Indung Bandung, mangrupakeun simbol pikeun ngaludang rasa kareueus ka lemah cai, sabab Bandung mangrupakeun Indungna Dayeuh Bandung, anu miboga ajén karahayuan masyarakat mangsa harita.
Saacan gumelarna Kota Bandung, Kota Cimahi ogé Kabupatén Bandung Barat.
Yaktos Kabupatén Bandung téh mangrupakeun Indungna Bandung, numutkeun panalungtikan sajarah tikawit ngadegna Bandung Taun 1641, anu aya di wewengkon Krapyak anu ayeuna basajan disebut Dayeuhkolot.
Nalika urang ngaguar harti Indung Bandung, tangtu aya dua hal. Nyaéta indung anu ngandung reujeung indung anu henteu ngandung.
Indung anu ngandung nyaéta jinisna indung kandung urang anu jadi wasilah gumelarna satiap manusa ka alam marcapada. Atuh indung anu henteu ngandung nyaéta basajan disebut ibu pertiwi.
Tangtu dua harti indung anu aya, payus pisan janten kareueus pikeun sakur manusa anu gumelar di alam marcapada.
Indung Bandung kaasup harti indung anu henteu ngandung, tapi jadi sumber kahirupan urang salaréa. Tantos payus pisan urang pami kedah reueus ka indung bandung. Anu bakal ngaludang kanyaah ka lemah cai, sangkan teu digunasika kabeungharan sumberdaya alamna ogé sumberdaya sagalana.
Dihin pinasti anyar pinanggih
Kabéh kajadian salila ieu pangersaning Gusti nu Maha Suci nu salawasna ngajaga rumingkangna makhluk dina ugeran mantena.
Nimu luang tina burang
Kajadian NU kasorang kuurang kabéh tangtu miboga ajen reujeung hikmah kahadéan, kantun kumaha urang ngigelan prak prakanana.
Musuh anu kalintang rosa di dunya ieu nyaéta rasa sieun reujeung rasa melang/hariwang. Sedeungkeun sobat anu kalintang satia nyaéta tékad reujeung kayakinan urang.
Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, ulah lali tina purwadaksina
Indung Bandung, mangrupakeun simbol pikeun ngaludang rasa Kareueus ka lemah cai, sabab Bandung mangrupakeun indungna dayeuh Bandung anu miboga ajén karahayuan mangsa harita.
Indung Bandung hamo eureun ngaléngkah pikeun ngaronjatkeun darajat rahayatna dina sagala widang.
Tangtu Kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun paantay-antay panangan, Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak / salébak. Sabilulungan keur terus merjoangkeun visi budaya Jeung ékonomi sangkan tinanggih karahayuan rahayat Bandung langkung nanjung.
Peun waé ah papait katukang, kasedih anu Kamari, tunggara anu mangkukna. Rék dipendem ambéh balem, disimpen cing rikip, ditunda diécagkeun, moal ditéang, geus wayahna nyampeur kabagja, geus wayahna ningali ka hareup, ajeg nantungan hirup, ngabagéakeun anjeun anu Aya, anjeun anu nyanghareup, anjeun anu sajeroning rasa.
Panon poé geus moncorong, indung beurang geus nyaangan, géarkeun hate anu aleum, héabkeun rasa anu tiis, Bray hibar cahayana ka sakuliah alam dunya, mawa Bagja keur urang Saréréa.
Dina sawatara isuk, Dina sawatara haneut moyan, Dina sawatara poé anu keur dilakonan, Dina sawatara harepan, Dina sawatara impian, mugia Aya Dina cageur Jeung bageurna, panceg Jeung ajegna, hirup Jeung huripna, Waluya balaréa, prung tandang makalangan marengan jalan pasampangan.
Pok pék prak,…
Indung Bandung, Mulang ka Indung Nya’ah ka Bandung
Cag, Rahayu,.. Rahayu,..
Ku : Kang Maman Respati