Ikhlas (Carita Nyambung Bagean 3)

- Penulis Berita

Minggu, 27 Februari 2022 - 05:44

facebook twitter whatsapp telegram line copy

URL berhasil dicopy

facebook icon twitter icon whatsapp icon telegram icon line icon copy

URL berhasil dicopy

Reka Carita Ku : M Fadhil

“Teu bisa kitu jang, kawas lain kolot wae, eta kolot Rianti teh, rek dikamanakeun atuh beungeut Umi lamun dulur jeung tatangga nyarahoeun lamun urang bedo rek hajat teh?” ceuk umi ambek.

“Umi teu sawios, da sanes urang anu lepat,” tembal kuring ngarepehkeun umi anu emosi.

“Asa ditincak hulu umi mah ku jelema kitu patut teh, bejakeun kaditu hayang sabaraha tah Rianti teh, ari kudu diduit keun mah?” Umi terus nyarita bari emosi

“Umi..atos, sanes jodo na panginten kanggo abdi, langkung teu sae deui Panginten saupami tos nikah abdi terang sepuhna Rianti serab ku dunya,” kuring nyobaan nenagken Umi deui

“Jaaangg…Umi teu tarima dunya akherat di kieu keun ku batur komo etamah masih kasebutna dulur keneh, lamun bapa ujang aya keneh mah meureun teu kumaha tah jelema teh…nyeri jang nyeri,” ceuk umi ahirna murag cimata

“Umi, Abdi percanten kana papasten anu tos di tangtoskeun ku Alloh, matak kieu ge Panginten Rianti teh sanes jodo anu sae kanggo abdi,” kuring cumarita deui.

“Umi abdi percanten, abdi terang umi langkung nyeri batan hate abdi, mugi umi kersa nga ikhlaskeun kana naon anu parantos kajantenan, Abdi yakin Alloh ngagaduhan rencana anu langkung sae kanggo abdi.”

“Ujang kasep anak umi, titip tong di pake nyeri hate komo ngaruksak diri mah leuwih hade lamun ujang buktikeun ka maranehna lamun kolot Rianti geus salah nyieun kaputusan. InsyaAlloh ku Umi di du’a ken. InsyaAlloh du’a umi maturan hirup ujang salalawasna, sok jang tunjukeun ujang leuwih hade ti pilhan indung bapana Rianti, lamun ujang luhur pangkat jeung loba duit mah, hayang awewe nu model kumaha ge moal hese jang.”

“InsyaAlloh umi, cariosan umi janten sumanget kanggo abdi,” tembal kuring.
“Komo anak umi mah kasep jeung sakola luhur, tong sieun loba keneh awewe mah jang, nu daek ka ujang,” ceuk umi bari ngusapan sirah kuring.

“Haturnuhun umi, kanyaah sareng sadayana jasa umi, abdi moal tiasa malikeun,” ceuk kuring nyuuh dina lahunan umi.

“Subhanalloh ujaaaaangg..bagja umi mah boga anak sholeh jiga ujang teh,” kuring nangkeup umi, bari duaan ngumbar cimata.

Sabulan ti harita Umi gering, kanyenyerian ku polah kolotna Rianti. Kuring ge milu sedih jeung nyeri, nempo umi nu gering batin.
“Ya Alloh mugi maparinan kakiatan sareng kasehatan kanggo umi, sapertos sabihara bihari deui. Allohumagfirli Dunubi li wali wali daya, warhamhumah kama robayani shogiro. Aamiin yaroball allamin!”
Teu lila kuring nampa beja lamun Rianti geus nikah jeung lalaki anu jadi pilihan kolot na.

Sataun geus kaliwat tapi kanyeri ti Rianti masih keneh karasa. Ngan Alhamdulillah kuring di pagawean, geus dipercaya ku dunungan boga jabatan supervisor, hasil tina usaha jeung kerja keras kuring di gawe. Alhamdulillah gaji ge geus leuwih gede kalayan di bere mobil sanajan inventaris perusahaan oge.

“Wilujeng enjing pa, hapunten abdi bade ngiring ngabersihan kantor bapa,” ceuk awewe anu jadi office girl atawa tukang bebersih dikantor kuring .

“Oh Muhun mangga,” ceuk kuring bari ngaleos kaluar ti ruangan.
Kuring anteng ngoprek hape bari chatting jeung klien perusahaan. Aya satengah jam na, terus office girl eta kaluar deui ti kantor kuring.

“Mangga parantos beres pa,”ceuk manehna bari ngarengkuh hormat.
“Nuhun!” ceuk kuring nu keur tonggoy kana hape. Bari cengkat asup ka ruangan kareret office girl teh aya ngaranan dina seragam na, “Velin”.

“Sami-sami pa, Wilujeng enjing,” ceuk manehna pamit..
Degh…hate kuring asa nyentug barang nempo beungeut velin nu geulis katutupan ku topi anu di pake na.
“Wilujeng enjing,” ceuk kuring bari asup deui kakantor
“Wah geulis, geulis daek jadi OG,” ceuk kuring ngagerentes dina jero hate.

-HANCA-

Berita Terkait

Gelar Seni Budaya Tolak Peredaran Narkoba
Desa Sangkanhurip Katapang Menggelar Acara Milangkala ke-48
MENGENAL SOSOK REVA YULI ANJANI, PENARI JAIPONG DARI DESA TARUMAJAYA
CARPON
CARITA PONDOK
PAMALI Bagéan ka-10
SISINDIRAN
PAMALI Bagéan ka-9

Berita Terkait

Rabu, 16 April 2025 - 10:05

Desa Rancamanyar Laksanakan Musdes Penataan Desa

Rabu, 12 Maret 2025 - 21:30

Bupati Bandung Dadang Supriatna Jabat Ketua Umum Asosiasi Aliansi Kabupaten Kota Peduli Sanitasi

Rabu, 12 Maret 2025 - 13:32

Ini Penjelasan Kadis PMD Tata Irawan Soal Wacana Pemekaran Desa di Kabupaten Bandung

Rabu, 12 Maret 2025 - 13:27

DPMD: Hasil Kajian 14 Kecamatan, 127 Desa, dan 8 Kelurahan di Kabupaten Bandung Layak Dimekarkan 

Senin, 10 Maret 2025 - 13:26

Di Cicalengka, Kadis PMD Tata Irawan Sampaikan Paparan Arah Kebijakan Penataan Desa

Senin, 10 Maret 2025 - 10:50

DPMD Tata Irawan: Sosialisasi Arah Kebijakan Penataan Desa Dengan Sasaran Pemekaran Desa

Jumat, 7 Maret 2025 - 16:54

Bupati Bandung: Pembangunan Fly Over Jalan Rancaekek-Majalaya Sudah Diusulkan ke Provinsi Jabar

Jumat, 7 Maret 2025 - 16:49

Kang Ali Syakieb Tegaskan Peredaran dan Penyalahgunaan Narkoba Kejahatan Luar Biasa 

Berita Terbaru

BEJAKEUN

Desa Rancamanyar Laksanakan Musdes Penataan Desa

Rabu, 16 Apr 2025 - 10:05