Reka Carita Ku : M Fadhil
Kabeh nu ngalongok kuring ngarasa sedih jeung hariwang nempo kuring anu teu aya reaksi nanaon. Tuluy kabehan nana ngariung ngaraji keur kuring…
Dina sawangan kuring harita mah, kuring geus aya dina hiji tempat anu can pernah katincak ku kuring
Tempat na nemrak lega kawas lapang anu taya tungtungna, jauh dihareup aya cahaya anu caang pisan
Rea jelema anu keur laleumpang muru kana eta cahaya
Teu awewe teu lalaki, kabeh make pakean bodas, kawas pakea nikhram anu keur manasik haji
Kuring lulumpatan ngudag eta rombongan jalma anu keur laleumpang muru kana cahaya anu caang tea
Beuki deukeut kuring ngudag, aya saurang lalaki pang tukangna diantara eta rombongan malik ngalieuk kakuring
Asa apal…tapi saha jeung dimana, ceuk kuring ngagerentes dina jero hate bari nginget nginget
Fadhil… rek naon ujang kadieu? ceuk eta lalaki megat kuring anu ngudag rombongan
Astagfirulloh…Abi? ceuk kuring, barang nempo jelas kana beungeut lalaki anu nanya
Kaditu geura balik deui jang, ceuk Abi ka kuring
Abi…Abdi sono pisan Abi…ceuk kuring anu geus lila teu panggih jeungabi, gebeg kuring reuwas, pan Abi tehgeus lila ngantunkeun…kuring kawas anu karak nyadar
Can waktuna ujang panggih jeungAbi, kaditu balik deui, karunya baturan umi, ceuk abi ngusapan sirah kuring.
Muhun Abi, tapi abd ibingah pendak deui sareng Abi, ceuk kuring nangkeup Abi
Tuh dangukeun, Umi sasambat ngageroan ujang, umi leungiteun anjeun kasep, jung geura balik deui kaditu, lain tempatna ujang didieu mah, ceuk abi bangun anu sedih
Hawar hawar kadenge sora Umi nu gegeroan nyebut ngaran kuring
Ret ditempo tiluhur, geuning aya umi jeung keluarga Velin keur ngaraj…tapi..eta saha?
Kuring reuwas sabab nempo diri kuring sorangan keur teuwalakaya, ngalempreh dina luhur ranjang rumah sakit, bari jeung pabeulit kuselang oksigen jeung infusan
Ya Alloh… Allohhu akbar…lalaunan kuring turun kawas aya nu narik asup kana raga kuring anu keur sare diluhur ranjang..
Fadhil…gugah kasep…sing karunya ka umi, ceuk umi bari ceurik nyiuman kuring anu can sadar
Hampura umi kasep, tong ninggal keun umi, umi teu kuat nyanghareupan hirup sorangan, taya guna hirup umi, lamun teu aya anjeun
Lahaulla wallakuwata illabillah..
Umi niup embunembunan kuring..
Asa aya tanaga anu asup kana awak, kuring bias ngagerakeu nramo kuring deu inajan laun oge,…
Alhamdulillahhirobillallamin..Ya Alloh, ..umi ngajerit bungah nempo leungeun kuring anu bias nyekel leungeun umi
Jang… ieu aya Velin jang, dongkap ngahaja manggihan hidep, ceuk umi bari nungtun leungeun Velin sina nyekelan ramo kuring. anu di pasang infusan
Aa..ieu abdi Velin, nyuhunkeun dihapunten Aa..ceuk Velin bari ceurik nyegruk nyiuman leungeun kuring
Ranyay tetempoan teh….serab…bodas, samar samar kuring muka mata, nempo kana lalangit rumah sakit anu bodas polos..
Dokter…dokter…anak saya sudah bangun…umi lumpat kaluar bari gegeroan ka dokter
Alhamdulillah anak ibu sudah lewat masa kritisnya, ceuk dokter anu mariksa kuring
Alhamdulillah terima kasih dokter, ceuk umi syukuran
Tapi masih perlu dirawat, dan istirahat yang cukup, ceuk dokter deui
Iya dokter,ceuk umi nyatujuan
Bungah kacida umi nempo kuring anu geus sadar deui najan masih lemah oge, umi bungah harta hiji hijina geus balik deui
Kuring ngalieuk kagigir, nempo Velin anu keur ceurik,
Kuring ngarames laun euweuh tanaga, kana ramo Velin anu keur nyekelan kuring..
Aa……Velin reuwas barang cengkat paadu teuteup jeung kuring
Gabruuuuuggg ..Velin nangkeup kuring bari nginghak dina dada..
Neng umi bade nyuhunkeun tulung ka néng, mugi kersa néng nampi umi ngawakilan putra umi, seja ngalamar neng janten istri putra umi…ceuk umi, dihareupeun mamang jeung bibi Velin
Velin ngahuleng kawas mikir anu beurat, dijuru panonna geus ngembeng cimata anu rek murag
Umi…hapunten umi, abdi teu pantes janten istri Aa Fadhil.
Ceuk Velin nyuuh kana lahunan umi
Neng tulungan umi, umi nyarios tina dasar hate, umi sami istri sareng neng, tulungan umi neng, ulah dugi keun umi kaleungitan harta umi hiji hijina, ceuk umi ceurik ngusapan Velin anu nyuuh dina lahunanna
Umi nyaho ukur Velin ubar cageur keur kuring mah
Umi ikhlas, umi ridho, kaleungitan harga diri jeung gengsina, demi kuring anu jadi kanyaahna
Umi…abdi teu sae kanggo putra umi, abdi mah sanes kanggo pilihan umi, ceuk Velin anger teu bias narima kuring
Geulis…Umi teu paduli saha anjeun, timana anjeun, jeung masa lalu anjeun, lamun anjeun ke boga anak kawas umi pasti anjeun bakal ngalakukeun naon anu dilakukeun ku umi ayeuna kahidep..
umi…hatur nuhun…ceuk Velin ngarangkul umi…
umi anu nganuhunkeun mah neng, sok aya bejakeun ku neng ka putra umi, lamun neng kersa di tikah ku Fadhil,,.ceuk umi ka Velin
Velin ngeser ngadeukeutan ceuli kuring, tuluy ngaharewos..
Aa..sing enggal damang, Abdi hoyong enggal ditikah ku Aa.., ceuk Velin bari ceurik
Kabeh anu nyaksian euweuh anu teu ceurik, ka asup kuring anu muragkeun cimata kabagja.
– Hanca –