Ikhlas (Carita Nyambung Bagean 6)

- Penulis Berita

Rabu, 2 Maret 2022 - 23:00

facebook twitter whatsapp telegram line copy

URL berhasil dicopy

facebook icon twitter icon whatsapp icon telegram icon line icon copy

URL berhasil dicopy

Gambar : ilustrasi (rislah.com)

Gambar : ilustrasi (rislah.com)

Reka Carita Ku : Muhammad Fadhil

 

Ngahaja langsung we di saklekeun, menta widi ka mamang na Velin, meungpeung panggih jeung aya kasempetan…iraha deui atuh.

Da ari ngahaja ngomong ka velin mah bisi nampik deui, soalna kuring ngarasa Velin keur ngahaja ngajauhan kuring

“Emmmhh…nya mangga wae den, tapi uih na tong wengi teuing nya,” ceuk mamangna Velin

“Muhun mang paling tabuh sapuluh ge abdi tos wangsul deui ka dieu sareng Velin,” ceuk kuring atoh..

“Asyiklah … Alhamdulillah, kuring surak meunang,” dina jero hate.

Tuluy ngalieuk, bari imut ka Velin, anu katempo rada camberut kawas anu teu panuju kana jawaban mamang na, satengah kapaksa.

“Antosan atuh sakedap abdi gentos acuk heula,” ceuk Velin bari ngaleos asup ka jero kontrakan.

Teu lila Velin geus kaluar deui, make baju warna beureum, calana panjang hideung jeung tas leutik, buuk namah ngahaja disisiran, bari di jepitan sabeulah, anu beulah katuhu,,ari nu beulah kenca mah kur disisiran biasa we, murag kagigir, tapi najan sederhana oge meni asa mantes pisan katempo na komo warna beureum mah warna favorit kuring, lamun nempo awewe make baju beureum teh asa kumaha kitu…Klepek klepek pokona mah.

Taya dangdanan atawa riasan make up anu kandel, ngan saukur lipstik anu ngabeureuman biwir belin, jeung wedak ipis anu mulas pipina …Subhanalloh bener bener geulis bawaan Velin mah, asli teu dangdan ge geus geulis.

Sanggeus pamitan ka mamang jeung bibi na Velin kuring leumpang mapay gang anu sempit deui, leumpang muru mobil kuring anu di parkir teu jauh tina gang

Panto mobil ku kuring dibukaken keur Velin terus nutupkeun deui. Bari satengah huhuitan kuring, asup kana mobil.. Dius mobil kuring meulah peuting anu jadi saksi bungah na hate kuring.

“Bade kamana ieu teh pa?” ceuk velin nanya bari teu ngalieuk ka kuring, anger beungeut namah nyanghareup neuteup ka hareup

“Emmmhh…kamana nya,” ceuk kuring malik nanya.

Velin teu ngarespon naon naon, anger tiis taya ekspresi

“Gaduh ideu teu ?” tanya kuring.

Tapi Velin tetep cicing teu nembalan pananya kuring.

“Bade tuang, nonton. atanapi balanja ka mall?” manawi Velin hoyong meser acuk, sapatu atanapi tas ceuk kuring,” nanya deui.

“Tuang welah,” pok na pondok bari angeur neuteup ka hareup

“Muhun mangga atuh,” ceuk kuring bari mengkol, asup ka hiji restoran sunda

Velin kawas anu teu napsu dahar oge, sanguna kur di udak aduk we ku sendok dina piring bari jeung teu di huapkeun kawas keur ngalamun.

Kawas aya pikiran anu beurat pisan dina sawangan na.

Asa anger keneh teu di toel pepes lauk emas, anu jadi pesenan na

kuring mah geus beres nambah sapiring, da memang indit ti imah tadi can dahar

“Kunaon velin?” ceuk kuring nanya, nagarasa teu ngeunah nempo velin anu ngalamun wae..

Nu di tanya semu reuwas!

“Hen..henteu ku naon naon pa,” pok na deui

“Nyebat Aa welah asa karagok da sanes di kantor,” ceuk kuring muka obrolan

“Muhun Aa.,” ceuk velin semu gugup

Duh karak di sebut Aa ge asa ngageleser dina hate teh…asa nyelecep tiis

“Wios nya abdi nyebat nenk,” tanya kuring

“Muhun wios,” ceuk Velin bari anger tungkul kana piring

“Naha geuning teu di tuang,” kuring nanya deui ka Velin anu katempo keur bingung

“Tos wareg pa..eh….A..tembalna,” bari anger tungkul.

“Nenk..naha nenk ngahindar wae ti Aa? kuring nanya deui

Leungeun velin anu keur sibuk ngacak ngacak sangu ngadadak eureun

“Teu A..,saha ih, biasa we, raraosan Aa we etamah panginten,” tembalna bari ngarenghap beurat

“Nenk Aa hoyong kenal langkung tebih ka nenk, janten rencang caket nenk,” ceuk kuring ngawanikeun diri, rek iraha deui lah hese meunang kasempetan kieu teh, gerentes hate kuring

Emmmhh… velin teu ngajawab, cicing pageuh kawas di konci biwirna

“Nenk kersa teu nampi Aa janten kabogoh nenk,,,nya langkung ti eta, janten calon caroge nenk?” ceuk kuring langsung nembak ka Velin,,sabodo lah kumaha wae breh na rek kumaha oge, hate kuring geus pasrah daripada terus kasiksa wae ku rasa anu teu wakca balaka

Nu ditanya langsung robah, ngabeureuman beungeut na, bari ngarenghap oge leuwih tarik kawas reuwas.

“Aa teu lepat eta nyarios,?” ceuk velin bari malik neuteup kana beungeut kuring’

Teu nenk, Aa yakin kana cariosan sareng paniatan Aa, tembal kuring kalem,” geus siap narima rek naon oge jawaban ti velin

A…saha atuh abdi teh, di banding keun sareng Aa anu ngagaduhan sagala na, ceuk Velin semu beurat

justru ieu anu di pikasieun ku abdi, pokna deui bari ngembeng cimata dina juru panon na

buru buru velin nyokot tissue tina jero tasna, nyusutan cimata nu mimiti maruragan

“Aa yakin kana pilihan Aa nenk, salira anu dipikhoyong ku hate aa,” ceuk kuring nembal bari hate mah karunya, nyaan kuring mah teu tega nempo awewe muragkeun cimata na

“Aa…abdi teu pantes kanggo Aa,” abdi teu layak kanggo Aa

“Abdi teu sapertos sangkian Aa,” tembal Velin bari nginghak

“Nenk Aa ge teu sampurna seueur kakirangan na, Justru nenk anu bakal nyampurnakeun nutupan kakirangan Aa,” ceuk kuring mastikeun ka Velin

Aa teh kasep A, gaduh jabatan sae di perusahaan, gaduh mobil, masih seueur istri di luar diditu nu pasti ngudag ngudag Aa, nu kersa ka Aa,” ceuk Velin neuteup kuring bari muragkeun cimata

“Velin…Aa hoyong anjeun teu hoyong nu sanes,” ceuk kuring bari nyokot Tissue tuluy mupusan cimata nu murag maseuhan pipi Velin.

Velin kawas nu ngahaja ngantep kuring, anu keur ngelapan cimata na bangun nu hayang ngetes, ngabuktikeun kuring bener bener nyaah ka manehna

“A upami kitu, abdi nyuhunkeun waktos kanggo ngawaler na, moal waka ayeuna,” ceuk Velin laun

“Muhun mangga Nenk, Aa bakal ngantosan dugikeun nenk masihan waleran,” ceuk kuring bari imut

velin males imut kuring oge

Tapi katempo na kawas imut anu nyeri, peurih kawas aya kasedih anu teu kakedalkeun.

“Hayu A, urang uih ayeuna tos wengi hawatos bilih Mamang sareng bibi deudeupeun,” ceuk velin ngajak balik

“Muhun hayu nenk, haturnuhun kanggo wengi ieu. Hatur nuhun parantos kersa ngarencangan Aa,” ceuk kuring  teu nyadar bari ngarameus dampal leungeun Velin.

“Sami sami A,” tembal velin singket

 

Dina jero mobil, sajeroning jalan balikeun ka imah Velin, kuring duaan kur ngabetem, kawas sarua seunggah muka obrolan, katambah velin anu masih keneh sibuk jeung cimata na

Meh teu jempling teuing kuring nyetel tape mobil, muter Mp3, ngahaja milih lagu kang doel sumbang anu ngawakilan rarasaan kuring keur Velin

”Teuing timana,,teuing iraha

Asup na rasa, kana jero dada

Ujug ujug nyampak , bari nyiksa

kaedanan ku bébéakan…

 

mungkir teu bisa, hate rumasa

boga kacinta, gede kabina bina

pikir manteng ukur kadidinya

teu iraha , hanteu dimana…

 

Lamun tibeurang, pikiran kumalyang..

Aya kamelang, aya rasa hariwang,,

Aduuuuuh..Aduuuuuh..Aduuuuuh..Aduuuuuh..Aduuuuuh

peuting mun sare, sok kaimpikeun wae..

Taya lian,,ngan ukur,,didinya…

 

#  Sami sami urang pada boga rasa

sami sami ngarasa kasiksa

sami sami , sieun rek wakca balaka

nya kumaha,,,kumaha ..atuh kumaha”

 

  • – HANCA –

 

Berita Terkait

Gelar Seni Budaya Tolak Peredaran Narkoba
Desa Sangkanhurip Katapang Menggelar Acara Milangkala ke-48
MENGENAL SOSOK REVA YULI ANJANI, PENARI JAIPONG DARI DESA TARUMAJAYA
CARPON
CARITA PONDOK
PAMALI Bagéan ka-10
SISINDIRAN
PAMALI Bagéan ka-9

Berita Terkait

Jumat, 7 Februari 2025 - 04:28

Sosialisasi Tugas Pokok dan Fungsi Koordinator Naskah Kuno Kabupaten Bandung 

Kamis, 6 Februari 2025 - 13:39

Terima Audiensi Guru Honorer dan Penjaga Sekolah, Komisi D DPRD Dudi Mustopa: Kami Akan Memperjuangkannya Masuk PPPK

Kamis, 6 Februari 2025 - 00:42

Ketua DPRD Renie Rahayu Fauzi: Kami Akan Memperjuangkan Guru Honorer Masuk PPPK

Kamis, 23 Januari 2025 - 15:11

Sukseskan Program MBG, Dinas Pendidikan Gelar Evaluasi dan Penilaian Sertifikasi UKS

Kamis, 23 Januari 2025 - 14:56

Kang Asray: “Berharap 2025, Tidak Ada Lagi Ijazah Tertahan di Sekolah, Sanjung Program Bupati Bandung Inovatif”

Kamis, 23 Januari 2025 - 10:37

Asep Juarsa: Pembagian Ijazah Kepada Para Siswa Bentuk Kepedulian Nyata Bupati Bandung

Sabtu, 11 Januari 2025 - 14:40

Anugerah Literasi Leksam Bedas Tingkat SMP/MTs Digelar di Kabupaten Bandung

Jumat, 27 Desember 2024 - 07:11

Pastikan Pelayanan Pendidikan Lebih Bedas, Bupati Bandung Lantik Kadisdik Definitif

Berita Terbaru