Ikhlas (Carnyam Bagean 4)

- Penulis Berita

Minggu, 27 Februari 2022 - 22:05

facebook twitter whatsapp telegram line copy

URL berhasil dicopy

facebook icon twitter icon whatsapp icon telegram icon line icon copy

URL berhasil dicopy

Gambar : ilustrasi (rislah.com)

Gambar : ilustrasi (rislah.com)

Reka Carita Ku : M Fadhil 

 

Unggal poe panggih jeung Velin tapi kuring teu wani loba nanya, kulantaran asa era jeung masih trauma keneh ditinggalkeun nikah ku Rianti
Unggal waktu nu kaliwat, tiap detik tiap menit rasa kagum ka Velin tambah beurat nyangkrung dina hate.
Ah piraku kitu kuring naksir ka Velin? Wawuh ge acan, Ah bisi nu batur,” kitu hate kuring ngocoblak.
Tapi unggal poe naha kuring bet ngarep ngarep hayang panggih jeung velin? Kumaha carana meh bisa wawuh jeung bisa sakalian ngobrol jeung Velin anu nyaliara dina dada. Kuring muter otak, sangkan bisa manggih akal kumaha carana bisa duaan jeung velin.
“Velin nya nami teh? Tanya kuring basa basi bari jeung hate mah ngadegdeg
“Muhun pa leres, manawi aya pikersaeun naon?” Jawab Velin anu keur ngepel di kantor kuring
“Punten kin siang pangmeserkeun baso nya, sing lada tong di kecapan, sakantenan kanggo velin sabungkus,” penta kuring.
Da pasti ari awewe mah ampir kabeh resep ngadahar baso mah
“Muhun mangga pa, tapi sawios teu kedah kanggo abdi mah,” ceuk velin nolak lemes.
“Iiihh..tong kitu, sakantenan we supados abdi raos nyuhunkeun tulungna,” ceuk kuring maksa, bari mere duit keur meuli baso.
“Hatur nuhun atuh pa,”ceuk velin bari nampanan duit.
“Diantos nya kin siang,” ceuk kuring.
“Maksadna basona,” ceuk kuring deui reuwas bisi salah ngomong ke kanyahoan modus na
“Muhun mangga pa,” Velin seuri bari semu beureum pipi na, meureun nyeungseurikeun kuring anu grogi jeung salah tingkah di hareupeun na..

“Punten ieu baso na pa,” ceuk velin bari mikeun baso dina plastik oge mangkok kosong
“Hatur nuhun…nu velin mana?” tanya kuring.
“Aya di dapur pa,” tembalna
“Candak kadieu urang tuang sareng didieu,” ceuk kuring.
“Wios pa abdimah bade nuang na di pengker we,” ceuk velin.
“Pan saur abdi ge hoyong di rencangan didieu,” ceuk kuring maksa
“Tapi pa…!” velin kawas anu seunggah
“Tenang moal aya nu protes, kin urusan abdi etamah,” ceuk kuring.
“Muhun atuh pa,” ceuk velin bari ngaleos nyokot baso.
Velin teu nyadar dompetna tinggaleun dimeja kuring. Ningali aya kasempetan, buru buru nyokot duit tina dompet kuring, dua lembar saratus rebuan tuluy diasupkeun kana dompet velin. Ceuk pikir teh karunya, lumayan keur jajan na, da gajih OG mah teu sabaraha. Ahirna lancar oge akal kuring meh bisa duaan jeung Velin.
“Tos gaduh keluarga?” tanya kuring bari ngadahar baso.
Velin ngahuleng lila, teu buru buru ngajawab pananya kuring.
“Wah kacaw yeuh,” gerentes kuring na jero hate
“Teu acan pa…,” pok na laun bari jeung tungkul
“Alhamdulillah hirobill allamin ya Alloh,” gerentes hate kuring bungah.
“Tos gaduh kabogoh..?” ceuk kuring bari rada era, ngawanikeun nanya deui
“Teu aya pa,” pokna deui bari anger tungkul
“Alhamdulillah deui ya Alloh,”ceuk kuring beuki bungah
“Ah piraku nu geulis teu gaduh kabogoh..?” ceuk kuring mimiti wani ngaheureuyan
“Muhun teu aya pa,” tembalna.
“Yes….!!” Kuring surak dina jero hate bari maok maok nempo kana beungeut Velin nu keur tungkul.
“Haturnuhun baso na pa,” Velin pamitan
“Muhun sami sami,” ceuk kuring
“Mangga pa…Wilujeng siang!” pokna deui
“Eh..ke heula, punten nyuhunkeun no WA na,” ceuk kuring
“Emmmhh… Velin mikir bangun anu beurat rek mere nomer hape na ka kuring kanggo naon pa?” pok na deui
“Nya supados gampil we, kitu upami abdi aya peryogi bade pesen kopi atanapi nu sanes na,” ceuk kuring neangan alesan.
“Emmmhh…kumaha nya pa…” pokna bari kerung bangun nu mikir panjang
“Nya teu sawios ari teu kersa masihan mah,” ceuk kuring bari bari rada leutik hate
“Muhun atuh pa,” mangga ieu di catat nomer na, pokna bari mikeun hape nu aya nomer manehna
“Ok…hatur nuhun, kin di WA, eehh..maksadna di simpen nomerna,” ceuk kuring gugup
“Muhun pa, permios,” ceuk Velin bangun anu teu sumanget
Ahirna..ceuk kuring dina jero hate, bungah meunang nomer hape Velin.

“Assalamualaikum….Nuju naon velin…?” ceuk kuring nga mimitian ngirim WA ba’da Isya
“Waalaikumsallam…Ieu no pa fadhil nya,” bales velin nempo aya nomer anyar asup kana hape na
“Muhun,, ngawagel teu?” ceuk kuring basa basi
“Kaleresan bapa nga WA, punten abdi bade naros ,” bales Velin
“Muhun manga,” ceuk kuring
“Punten ieu aya artos dua ratus rebu dina dompet abdi, ieu artos bapa nya?” bales velin
“Duka nya, kirang apal,” ceuk kuring api api
“Pa abdi terang eusi dompet abdi sadidinten na pa, teu langkung ti dua puluh rebu, eta kanggo meser tuangeun sareng ongkos angkot,” bales Velin
“Muhun kanggo velin, lumayan kanggo jajan,” bales kuring
“Hapunten pa abdi teu tiasa nampi,” bales Velin deui
“iiihh sawios atuh abdi mah ikhlas,” ceuk kuring deui
“punten pa, abdi teh alim gaduh hutang budi ka sasaha,” pok na deui males WA
“Aduh ..teu pisan pisan Velin, abdi mah teu aya maksad nanaon, asli etamah kanggo velin, lumayan we kanggo meser pulsa,” ceuk kuring rada kaget ku jawaban velin
“Hatur nuhun atuh upami kitu mah, tapi punten mung sakali ieu hungkul we nya abdi kersa nampi artos ti bapa,” bales velin saklek
“Muhun velin,” ceuk kuring kaeraan.
“Wah hebat awewe teh ieu mah,” ceuk kuring muji Velin na jero hate
Tuluy nga klik foto Dp Velin dina WA, tuluy di download di save dina hape kuring. Unggal usik ditempoan eta foto Velin di sidik sidik, di teuteup di bulak balik. “Eemmmhh geulis,” gerentes kuring
Dipelong teu bosen bosen…ah sugan we ka bawa ngimpi. Gerentes hate kuring bari seuri sorangan.
“Velin…kin uihna sareng nya,” ceuk kuring basa Velin pamit kaluar ti ruangan kuring nu geus beberesih.
“Aduh punten pa,, teu tiasa,” pokna pondok
“Oh Muhun atuh,” tembal kuring bari kaeraan jeung hate nu murungkut.
“Punten pa,” pok na deui bari ngaleos.

Kuring ngalamun sorangan di tampik ku Velin ngajak balik bareng
“Wah lingas oge nya…” gerentes hate kuring
“Tring..” sora WA asup di tempo WA ti sobat kuring Aryo
“Keur naon euy..?” kitu eusi WA na
“Biasa keur macul,” bales kuring
“Kumaha geus move on can ti Rianti?” Aryo nanya deui
“Nyaeta atuh, aya sih inceran mah tapi lingas euy,” bales kuring
“Ah piraku ….awewe lingas ka ente?” Aryo nanya deui
“Aslina euy..tulungan atuh….!!!” bales kuring.
“Serius yeuh….,” bales aryo
“Serius, ke mun hasil…aya lah hape anyar mah,” ceuk kuring ngiming ngiming.
“Dalapan genep boss,” ceuk Aryo sumanget
“Ok….pokona ulah nepika kanyahoan nya,” ceuk kuring males deui.
“Rebes pokonamah, ulah pikun tah mun geus hasil,” bales Aryo deui.
“Tenang kawas karek wawuh kamari waelah,” ceuk kuring
“Mantabz…” bales aryo deui nutup obrolan

“Cuy.. gebetan ente teh dagang kopi geuning di kontrakan na,” kitu eusi WA aryo, bari jeung ngirim sababaraha foto velin keur nungguan warung kopi anu saayana masang meja di hareupeun kontrakan na.
Degh…kuring reuwas nempo foto foto nu di kirim ku aryo.
“Share lok cuy,” bales kuring maksudna menta dikirim peta GPS na tempat Velin ngontrak
“Teu lila kuring narima screenshot, peta GPS kontrakan Velin ti aryo.

Cag,

-Hanca-

Berita Terkait

Gelar Seni Budaya Tolak Peredaran Narkoba
Desa Sangkanhurip Katapang Menggelar Acara Milangkala ke-48
MENGENAL SOSOK REVA YULI ANJANI, PENARI JAIPONG DARI DESA TARUMAJAYA
CARPON
CARITA PONDOK
PAMALI Bagéan ka-10
SISINDIRAN
PAMALI Bagéan ka-9

Berita Terkait

Jumat, 17 Januari 2025 - 03:00

*Realisasi Investasi Kabupaten Bandung 2024 Lampaui Target Hingga Mencapai 116%*

Jumat, 17 Januari 2025 - 02:54

*IPS Capai 2,64 Poin, Bupati Bandung Terima Penghargaan Badan Pusat Statistik*

Jumat, 10 Januari 2025 - 00:16

Pemdes Se-Kecamatan Rancabali Teken MoU dengan PCNU Terkait Asistensi Pengurusan Program TORA dan KHDPK

Kamis, 9 Januari 2025 - 13:05

Bupati Akan Beri BPJS Ketenagakerjaan Buat Operator Motor Baca

Kamis, 9 Januari 2025 - 12:59

*Pedagang Selesai Direlokasi, Pasar Ciparay Segera Groundbreaking*

Rabu, 8 Januari 2025 - 12:10

Belum Ada Blangko KTP dari Pusat, Aktivasi Identitas Kependudukan Digital Solusi Pengganti KTP

Sabtu, 4 Januari 2025 - 01:23

Legislator Dadang Hermayana Dorong Program Stunting Menurun

Minggu, 29 Desember 2024 - 08:28

Ketua DPRD Renie Rahayu Peluk Erat Anak-Anak Thalasemia di Majalaya 

Berita Terbaru