IKHLAS (Carita Nyambung Bagean 2)

- Penulis Berita

Jumat, 25 Februari 2022 - 21:48

facebook twitter whatsapp telegram line copy

URL berhasil dicopy

facebook icon twitter icon whatsapp icon telegram icon line icon copy

URL berhasil dicopy

Ilustrasi (Gambar: rosediana.net)

Ilustrasi (Gambar: rosediana.net)

Reka Carita : Muhammad Fadhil (MF)

 

Ancur, rajet rarasaan hate, asa teu dihargaan ku keluarga Rianti, Asa teu boga harga diri deui jadi lalaki

Naon atuh salah diri? Nepikeun keluarga Rianti tega jalir, jangji. Sakitu sagala rupa geus di cumponan, sagala persiapan keur acara pertikahan geus ampir salapan puluh persen siap, kari ondangan hungkul anu can di bagikeun teh

Pisakumahaeun milu nyeri na hate Umi, lamun nyaho kanan kana ieu masalah.

Sakitu mas kawin geus di beuli, parabotan jeung souvenir keur panganten istri geus sayagi, tatangga jeung dulur geus di bejaan rencana na, tapi ayeuna kabeh rencana ngadadak robah tanpa rencana?

Teu beak pikir, naha atuh kulawarga Rianti anu ngajak pasini, naha ayeuna gening sulaya?

Ambek anu kapegung ngagulung dina dasar hate, teu loba deui omong, berebet…kabeh sagala anu aya hubungan na jeung Rianti di blokiran ku kuring

ti telepon, SMS, WA, sagala di hapus.

Teu narima kana cara jeung teu ngahargaan na keluarga Rianti

*

Huleng jentul di pagawean, ngahaja balik ge peuting, hayang niiskeun diri jeung pikir, anu keur kalut dilingkung ka bingung

Balik gawe ngahaja nyimpang heula ka toko anu ngajual inuman, diuk di taman kota anu suni kur di caangan ku lampu taman, anu teu caang teuing

Bluk mebetkeun awak dina korsi taman, tuluy muka botol bir, leguk di inum beak satengah, tuluy nyeuneut udud, leguk deui kana bir

Muka deui botol nu anyar, leguk deui kawas jelema haus geus puasa, ngahaja hayang mabok meh poho kana masalah , kana sagalana..

Beak tilu botol, asa leneng jeung beurat sirah teh, tetempoan ge asa runyay.

Bade di rencangan A… ceuk hiji awewe anu pakean na sexy jeung dangdanan na menor, ngahaja meureun keur narik birahi lalaki, da meureun eta awewe memang geus pagawean na mangkal di taman kota

Moal … ceuk kuring ketus, tuluy indit ninggalkeun taman kota, diuk mawa motor balik ka kontrakan

najan kuring jelema baragajul ge ari kanu kitumah ke heula, masih keneh sieun ku dosa jeung panyakit nu kitu, hiiyy Naudzubillah

Baelah ari nginum mah da kakarak peuting ieu, da kapaksa, hayang kumaha carana meh teu kapikiran ka Rianti jeung keluarga na

 

Bluk meubeutkeun maneh dina kasur kontrakan anu teu make dipan, bakat ku lieur nepikeun poho nulakan panto oge

Leng…leng…sirah asa beurat jeung muter sabab teu biasa nginum inuman nu kitu, teu lila kuring kasarean

*

gebeg kahudangkeun ku sora harewos , jeung asa diciuman.

Geuning Rianti geus aya di jero kamar kontrakan kuring.

Reuwas campur teu percaya, kuring ngeser ngajauhan Rianti.

Gabruuuuuggg kuring di rontok  ku Rianti, tuluy nyiuman biwir kuring meni napsu

Aa…bau naon sih? maboknya? Ceuk Rianti reuwas barang ngambeu bau inuman alkohol tina biwir kuring..

Paduli naon make tatanya, kaditulah…ceuk kuring ketus

Aa… Hapunten Anty, Anty nyaah ka Aa, please Aa tong nyiksa diri, ceuk Rianti bari ceurik

Sabodo kumaha urang we, gara gara keluarga maneh anu matre urang jadi korban na, tembal kuring beuki emosi

Aa hapunten anty  A… Anty teu kawasa bade ngalawan pun rama da kumaha Anty mah mung istri anu lemah, anu kedah nurut ka ibu rama, kapan kamari waktos di tepangkeun sareng Aa ge, Anty mah teu nampik.

Ah saruana lah, ceuk kuring teu daek narima alesan Rianti

Aa lamun Aa teu percanten ka Anty, mangga , ayeuna geura puaskeun, geura buktoskeun, naon anu jadi kapanasaran Aa…ceuk Rianti bari bubuka baju na

Hasrat kalalakian kuring ngagedur, nempo dihareupeun beungeut, Rianti geus ucul kabeh pakean nana

Astagfirulloh haladzim… kuring istighfar, ngeluk tungkul sangkan teu nempo kana gogoda nu aya di hareupeun

Nenk hapunten Aa…

Aa percanten nenk, ceuk kuring

Mangga A, nyanggakeun kasucian anty kanggo Aa, da Anty oge hoyong kasucian Anty di pasrahkeun kanu di pikacinta ku Anty, pok na bari ceurik

Nenk hapunten Aa…sok anggo deui anggoan nenk, Aa ngahargaan sareng ngahormatan ka diri nenk pribadi

Aa nyaah lahir batin ka neng

Aa moal wantun ngareksak neng ku napsu, Aa mika cinta neng saenya na, sanes ku syahwat nenk. hapunten Aa, ceuk kuring ngeclakeun cimata

 

Haturnuhun Aa, nyata geuning Aa mah pameget sajati, anu mikacinta ka diri abdi, sanes hungkul hoyong diri abdi, tapi leres Aa anu tiasa ngajaga kahormatan abdi, ceuk Rianti bari tuluy papakean deui

Nenk… Aa ikhlas, Aa ridho nenk bade nikah sareng nu sanes oge…tapi..

Tapi Umi nenk…Aa teu terang kumaha carana, nguningakeun perkawis ieu ka umi, ceuk kuring bingung

Aa sanes aa wae, abdige ngaraos gaduh dosa ka Umi,  Anty teu gaduh raray deui di payuneun umi, anu sakitu nyaah jeung deudeuhna ka Anty, pok Rianti sarua bingung

Teu sawios nenk, da kalah kumaha ge, umi kedah terang kana masalah ieu, bade pait bade peuheur ge teu tiasa kumaha, umi kedah uninga, keun teu sawios Ari ngawartosan umi mah kin ku Aa we lalaunan, supados umi teu kaget teuing

Haturnuhun Aa/..Anty sayang ka Aa sareng ka Umi… salam baktos ti Anty… ceuk Rianti bari nyimpen cincin tunangan, pameungkeut Rianti baheula keur kuring… tuluy ninggalkeun kuring nu keur bingung.

Rianti oge sarua peurih, indit bari hujan cimata..

*

Naon diputuskeun? Teu salah keluarga Rianti teh …teu ngahargaan pisan, sugan teu sakola kitu baheula na ? ceuk umi barang nyaho beja ti kuring lamun kulawarga Rianti geus mutuskeun kuring

 

* Hanca*

Berita Terkait

Gelar Seni Budaya Tolak Peredaran Narkoba
Desa Sangkanhurip Katapang Menggelar Acara Milangkala ke-48
MENGENAL SOSOK REVA YULI ANJANI, PENARI JAIPONG DARI DESA TARUMAJAYA
CARPON
CARITA PONDOK
PAMALI Bagéan ka-10
SISINDIRAN
PAMALI Bagéan ka-9

Berita Terkait

Rabu, 16 April 2025 - 10:05

Desa Rancamanyar Laksanakan Musdes Penataan Desa

Rabu, 12 Maret 2025 - 21:30

Bupati Bandung Dadang Supriatna Jabat Ketua Umum Asosiasi Aliansi Kabupaten Kota Peduli Sanitasi

Rabu, 12 Maret 2025 - 13:32

Ini Penjelasan Kadis PMD Tata Irawan Soal Wacana Pemekaran Desa di Kabupaten Bandung

Rabu, 12 Maret 2025 - 13:27

DPMD: Hasil Kajian 14 Kecamatan, 127 Desa, dan 8 Kelurahan di Kabupaten Bandung Layak Dimekarkan 

Senin, 10 Maret 2025 - 13:26

Di Cicalengka, Kadis PMD Tata Irawan Sampaikan Paparan Arah Kebijakan Penataan Desa

Senin, 10 Maret 2025 - 10:50

DPMD Tata Irawan: Sosialisasi Arah Kebijakan Penataan Desa Dengan Sasaran Pemekaran Desa

Jumat, 7 Maret 2025 - 16:54

Bupati Bandung: Pembangunan Fly Over Jalan Rancaekek-Majalaya Sudah Diusulkan ke Provinsi Jabar

Jumat, 7 Maret 2025 - 16:49

Kang Ali Syakieb Tegaskan Peredaran dan Penyalahgunaan Narkoba Kejahatan Luar Biasa 

Berita Terbaru

BEJAKEUN

Desa Rancamanyar Laksanakan Musdes Penataan Desa

Rabu, 16 Apr 2025 - 10:05