Sarkohim : “Uing keur keuheul ka pamajikan euy!
Sardoy : “Na kunaon euy?”
Sarkohim :”Panasan euy, teu kaop ninggali tatangga meuli itu meuli ieu, boga itu, boga ieu, sok langsung nurutan barang beuli”
Sardoy : “Boga pamajikan kitu mah kudu dibales, Him!”
Sarkohim :”Na kudu kumaha ngabalesna?”
Sardoy : “lah, gampang atuh. Lamun maneh ninggali tatangga kawin deui, buru-buru maneh kawin deui”
Sarkohim : “cerdas maneh Doy, ngan uing kudu siap-siap ditakol ku mutu”