Ikhlas ( Carnyam Bagean 13)

- Penulis Berita

Minggu, 20 Maret 2022 - 09:40

facebook twitter whatsapp telegram line copy

URL berhasil dicopy

facebook icon twitter icon whatsapp icon telegram icon line icon copy

URL berhasil dicopy

Gambar : ilustrasi (rislah.com)

Gambar : ilustrasi (rislah.com)

Reka Carita Ku : M Fadhil

 

Rumah tangga, suka bungah, teu aya masalah sagala di bereskeun ku jalan musyawarah,

Velin anu pinter meuli hate umi anu jadi mitohana, malah umi kawasna mah leuwih nyaah ka Velin batan ka kuring

Alhamdulillah kuring ngarasa bungah pisan kurobahna umi ka Velin, pajar teh ceuk umi asa ka ubaran tibaheula hayang boga anak awewe

Sabab kuring kur hiji hijina anu jadi anak umi, kulantaran abi kabur umulang deui ka ilahiRobbi

Anggeus rumah tangga ngahaja kuring nyaram Velin gawe diluar, kuring hayang Velin cicing diimah ngurus rumah tangga ngabakt ikanu jadi salaki

Keun waelah ari soal rejeki mah da pasti nambahan ulah sieun ari geus rumah tangga mah, pasti katambahan ku rejekit ipamajikan

Tapi Velin mah teu cicingeun, teu sauku rnamprak tipangala kuring anu jadi salaki

Velin mah lincah usaha sorangan di imah, nyieunan kueh, ngiriditkeun pakean, asesoris ka tatangga jeung ibu ibu pangajian jeung arisan

Atuh puguh we karak tilu taun rumah tangga oge kuring geus bisa mandiri boga imah sorangan di komplek perumahan anu lumayan gede di tengah kota

Kuring oge jadi leuwih sumanget gawe, neangan leuwih tina lembur, beuki dipika nyaah kunu jadi dunungan, ahirna kerja keras kuring meunang hasil, kuring diangkat jadi menejer di perusahaan tempat kuring gawe

Taun kaopat geus kabeuli deui mobil keur Velin meunang nabung usaha duaan,,alhamdulillah

Ngan hanjakal aya kurangna nepi kadalapan taun rumah tangga jeung Velin kuring can dipercaya ku Alloh ngabogaan katurunan

Sagala cara jeung usaha geus dicoba, timimiti program kehamilan nepika cara jeung panuduh batur ge geus dilaksanakeun, tapi anger anak anu jadi pamageuh rumah tangga can kapi boga

Berobat ka dokter spesialis hayang boga anak ge enggeus saran nageus diturutan, dipariksa ge duanana tayakalainan

Kuring jeung Velin sarua subur taya anu kurang

Velin ngarasa sedih jeung leutik hate sabab can bisa jadi pamajikan anu sampurna keur kuring sabab can bisa ngalahirkeun katurunan

sababaraha kali Velin nitah dina kaayaan sadar jeung saba…nitah kuring kawin deui jeung awewe sejen ngarah tereh boga anak

Dina pikirana ngarasa sedih lantaran karunya ka kuring jeung umi

Umi nepi kakiwari can bisa ngais keneh incu anu jadi impianna

Umi…hapunten abdi dugika danget ieu teu acan tiasa masihan kabagjaan kuhadirna incu kanggo umi. , ceuk Velin dina hiji waktu basa nganjang ka imah umi

Ih naha ari neng, maké nyarios kitu, kapan eta mah kumaha anu Diluhur anu ngatur, ceuk umi

Umi abdi kacida sedihna umi, ngemutan ieu dugi keun abdi ngaraos teu tenang émutan, ceuk Velin ceurik

Neng ,gaduh minantu neng ge, geus leuwih ticukup keur umi mah, asa boga anak awewe sorangan kudatangna neng, dina kahirupan umi mah, ceuk umi ngusapan buuk Velin

Umi punten pangnyaurkeun ka si Aa, piwarang nikah deui kanu sanes , supados tiasa enggal gaduh murangkalih…abdi ikhlas dipidua umi, ceuk Velin nginghak

Subhanalloh, meni bersih gaduh haté teh néng, tapi umi mah teu bisa maksa ka nu jadi anak, da néng gé terang nyalira sakumaha cintana Fadhil ka anjeun, ceuk umi ngingetan

Muhunumi, tapiabdigehoyongmasihankaturunankaumi, komodinamasasepuhumisapertoskieu, kalintangbagjanasaupamiAllohngawidian,,ceukVelinngahelas

Insya Alloh néng mugi du’a urang sadayana di ijabah kunu kawasa, ceuk umi

Aamiinnyaroballallamin

Kitu oge kakuring, Velin keukeuh nitah kuring neangan pamajikan deui anu anyar, moal rek nyeri hate cenah kitu, malahan mah lamun daek mah rek dipangneangankeun calonna oge ku Velin

Jeung lamun ke geus lahiran ge bakal di urus ku Velin kalayan ikhlas

Aa… mangga geura milari deui garwa anu enggal, sing hawatos ka umi, ceuk Velin basa kuring keur duaan di imah

Nepi k airaha ge Aa mah moal hayang neng, geus alhamdulillah Aa mah gaduh istri nenga nu sholeha oge, ceuk kuring panceg

Aa abdi ikhla sabdi moal nyeri hate, komo hoyong pisah ti Aa mah, sok mangga geura milarian deui A..ceuk Velin keukeuh

Neng geulis istri Aa…dangukeunnya, Aa geus ngarasa cukup mibanda salira,, moal hayang boga katurunan lamun lain tisalira, Aa oge ikhlas lamun nepika jaga teu boga katurunan, ceuk kuring ngayakinkeun Velin

Alhamdulillah hirobillallamin, hatur nuhun kana satiana cinta Aa ka abdi Aa, ceuk Velin ngarangkul kuring

Muhun sami sami neng, angguran mah ayeuna hayu urang usaha deui nyieun katurunan, ceuk kuring bari ngaharewos kana ceuli Velin

Velin seuri leutik, tuluy ngudar sarung anu keur dipake kukuring.

Hareudang….

 

-Hanca-

Berita Terkait

Gelar Seni Budaya Tolak Peredaran Narkoba
Desa Sangkanhurip Katapang Menggelar Acara Milangkala ke-48
MENGENAL SOSOK REVA YULI ANJANI, PENARI JAIPONG DARI DESA TARUMAJAYA
CARPON
CARITA PONDOK
PAMALI Bagéan ka-10
SISINDIRAN
PAMALI Bagéan ka-9

Berita Terkait

Kamis, 8 Mei 2025 - 12:58

Gratis! Bupati Bandung Launching Percepatan Sertifikat Hak Atas Tanah Masjid dan Madrasah

Senin, 5 Mei 2025 - 09:44

Sukses Program 4 Tahun Terakhir, Bupati Bandung Optimistis Wujudkan “Bandung Lebih Bedas” di RPJMD 2025-2029

Selasa, 29 April 2025 - 00:14

Sidak Kantor Disdik Kecewakan Bupati Bandung, Waka III DPRD Kabupaten Bandung Dr. M. Akhiri Hailuki Sampaikan Ini!

Senin, 21 April 2025 - 09:36

Hari Jadi ke-384, Bupati Bandung Fokus Tingkatkan Kualitas SDM dan Pemerataan Infrastruktur

Rabu, 16 April 2025 - 01:49

Sambut Hari Jadi ke-384, Bupati/Wakil Bupati Bersama Forkopimda Ziarah ke Makam Para Mantan Bupati Bandung

Senin, 14 April 2025 - 06:49

Resmikan Koramil Baleendah, Bupati Bandung Siap Tambah Lagi di Tiga Kecamatan

Jumat, 11 April 2025 - 22:59

Antrean Samsat Membludak, Bupati Bandung Akan Tambah Tiga Lokasi Pembayaran Pajak di Soreang

Selasa, 8 April 2025 - 04:43

Bersama Forkopimda, Bupati Kang DS Bertekad Terus Tingkatkan Inovasi Pertanian

Berita Terbaru