IKHLAS (Carnyam Bagean 1)

- Penulis Berita

Jumat, 25 Februari 2022 - 00:39

facebook twitter whatsapp telegram line copy

URL berhasil dicopy

facebook icon twitter icon whatsapp icon telegram icon line icon copy

URL berhasil dicopy

Gambar : ilustrasi (rislah.com)

Gambar : ilustrasi (rislah.com)

Reka Carita : Muhammad Fadhil (MF)

 

“Aa… hapunten Rianti”

“A, kedah kumaha Rianti neda dihapunten ku Aa?”

“Aa… waler atuh, A”

“A … sebatkeun we naon nu dipikahoyong ku Aa ti diri Anti, kanggo buktos anti leres sayang ka Aa..”

“Aa…”

“A…”

Kitu rupa rupa eusi WA anu di kirim ku Rianti, hiji oge teu aya nu di balesan ku kuring. Ah boro boro hayang malesan nu puguh mah, rajet hate asa teu boga harga diri deui jadi lalaki. Rianti….enya Rianti anu pernah jadi kabogoh kuring, leuwih ti eta, Rianti oge pernah jadi calon pamajikan kuring, sanggeus kuring resmi menta widi ka kolotna meungkeut Rianti ku acara pertunangan tuker cincin.

Rianti anu masih keneh anak dulur jauh Umi, jadi pilihan umi keur maturan sesa hirup kuring ngajalanan waktu. “Umi Hajjah Uun kumaha upami urang Janten keun wae Jang Fadhil ka Rianti, InsyaAlloh Rianti mah nurut moal nguciwakeun,” ceuk indung Rianti basa ngahaja tiheula ulin ka Imah kuring, silaturahmi bari sakalian ngenalkeun Rianti ka kuring jeung Umi.

“Nya ari abdimah, ngiringan wae kumaha sanggem na pun anak, mugia we aya jodo na putra urang sadayana,” kitu tembal Umi Uun.

“InsyaAlloh Umi Hajjah,, mugi sing janten langkung raket silaturahmi keluarga urang ku paniatan ieu,” ceuk Bapa Rianti.

“Amin yaroball allamin,” tembal kabeh nu hadir

Rianti gadis anu geulis, lembut watekna, nurut kanu jadi panitah kolot. “Jang kumaha cocok teu?” tanya umi ka kuring sanggeus tamu keluarga Rianti baralik.

“Duka nya Umi, kin urang emut heula ku abdi,” ceuk kuring bingung.

“Jang Umi teu menta jeung teu hayang nanaon ti ujang,, umi mah ngan menta hiji, hayang nempo ujang geura rumah tangga, jeung Umi hayang ngarasaan mangku Incu umi, anak ti ujang, samemeh umi ngantunkeun uih deui kanu Kawasa,” ceuk umi bari cirambayan.

“Umi, tong nyarios kitu umi,” ceuk kuring sedih bari nyiuman leungeun umi.

“Jang …ujang teh Anak umi hiji hijina, harta umi anu pamungkas, sapaninggalan almarhum bapa Ujang, ujang hiji hijina harepan kabagjaan umi,” Umi beuki sedih nyarita na

 

“Umi hapunten abdi, dugikeun ka danget ayeuna abdi teuacan tiasa males kasaean sareng kanyaah umi, komo nyenangkeun mah jajauheun, InsyaAlloh Alloh abdi kersa nedunan, kana naon pamundut umi, asal umi ngaraos bingah,” ceuk kuring nangkeup Umi.

“Alhamdulillah hirobill Allamin, bagja umi boga anak hidep teh jang,, nya ari kitumah tarima we ajakan dulur Umi tadi, urang beungkeut Rianti meh teu ku sasaha deui,” ceuk umi bungah.

“Muhun mangga umi, abdimah ngiringan we kumaha sae na,” ceuk kuring nyatujuan najan hate mah masih keneh bingung.

Dua bulan ti harita, kuring jeung Umi resmi datang ka imah kolot Rianti, mawa niat hade rek ngalamar Rianti jadi calon pamajikan kuring.

Alhamdulillah, meunang sambutan anu hade ti keluarga Rianti, narima lamaran kuring, suka bungah dua keluarga anu pajauh jadi leuwih deukeut, kulantaran kabeungkeut ku jangji kuring jeung Rianti anu bakal Rarabi.

Najan jauh, kuring tara telat ngapelan rianti, malah mah pernah sok di titah ngendong sagala, kulantaran karunyaeun ku jarak anu jauh ti imah kuring. Geus teu asa asa deui kuring jeung kulawarga Rianti geus asa di imah sorangan, asa geus jadi kolot sorangan.

Tapi najan kitu, kuring teu wani julid ngaruksak iketan suci kuring jeung Rianti, can pernah kuring nepikeun kabablasan dina bobogohan jeung Rianti, sabab kuring mah bener bener nyaah, jeung hayang kasucian Rianti ke keur masa na kuring geus jatukrami jeung Rianti.

Waktu nu diatur geus disatujuan, wanci anu bakal keur ikrar jangji suci geus di patri, tapi manusa mah ngan saukur bisa nyieun rencana hungkul, da Alloh anu jadi panangtu mah, jodo , pati, bagja , jeung cilaka geus titis tulis ti nu maha Kawasa, najan kukumaha jalma mah teu bisa maksa.

Asa ngedenge guludug tengah poe, Rianti nelepon bari ceurik cenah di titah kolotna megatkeun kuring, milih calon kolotna, jalma beunghar ti kota, najan Rianti dijadikeun pamajikan anu kadua..!!

 

  • – Hanca –

Berita Terkait

Gelar Seni Budaya Tolak Peredaran Narkoba
Desa Sangkanhurip Katapang Menggelar Acara Milangkala ke-48
MENGENAL SOSOK REVA YULI ANJANI, PENARI JAIPONG DARI DESA TARUMAJAYA
CARPON
CARITA PONDOK
PAMALI Bagéan ka-10
SISINDIRAN
PAMALI Bagéan ka-9

Berita Terkait

Rabu, 23 April 2025 - 03:44

Desa Indragiri Gelar Peningkatan Kapasitas Kader Posyandu RW dan Bunda Literasi RW

Senin, 21 April 2025 - 09:32

HUT Kab Bandung ke-384, Kecamatan Rancabali Jadikan Bandung Bedas Nyaah Ka Indung Program Unggulan

Selasa, 25 Maret 2025 - 21:05

H.Asep Syamsudin S,Ag Sosialisasikan Peraturan Daerah sekaligus Memberikan Santunan Kepada Puluhan Anak Yatim Piatu dan Lansia

Rabu, 12 Maret 2025 - 21:30

Bupati Bandung Dadang Supriatna Jabat Ketua Umum Asosiasi Aliansi Kabupaten Kota Peduli Sanitasi

Rabu, 12 Maret 2025 - 13:32

Ini Penjelasan Kadis PMD Tata Irawan Soal Wacana Pemekaran Desa di Kabupaten Bandung

Rabu, 12 Maret 2025 - 13:27

DPMD: Hasil Kajian 14 Kecamatan, 127 Desa, dan 8 Kelurahan di Kabupaten Bandung Layak Dimekarkan 

Senin, 10 Maret 2025 - 13:26

Di Cicalengka, Kadis PMD Tata Irawan Sampaikan Paparan Arah Kebijakan Penataan Desa

Senin, 10 Maret 2025 - 10:50

DPMD Tata Irawan: Sosialisasi Arah Kebijakan Penataan Desa Dengan Sasaran Pemekaran Desa

Berita Terbaru