Ikhlas (Carita Nyambung Bagean 12)

- Penulis Berita

Rabu, 16 Maret 2022 - 21:43

facebook twitter whatsapp telegram line copy

URL berhasil dicopy

facebook icon twitter icon whatsapp icon telegram icon line icon copy

URL berhasil dicopy

Gambar : ilustrasi (rislah.com)

Gambar : ilustrasi (rislah.com)

Reka Carita Ku : M. Fadhil

 

Bismillahhirohmanirohim...Umi makekeun cincin tunangan kana ramo Velin, anu jadi tanda meungkeut janji, dua manusa anu bakal laki rabi

Cincin anu baheula, anu dipake dina ramo leungeun Rianti, anu pernah mere kabungah najan ditungtungan kukanyeri

Mamang ,bibina Velina nu jadi saksi ikhlasna Velin narima lamaran umi, pikeun jadi batur kuring meakeun sesa umur,

Sujud syukur sarerea najan kaayaan darurat jeung saayana di jero ruang ICU anu jadi saksi ngahijina dua hate anu pernah papisah

Kembang hate anu layu, seger deui kasiraman kadeudeuh jeung kahema ncintana Velin ka kuring

Teu aya gunung cadas anu ngahalangan, nu nyampak sagara katresna anu nganti kuring duaan

Dua minggu ti harita kuring geus bisa mulang kaluar ti rumah sakit

Umi malik nyaah ka Velin, kacida nganuhunkeunna kulantaran kuring bisa cageur deui, bisa gawe deui kawas poe anu geus kaliwat

 

*

Neng tos we atuh tong lami teuing, ayeuna mah urang teraskeun we kana paniatan urang sadayana, meungkeut salira salilana kupertikahan,  kumaha neng satuju? Ceuk umi nanya ka Velin dina telepon

Alhamdulillah bingah pisan umi, abdi ngadanguna, ceuk Velin syukuran

Alhamdulillah atuh neng upami kitu mah, wartoskeun we ka mamang sareng bibi, iraha waktos anu sae kanggo urang ngariung di bale nyungcung?ceuk umi nanya deui

Mangga saurna umi, nyanggakeun we kumaha saena, teulangkung umi, saur mamang sareng bibi, ceuk Velin nembalan deui

Alhamdulillah hirobillallamin, nya upami kitu mah nuhun pisan, ceuk umi nutup obrolan

 

Kantor KUA jadi pilihan keur tempat ijab kabul, kusabab kontrakan Velin mah sakitu buktina

Mamang Velin anu jadi wali nikahna Velin ka kuring

Beres ijab kabul, Velin tuluy dibawa ka imah umi keur ngariung, teu aya hajat gede, ngan saukur resepsi sederhana, ngariung sadudulur jeung tatangga anu deukeut

Tapi najan kitu teu ngurangan rasa syukur kuring jeung velin sakeluarga

 

*

Malem pertama, malem panganten anu dianti ku kabeh pasangan saha nu geus lakirabi, ahirna datang oge kana kahirupan kuring

Kacida bungahna kuring ayeuna geus resmi status na Velin jadi pamajikan.

Kuring jeung Velin geus aya duaan dina luhur ranjang panganten anu seungit ku kembang jeung rupa rupa hiasan

Kuring ngalieuk ka Velin anu aya digigireun bari imut.

Velin males imut, bari nyium kuring, tuluy ngaharewos.

Aa hapunten pisan ulah waka wengi ayeuna nya, ceuk Velin laun, baritungkul

leketey hate asaleuleus, tapi teukawasa ari kudu maksa mah

Muhun teu sawios neng, ceuk kuring bari males nyium Velin, bari hate mah rada gondok oge, tapi keun wae lah ke ge ari geus waktuna mah moal keur saha ceuk kuring, ngagerentes dina jero hate

Meureun Velin can siap , meureun Velin era sabab kaayaan masih keneh di imah umi, ceuk kuring ngarepehkeun hate sorangan

Isukna kuring pamit ka umi, rek pindah ka kontrakan anu biasa di cicingan ku kuring ,anu deukeut ka kantor tempat kuring gawe.

 

*

 

Dua poe, tilu poe, kuring can meunang oge bukti kacinta Velin keur kuring anu jadi salakina.

Sabenerna mah kuring geus teu kuat hayang geura nyorang kabagjaan rumah tangga anu saenyana.

Babaturan gawe kuring mah geus pada ngagonjak kuring dipagawean, cenah panganten anyar, anu geus nyorang sagara cinta

Kuring mah teu loba nembal, cukup ku seuri we, meh repeh na jero hate teh

Padahal mah can kaalaman nepi kadinya, kuring seuri sorangan

 

Neangan akal, supaya Velin geura ikhlas mikeun kasucianna keur kuring anu jadi salakina

Kabeneran Velin mah resep nonton film india, kuring mah boro boro resep kalakah tunduh we nu aya

Jadi boga ide rek ngagawean Velin sangkan katarik birahina

Balik gawe kuring meuli DVD film india, padahal kaset anu episode kaduana mahngahaja kukuring di tukeu rku film haneut…

 

NenG, Aa tadi meser DVD film india karesep neng, ceuk kuring ngomong ka Velin, barang balik ti pagawean

iiihh…Aa meni pengertian pisan, ceuk Velin bari ngarangkul kuring

 

Beres dahar jeung sholat Isya, terus kuring diuk duaan jeung Velin nonton DVD Film india anu tadi dibawa ku kuring,

Can beres kaset kahiji kuring api api tunduh pamit sare ti heula

Padahal mah dijero kamar kuring seuseurian sorangan geus ngagawean Velin.

Beres kaset kahiji, tuluy Velin nyetel kaset anu kadua

 

Aa…ceuk Velin haharewosan kana ceuli kuring

Kuring api api geus tibra sare, padahal mah seuseurian dina jero hate

Jeletot Velin nyiwit cangkéng kuring..

Aaawww…naon sih neng? Ceuk kuring bar iapi api peupeureuman

Naon naon weh, dasaaarr… ceuk Velin bari seuseurian ngagebugan kuring lalaunan

Naon sih ceuk kuring, bari nukangan Velin

Velin anu geus kabangkit birahina bubuka bajuna sorangan nepikeun teu nyesa..

Aa…., Velin ngaharewos

emmhhh… ceuk kuring bari anger nukangan

sakuat tanaga Velin malikeun awak kuring anu keur nukangan

breh katempo pemandangan anu salila ieu jadisawangan.

Allohumajanibnasywajanib bi syaitona ma rojaktana…

 

– Hanca –

Berita Terkait

Gelar Seni Budaya Tolak Peredaran Narkoba
Desa Sangkanhurip Katapang Menggelar Acara Milangkala ke-48
MENGENAL SOSOK REVA YULI ANJANI, PENARI JAIPONG DARI DESA TARUMAJAYA
CARPON
CARITA PONDOK
PAMALI Bagéan ka-10
SISINDIRAN
PAMALI Bagéan ka-9

Berita Terkait

Rabu, 11 Juni 2025 - 00:29

H. Dadang Naser Gelar Reses di Malakasari: Dorong Kemandirian Pangan Lewat Kolaborasi Petani dan Babinsa

Selasa, 27 Mei 2025 - 08:54

Bupati Bandung Resmikan Pasar Sehat Banjaran, Pasar Terindah dan Terbesar di Kabupaten Bandung

Kamis, 8 Mei 2025 - 12:58

Gratis! Bupati Bandung Launching Percepatan Sertifikat Hak Atas Tanah Masjid dan Madrasah

Senin, 5 Mei 2025 - 09:44

Sukses Program 4 Tahun Terakhir, Bupati Bandung Optimistis Wujudkan “Bandung Lebih Bedas” di RPJMD 2025-2029

Selasa, 29 April 2025 - 00:14

Sidak Kantor Disdik Kecewakan Bupati Bandung, Waka III DPRD Kabupaten Bandung Dr. M. Akhiri Hailuki Sampaikan Ini!

Kamis, 24 April 2025 - 09:12

Munas VI Apkasi Digelar Akhir Mei, Bupati Bandung Dadang Supriatna Jadi Calon Kuat Ketua Umum

Senin, 21 April 2025 - 09:36

Hari Jadi ke-384, Bupati Bandung Fokus Tingkatkan Kualitas SDM dan Pemerataan Infrastruktur

Rabu, 16 April 2025 - 01:49

Sambut Hari Jadi ke-384, Bupati/Wakil Bupati Bersama Forkopimda Ziarah ke Makam Para Mantan Bupati Bandung

Berita Terbaru

Camat Majalaya Hadiri Undangan Ke SMK LPPM RI

PENDIDIKAN

Begini Pesan Camat Majalaya Buat Anak SMK

Selasa, 3 Jun 2025 - 04:44