Reka Carita Ku : M Fadhil
Veliiiin….antosan, Veliiinn…,kuring ngudag Velin anu lumpat kajero gang kontrakan nana
tapi Velin teu malire, malah leuwih tarik lumpatna bari ceurik, tuluy asup kaimahna, bari terus asup ka kamarna, ngonci panto kamarna, ngerem sorangan di jero
Mamang jeung Bibi Velin nu keuraya di lalauar ngajagaan warungna, kurmarolohok teungart ikunaon Velin bet ceurik
kuring nu karak nepi kahareupeun imah velin jadi kalut jeung serba salah ngajelaskeun ka mamang jeung bibina Velin
Ayan aonieu teh den? ceuk mamang velin
Aduh hapunten mang,Numawi velin lepat sangkian ka pun umi mang, ceukkuringbingung
Oh..kitu, nyawioslah mudah mudahan we velin kin sadar, ceuk mamang Velin kakuring
Muhun Aamiin. Mang abdi hoyong mendakan Velin mang ceuk kuring ngahelas
Duh kumahanya,geuning Velinna ge sapertos nuju emosi keneh, pasihan waktos heula we ka Velin, kin ge bageur deui lah, ..ceuk mamang Velin satengah nyaram kuring
Muhun mang abdi ngartos, punten pang wartoskeun ieu mung saukur salah paham, ceukkuring
Muhun kin ku abdi di wartoskeun den,,tembal mamang Velin
Hatur nuhun mang, punten abdi permios heula, Assalamualaikum..,kuring pamit
Waalaikumsallam, waler mamang Velin
Sedih, leuleus, bingung, campur aduk dina hate kuring sajeroning perjalanan balik kakontrakan
Ancur, rajét, peurih rarasaan haté téh, nginget kajadian nu kakarak
bolékér deui hate nu pernah tatu baheula ku Rianti
Ya Alloh..kunaon anjeun nyandak deui kabungah nu nembe karasakeun deui kuabdi? Ya Alloh mugi sing dileuleuskeun manah umi sareng Velin, supaya tiasa nampi kana sadayana kalepatan nu aya
**
Tisaprak diputuskeun ku Velin Pagawean kuring kur huleng jentul, Asa teu boga gairah jeung tujuan hirup
kembang hate anu kakarak mleték ligar, geus kaburu murag katiup angin anu ngagelebug,
Fadhil..lain umi pipilih tapi cik pikir atuh ku hidep, pan hidep teh ku umi di sakolakeun sina pinter, cik pikir ku logika hidep, mana aya jelema anu teu puguh indung bapana, lemburna ge teu apal .., Aneh pan ? ceuk umi ngomong dina telepon
Umi hapunten, da ieumah kahoyong sareng pilihan abdi, ceuk kuring ngabela Velin
Fadhil..saha nu teu apal ka umi di dieu, Hajjah Uun, baheula di lembur ieu nu pang heulana jarah ka makkah, nincak tanah suc iteh umi jeung almarhum bapa hidep, rek pisakumahaeun batur ngomongkeun umi lamun nyarahoeun boga minantu anu teu puguh alang ujurna? ceuk umi mimiti ambek
Umi,,sadayana nu gaduh dosa kagungan masa depan, kitu oge sareng jalmia nu sae tinangtos gaduh masa lalu,,kuring keukeuh ngabela Velin
Fadhil,nepi ka iraha oge umi moal ngidinan hidep kawin ka Velin, ceuk umi tegas
umi, abdi neda pangartosanna ti umi, sakal iieu weh umi,,kuring ngahelas ceurik sedih
yeuh nu ngarana rumah tangga teh lain ulinan, lain saharitaeun, sakali saumur hirup, umi teu bisa mikeun anak umi hiji hijina kabatur anu teujujur,,!! umi beuki naek omonganna
Umi pasihan waktos kanggo Velin kanggo ngajelaskeun sadayana, ceuk kuring deui
Wayah najang,,geus nikah we ka shinta, eta mahg eus puguh bibit, bébét, bobotna, pasantrenan, bapana ustadz indungna guru ngaji, geusp sti hirup anjeun bakal barokah, ceuk umi keukeuh
Hapunten pisan umi, sanes abdi kumawantun nampik atanapin galawan ka umi,,abdi mung hoyong Velin sanes anu sanes, ,,ceuk kuring tetep kana kayakinan haté
Fadhil,,sagala anu diawalan ku teu jujur maka ke diakhirna bakal moal alus, ceuk umi ngingetan
Abdi yakin velin gaduh alesan kuat umi, ceuk kuring keukeuh
lamun hidep masih nganggap umi indung, nurut kana omongan umi,,ceuk umi nutup telepon bari ceurik
Hapunten abdi umi,,jerit kuring dina jero hate
geus mah diputuskeun ku Velin katambah ayeuna umi teu ngidinan, malah rek ngajodokeun kabatur, puguh we kuring beuki kapeupeuh
asakaturug ka tutuh, euweuh deui harepan, taya pamuntangan..kuring nyuksruk dina pangsujudan..
*
Suka bungah kurj adi lamunan, harepan ngawangun rumah tangga jeung Velin geus teu aya nyesa
Masa depan duaan,tinggal impian
kuring ngaheruk , ngalamunan nasib diri, nyalahkeun waktu anu teu melaan kuring
ya Alloh..saupamina Velin jodo abdi, mugi sing enggal dicaketkeun
saupamina Velin sanes jodo abdi,, abdi pasrah kana pilihan Anjeun ya Robb…
*
Hirup lumbang limbung teu puguh, sare teu tibra, dahar asa teu mirasa, da puguh kuring keur gering haté jeung pikiran
Antukna kuring gering, nepikeun di rawat di rumah sakit
kuring geus pasrah kana kaayaan geus teu boga deui harepan
Nempo kuring anul emah, umi kacida kapeupeuh haténa
Ujang anak umi ..mugi sing enggal damang ulah kateterasan, sing karunya ka umi sorangan…ceuk umi ceurik balilihan
Kuring kur bisa neuteup lalangit kamar rumah sakit, anu polos, kawas hate kuringa nu kosong ..sepi..
Hampura umi jang,,Umi moal maksa lamun hidep teu panuju kana pilihan umi,, sing geura cageur jang,,,umi ngumbar cimata
kuring ngarames leungeun umi , bari euweuh deui tanaga nu nyesa, sabab geus sababaraha poe kuring geus teu asup dahar, kur sa aya aya kadaharan cair tina infusan.
– Hanca –