Ikhlas (Carita Nyambung Bagean 10)

- Penulis Berita

Sabtu, 12 Maret 2022 - 05:55

facebook twitter whatsapp telegram line copy

URL berhasil dicopy

facebook icon twitter icon whatsapp icon telegram icon line icon copy

URL berhasil dicopy

Gambar : ilustrasi (rislah.com)

Gambar : ilustrasi (rislah.com)

Reka Carita Ku : M Fadhil

 

Keur naon euy? Somse lah ari geus lancar mah poho ka uing

Kumaha lancar jeung Velin teh?

Somse lah tara ngabales.

Kitu eusi WA ti aryo isuk eta, da geus heubeul kuring tara ngoprek deui hape tisaprak dirawat di rumah sakit.

Ret umi nempo kana hape kuring nu disada narima WA ti Aryo, tuluy umi kapikiran nelepon Aryo kusabab, nyebut nyebut-ngaran Velin

Hallo boss kamana hungkul, sombonglah tara males WA ayeuna mah, ceuk Aryo barang narima telepon ti umi nu make hape kuring..

Aryo…ieu umi, umi na Fadhil.., ceuk umi nembalan

Waduh…hapunten umi manawi teh fadhil, ceuk Aryo kaeraan

Muhun wios, Aryo tiasa pendak teu, Umi bade nyuhunkeun tulung… ceuk umi pinuh hareupeun

Nyuhunkeun tulung kumaha umi maksadna, ceuk Aryo teu ngarti

Fadhil ayeuna nuju teu damang, tos saminggu dirawat teu damang tipes..ceuk umi mimiti ramisak

Aduh hapunten abdi nembe terang, Panginten atuh upami kitumah, WA abdi tara di waler wae, ceuk Aryo ngarasa salah

Muhun diantosannya ayeuna upami tiasa mah, darurat pisan soalna…ceuk umi satengah maksa

Oh Muhun umi, abdi angkat ka rumah sakit ayeuna, ceuk Aryo nutup obrolan..

 

Tulungan Umi Yo, umi ngarasa kaduhung jeung ngarasa salah ka Fadhil sareng ka Velin, ceuk umi sanggeus panggih jeung Aryo di rumah sakit

Na kumaha kitu umi, abdi kirang ngartos..,? ceuk Aryo teu ngarti

Tipayun Fadhil ngenalkeun Velin ka umi, kanggo calon istri na

Tapi….Umi kirang satuju kulantaran Velin asa misterius pisan, teu jelas asal usulna, ceuk umi nerangkeun

Maksadna kumaha nya umi, asa beuki teu ngartos? ceuk Aryo beuki bingung

Nyaeta puguh umi ge kitu, kawas aya nu disumputkeun ku Velin, umi yakin aya nu teu beres ieu, ceuk umi curiga

Nya kapungkur abdi kantos milarian bumi Velin, dipiwarang ku fadhil waktos pertama kenal ka Velin, tapi linggih na sareng mamangna, ceuk Aryo mere nyaho

Muhun kamari ge nyaurkeun na kitu, sareng mamangna ti aalit, tapi piraku ngaran lembur na sorangan ge teu apal? ceuk umi ngajelaskeun

Oh..Muhunnya upami kitumah aneh pisan, da tipayun mah linggih nateh sareng mamangna, ceuk Aryo kawas anu sapikiran jeung umi

Nyaeta atuh asa ku araneh, tapi ayeuna mah umi geus babalik pikir, kajeun kumaha kumaha ge , rek menta ridho na Velin jadi pamajikan anak umi, ceuk umi ahirnamah nyatujuan

Oh Muhun nya, hawatos janten kieu geuning, masalahna, hayu ku abdi di jajapkeun ka bumi Velin, ceuk Aryo ka umi

 

Bener kadieu jalan na imah Velin teh Yo…? ceuk umi kawas anu teu percaya barang nempo gang ka imah Velin nu sempit jeung kumuh

Muhun umi tipayun mah da kadieu jalan na, teu patos tebih da umi tidieu, ceuk Aryo ngayakinkeun umi

Geuning kieu tempat nage nya Yo, ceuk umi bangun anu risih ku tempat cicingna Velin

Tuh itu umi, bumi Velin nu aya meja, nu aya icalan jajanan barudak sareng icalan kopi, ceuk Aryo nuduhkeun.

Masya Alloh..ceuk umi satengah teu percaya kana panuduh Aryo..

 

Assalamualaikum… Umi uruk salam barang nepi ka hareupeun imah Velin kabeneran aya bibi na keur nungguan warung

Waalaikumsallam, dupi aya pikersaeun naon nya? ceuk Bibi na Velin nu kaheranan sabab asa teu wawuh ka umi nu anyar datang

Dupi ieu leres bumina Velin? ceuk umi nanya ka Bibi Velin

Sumuhun leres…mangga kalebet, ceuk Bibi Velin nitah umi asup ka imah Velin, anu ruang tamu na teu leuwih gede tikamar mandi imah umi

Hatu nuhun, nepangkeun abdi umi na Fadhil..ceuk umi bari ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman ka bibina Velin

Oh Muhun, aduh hapunten abdi bibina Velin,..ceuk bibina Velin nyalaman umi oge Aryo

Dupi Velin na aya? ceuk umi bari luak lieuk neangan Velin

Velin teh nuju damel, moal lami ge uih rupina mah, antosan we sakedap, ceuk bibi na Velin nerangkeun

Oh Muhun wios bade diantosan we, upami teu ngawagel mah, ceuk umi

Muhun mangga umi, teu atuh, hapunten pisan tempatna mung sakieu buktosna, ceuk bibi Velin bangun kaeraan katamuan ku umi anu rapih jeung ginding

Muhun teu sawios nenk, ceuk umi laun

Velin anu kakarak balik gawe reuwas barang nempo dihareupeun lawang panto imahna aya sendal jeung sapatu anu alus, Velin nanya dina jero hate aya saha nu namu ka imah na

Assalamualaikum, Velin uruk salam, lawang panto, breh katempo di jero aya umi jeung Aryo, oge mamang jeung bibi na

Waalaikumsallam, ampir kabeh nu aya di jero bareng ngajawab salam Velin anu keur ditunggu tunggu

Neng Velin? ceuk umi bari nangtung reuwas campur bungah nempo Velin datang

Umi….? ceuk Velin reuwas…bari tuluy salim ka umi

Neng hampura umi neng, ceuk umi ngarangkul Velin

Tulungan umi neng… tulungan….ceuk umi bari budal cimata

kunaon umi, aya naon? ceuk Velin panik

Fadhil…neng, Fadhil…tulungan Fadhil neng, …. ceuk umi teu kedal kapegat ku ceurik

kunaon Aa..umi.., kunaon ? Velin jadi milu ceurik nempo umi nu sedih

Fadhil teu damang neng, tos ampir dua minggu, Fadhil di opname, ceuk umi beuki tarik ceurik na

Ya Alloh…Aa,, ,Velin reuwas kacida

Neng umi neda kaikhlasan na, panglongokeun Fadhil neng, hayu ayeuna ngiring sareng umi,,,ceuk umi ngahelas

Muhun mangga umi hayu, abdi ngiring, ceuk Velin.

Bring kabeh arindit ngalongok kuring di rumah sakit, mamang jeung bibi Velin oge milu hayang ngalongok kuring anu keur gering

 

Kacida reuwasna umi barang nepika ruang tempat kuring biasa dirawat, kuring geus euweuh di tempat

Maaf bu, pasien sekarang sedang berada di ruang ICU karena beberapa saat lalu mengalami anfal..gagal napas,, ceuk suster anu nempo umi jeung kabehan keur bingung

Astagfirulloh haladzim…Fadhil….!!! umi jejeritan

Sabar umi… hayu urang tinggal we ka ruang ICU ceuk Velin nenangkeun umi

Satengah lulumpatan kabeh ka ruangan ICU tempat kuring di rawat

Euweuh anu teu cerik, nempo kaayaan kuring anu sakitu lemah na, jeung pabeulit ku selang oksigen jeung infusan

Fadhiiiillll… umi ngagabrug kuring anu geus teu sadar, napas ge dibantu ku oksigen

Fadhil…ieu umi kasep, gugah kasep, gugah, itu aya Velin ngalongok hidep, ceuk umi ceurik dina dada kuring

Aa.. ieu abdi Velin, a gugah A…ceuk Velin haharewosan kana ceuli kuring,

Ngan hanjakal kuring geus teu bisa ngadenge deui anu nyeungceurikan jeung nyebut nyebut ngaran kuring…

 

– Hanca –

Berita Terkait

Gelar Seni Budaya Tolak Peredaran Narkoba
Desa Sangkanhurip Katapang Menggelar Acara Milangkala ke-48
MENGENAL SOSOK REVA YULI ANJANI, PENARI JAIPONG DARI DESA TARUMAJAYA
CARPON
CARITA PONDOK
PAMALI Bagéan ka-10
SISINDIRAN
PAMALI Bagéan ka-9

Berita Terkait

Rabu, 16 April 2025 - 10:05

Desa Rancamanyar Laksanakan Musdes Penataan Desa

Rabu, 12 Maret 2025 - 21:30

Bupati Bandung Dadang Supriatna Jabat Ketua Umum Asosiasi Aliansi Kabupaten Kota Peduli Sanitasi

Rabu, 12 Maret 2025 - 13:32

Ini Penjelasan Kadis PMD Tata Irawan Soal Wacana Pemekaran Desa di Kabupaten Bandung

Rabu, 12 Maret 2025 - 13:27

DPMD: Hasil Kajian 14 Kecamatan, 127 Desa, dan 8 Kelurahan di Kabupaten Bandung Layak Dimekarkan 

Senin, 10 Maret 2025 - 13:26

Di Cicalengka, Kadis PMD Tata Irawan Sampaikan Paparan Arah Kebijakan Penataan Desa

Senin, 10 Maret 2025 - 10:50

DPMD Tata Irawan: Sosialisasi Arah Kebijakan Penataan Desa Dengan Sasaran Pemekaran Desa

Jumat, 7 Maret 2025 - 16:54

Bupati Bandung: Pembangunan Fly Over Jalan Rancaekek-Majalaya Sudah Diusulkan ke Provinsi Jabar

Jumat, 7 Maret 2025 - 16:49

Kang Ali Syakieb Tegaskan Peredaran dan Penyalahgunaan Narkoba Kejahatan Luar Biasa 

Berita Terbaru

BEJAKEUN

Desa Rancamanyar Laksanakan Musdes Penataan Desa

Rabu, 16 Apr 2025 - 10:05