Kukituna utamana urang Sunda, atawa kadang wargi nu nyunda, anu dikampung jeung anu di kota, dihiap supaya ngangge anggoan , sapalihna, gaun, dangdosan, raksukan, khas Sunda. Lalaki contona kuring nganggo pangsi, istri nganggo kabaya, tangtos wajib katutup aurat anu sampurna, supaya SAH jeung pantes dianggo nalika Sholat oge kedah di niatan ibadah turut tumut ka Allah Anu Maha Kawasa, teu kenging laklak leklek sapertos anu kakirangan bahan, cag! Walillaahil hamdu.