Ikhlas (Caryam Bagean 7)

- Penulis Berita

Jumat, 4 Maret 2022 - 23:15

facebook twitter whatsapp telegram line copy

URL berhasil dicopy

facebook icon twitter icon whatsapp icon telegram icon line icon copy

URL berhasil dicopy

Gambar : ilustrasi (rislah.com)

Gambar : ilustrasi (rislah.com)

Reka Carita Ku : Muhammad Fadhil

 

Kawas poé poé anu geus kaliwat, kuring nungguan Velin isuk isuk di kantor, sok maok teuteup melong velin anu keur bebersih di kantor kuring

Tapi poé ayeuna mah Velin taya katémbong datang keur ngabersihan kantor kuring, sakitu waktu geus beurang ogé

teu lila aya nu keketrok kana panto kantor kuring, sanggeus di titah asup geuning lain Velin tapi OG anu séjéna,,

kuring nanya dina jero haté kamana atuh Velin téh , gering kitu ?ceuk kuring nanya dina jero haté

Dua poé , tilu poé , Velin can katempo kénéh asup gawé,, kuring jadi serba salah, teu puguh rarasaan téh ari rék nanya ngahaja nga WA bisi pajarkeun teu sabar nungguan jawaban, ké bisi Velin ngambek deuih lah..

Ari nu biasa ngabersihan kantor ieu kamana geuning tara katinggal ceuk kuring nanya ka OG anu keur ngabersihan kantor kuring

oh Velin mah tos resign pa…pok na pondok

Hah…?? gebeg kuring reuwas

tuluy muka hapé rék nga WA velin , rék nanyakeun kunaon bet mengundurkan diri ti pagawéan

pas muka WA,,geuning Dp Velin dina WA geus euweuh fotoan, panasaran di WA kur ceklis hiji

Astagfirulloh WA kuring di blokir..!!

teu béak akal tuluy nelepon tapi sarua lebeng jeung Sms ge di blokir..

Ya Alloh…velin..

Kuring nyalahkeun diri sorangan, pasti Velin kaluar gawé lantaran gara gara kuring némbak Velin, geus goréng wé, sangkaan haté téh

pasti Velin nampik kuring, tapi teu wani ngomong, kulantaran éra panggih jeung kuring, matakna Velin eureun gawé gé kitu sangkaan haté kuring teh

Aduh Mangkaning sakitu butuhna velin gawé téh, da lain ngahinakeun nempo kaayaan kontrakan nagé sakitu buktina, bari jeung bareng ngahiji jeung mamang ogé bibi na

Ya Alloh, padahal mah kuring ge pasti narima atuh lamun velin ngomong bener bener mah, da piraku atuh, kuring gé moal maksa kanu embung

sanajan pasti haté kuring bakal nyeri deui gé

Velin kunaon atuh anjeun téh bet kitu..? kuring gogodeg teu ngarti

meni euweuh kadéwasaan pisan ih, ceuk kuring malik teu suka ku cara na velin..

Isukna méméh ngantor ngahaja kuring nungguan Velin deukeut gang ka imahna

Diuk dina jero mobil ngarepkeun velin aya kaluar ti gang éta, da ari ngahaja datang ka imah namah bisi embung manggihan kuring

bener we teu lila Velin aya kaluar tina gang ka imahna, make baju hitam putih bari mamawa amplop lamaran gawé..

pasti rék ngalamar gawé di tempat séjén ceuk kuring nebak dina jero haté

tuluy velin megat angkot nu mawana ninggalkeun kontrakan na

kuring ge buru buru nyetarter mobil, ngabuntutan angkot anu di tumpakan ku Velin

Ngahaja nuturkeun ge teu deukeut teuing bisi kanyahoan ku Velin

Teu lila angkot anu di tuturkeun eureun di hareupeun hiji mall anu lumayan gede di tengah kota

tuluy velin turun tina angkot, leumpang di trotoar anu deukeut ka gerbang mall

Veliiinn…. kuring anu geus turun tina mobil, ngudag bari ngageroan velin

Velin ngalieuk ka tukang, nempo kuring..

Reuwaseun kawas anu sieun, lain eureun malah leumpangna leuwih gancang, satengah lumpat

puguh we kuring embung tinggaleun, beuki tarik ngudag miheulaan velin

Kur sakolepat kuring geus ngajega di hareupeun velin, da beda atuh lengkah awewe jeung lalaki mah, jaba velin make sapatu anu hak na rada luhur

Velin…punten..nyuhunkeun waktosna sakedap weh..ceuk kuring melas

nu ditanya teu ngajawab ngan ukur tungkul nempokeun tungtung sapatu

Nenk ..punten pisan , ngahaja Aa nyusulan, hoyong tepang hoyong naros kunaon bet lirén to padamelan ? ceuk kuring nanya ka Velin

nu ditanya anger teu nembalan, malah ngadon nginghak ceurik

Atuh puguh we kuring jadi serba salah, sieun sangkaan batur Velin dinanaonkeun ku kuring

nyarios na tong didieu A..ceuk velin laun

Muhun hayu atuh ceuk kuring, tuluy ngajak asup Velin kana mobil, ninggalkeun tempat éta

Reg eureun di taman kota anu jadi pilihan kahayang Velin, tuluy kuring diuk pagigir gigir jeung Velin dina korsi di jero taman kota

Aa.. hapunten abdi,,ceuk Velin muka omongan

hapunten kanggo naon nenk, da nenk mah teu gaduh kalepatan ka Aa..témbal kuring héran

Muhun abdi tos nga blokir nomer Aa, ceuk velin bari ramisak

Muhun teu sawios, ari nénk tos teu hoyong kenal ka Aa mah, ceuk kuring leuleus

sanés kitu A..tapi,,velin teu kedal ngomong

Tapi naon nénk,,? ceuk kuring panasaran

Abdi Sieun aa lepat milih abdi,,ceuk Velin laun

Teu nenk,, Aa moal lepat milih nénk janten calon istri Aa ,,ceuk kuring ngayakinkeun

Nenk sieun Aa hanjakal milih abdi, ceuk Velin deui

Moal atuh nenk, A yakin kana pilihan Aa, ceuk kuring tenang

Abdi sieun Aa kaduhung jagana,, ceuk Velin deui

Aa yakin kana pilihan Aa nénk, moal rék jalir komo kaduhung mah

..ceuk kuring ka Velin

Aa kersa nampi kana sadaya kakirangan abdi ? ceuk velin nanya deui

Aa ge sanes mahluk sampurna nénk,, Aa hoyong nénk anu bakal nyampurnakeun kahirupan Aa engkéna, ceuk kuring pasti

Hatur nuhun atuh upami kitu mah Aa, saleresnamah abdi oge ngagaduhan rasa anu sami sareng Aa, namung abdi teu wantun, ku kaayaan,,ceuk Velin ramisak deui

Mung salira anu janten pilihan haté, mung anjeun anu di piharep kanggo nyeepkeun sesa umur Aa nenk, ceuk kuring laun

Haturnuhun Aa.. ceuk velin neuteup kuring..

Sami nuhun nénk parantos kersa nampi Aa,,ceuk kuring bari imut bungah

Tapi aya hiji saratna A, upami Aa leres leres hoyong ka abdi,,ceuk Velin

Muhun mangga nénk ,naon syaratna ? ceuk kuring panasaran

Aa tong naroskeun saha abdi, sareng keluarga abdi , sanggem teu ? ceuk Velin malik nanya

Rada bingung jeung heran oge   kana sarat anu di omongkeun ku Velin,,, rada Aneh,,gerentes haté kuring

Tapi baelah kumaha engké wé nu penting ayeuna Velin geus daék narima kuring..

Muhun mangga Aa sanggem nenk , ceuk kuring neuteup Velin

Janji nya A.. ceuk Velin kawas anu masih cangcaya

Aa janji sayang…ceuk kuring bari seuri leutik

Ah..Aa..velin males imut

imut anu pangmanis na anu pernah di tempo ku kuring..

Alhamdulillah hirobill allamin…ceuk kuring ngarngkul Velin…

 

–Hanca–

Berita Terkait

Gelar Seni Budaya Tolak Peredaran Narkoba
Desa Sangkanhurip Katapang Menggelar Acara Milangkala ke-48
MENGENAL SOSOK REVA YULI ANJANI, PENARI JAIPONG DARI DESA TARUMAJAYA
CARPON
CARITA PONDOK
PAMALI Bagéan ka-10
SISINDIRAN
PAMALI Bagéan ka-9

Berita Terkait

Senin, 13 Januari 2025 - 07:34

Aspirasi Masyarakat, Mako Polsek Arjasari Mulai Dibangun

Jumat, 10 Januari 2025 - 00:16

Pemdes Se-Kecamatan Rancabali Teken MoU dengan PCNU Terkait Asistensi Pengurusan Program TORA dan KHDPK

Kamis, 9 Januari 2025 - 12:59

*Pedagang Selesai Direlokasi, Pasar Ciparay Segera Groundbreaking*

Rabu, 8 Januari 2025 - 12:10

Belum Ada Blangko KTP dari Pusat, Aktivasi Identitas Kependudukan Digital Solusi Pengganti KTP

Sabtu, 4 Januari 2025 - 01:23

Legislator Dadang Hermayana Dorong Program Stunting Menurun

Minggu, 29 Desember 2024 - 08:28

Ketua DPRD Renie Rahayu Peluk Erat Anak-Anak Thalasemia di Majalaya 

Kamis, 26 Desember 2024 - 08:32

PMI Kabupaten Bandung Rayakan Hari Relawan ke-20 Tahun 2024

Rabu, 25 Desember 2024 - 03:45

Libur Nataru: Siapkan Posko Siaga Darurat Bencana, BPBD Sampaikan Imbauan Kepada Masyarakat

Berita Terbaru