Pantun Sunda

- Penulis Berita

Rabu, 16 Maret 2022 - 00:12

facebook twitter whatsapp telegram line copy

URL berhasil dicopy

facebook icon twitter icon whatsapp icon telegram icon line icon copy

URL berhasil dicopy

Ilustrasi

Ilustrasi

Ku : Kang Maman Soljer

Nu burut pama nguliat
Semu hérang tinggarurat
Dicabut ku malaikat
Tangtu urang téh sakarat

Rada sereg ngambay parat
Cirina bakat ku beurat
Nyawa ngangsreg mapay urat
Nyerina kaliwat-liwat

Budak nempo nu ngabudah
Pajarkeun basa keur ojah
Béak témpo kudu pindah
Nyampeurkeun ka alam barjah

Ngabatu saban ngajulur
Mudugdug saban rék nyembur
Geus waktu ninggalkeun lembur
Ngajugjug ka alam kubur

Katingali kos tikukur
Mun ditéwak sok ngabanjur
Meunang ngali geus diukur
Mahi keur awak sakujur

Mun ocon henteu kawawa
Mun dicoba ngabedega
Rék naon anu dibawa
Duit loba sawah lega

Hayang ngancul-ngancul heula
Nyobaan kudu nyangsaya
Meunang ngumpul-ngumpul téa
Bélaan nafsu paséa

Hérang ngabentuk melendung
Mun dipoé beuki kembung
Meunang tisruksruk tidungdung
Nu sok dipaké anigung

Pama cengkat osok nangtung
Tangtu cengkatna rék nyambung
Kana solat mabok linglung
Waktu jakatna gé embung

Samalah sok mébér laér
Ni siga pamulu jawér
Ibadah katolér-tolér
Nepi ka nyanghulu ngalér

Tadi mah dicoér-coér
Diilik ni beuki laér
Ditengah imah ngagolér
Nu ceurik teu daék palér

Nu mologong ni buluan
Disarung teu katutupan
Ngajolopong diruruban
Diriung ditarungguan

Sakadar hayang nyasaran
Karasa euyak meueusan
Lagadar datang pasaran
Henteu bisa nolak pisan

Mun dianggé jadi linggis
Peungkeur ngagempur ni teuas
Nyaan gé bati lumengis
Geumpeur pacampur jeung waas

Kadang mah diulas-ulas
Témpo bitu kalah bablas
Sétan mah seuri mupuas
Nempo kitu mah baluas

Basa semu ngacung-ngacung
Hadéan beuki melentung
Harta anu ngagugunung
Pakéan duit satangtung

Dilelebah ka kuluwung
Ni kalah jadi padungdung
Ngan maké boéh asiwung
Ditambah kai jeung padung

Rada geunyal mun geus asup
Dijajal éstu nyulusup
Lawang amal geus ditutup
Hanjakal keur waktu hirup

Geuningan menjul lancingan
Ngareunah mun dirabaan
Paingan rosul ngélingan
Dunya mah pangumbaraan

Ditendet rada lilaan
Emoy jadi ngabadagan
Naha bet kamalinaan
Tonggoy henteu nyubadanan

Nu nangkring beueus ka sirah
Keur melentung mun kajamah
Duh geuning enggeus nyangkorah
Rup ku padung rap ku lemah

Érék nyedek ka nu ngeunah
Diulas kulimis basah
Poék rupek jeung tugenah
Ngarumas nunggelis susah

Karasa mun kakucuran
Kana lancing ngajegangan
Rék saha anu maturan
Geusan cicing babarengan

Rada telat nu di luhur
Nangkring calik kalah nyembur
Mana sobat mana dulur
Geuning baralik ka lembur

Nu kakucuran ni kabur
Ka pawon terus ka sumur
Henteu maturan di kubur
Sumawon nambahan umur

Badé nyoba rada nangkring
Sina ngait lawang pingping
Ogé harta banda kuring
Nu dipuhit beurang peuting

Sigana komo mun kuring
Ayeuna rada melengking
Cik mana boro téh teuing
Cik mana anu ngadéking

Kuring ayeuna mah miring
Nu geunyal geuwat dicangking
Geuning geus kieu mah kuring
Hanjakal kaliwat saking

Nu nolol sigana geunyal
Sigana kudu dioral
Teu getol sadia amal
Di dunya nafsu diobral

Nu geunyal tadi dicekel
Gurinjal samutut kembung
Ngan amal nu jadi bekel
Hanjakal nurut ka embung

Harita anu melentung
Teu nyana ni matak giung
Ngan harta nu digugulung
Ayeuna geuning kaduhung

Nyarandé nyandar katindih
Ni buncelik rada lirih
Naon gé panyinglar sedih
Ati ceurik nyata peurih

Nyaan ni kacida matih
Katambah ngabanting nurih
Nahan ku cimata getih
Harta mah geuning teu nolih

Na liang aya nu ngudat
Nu beulah ni siga babat
Teu kurang nu nganaséhat
Engges ulah rék sasambat

Rasana peureus sabuat
Diteken gugurinjalan
Teu guna enggeus kaliwat
Tong hantem hahanjakalan

Waktu longkrang diselingan
Padungdung kokorondangan
Pan teu kurang nu ngélingan
Pék tanggung jawab sorangan

Ngaraba teras ngoconan
Dirampa rada ngageungan
Geura jawab panakonan
Mun bisa bagja nyarengan.

Kidungna kawih pamikat
Ni urup sampulur hébat
Dudunya sing leuwih giat
Lir hirup saumur jagat

Ni éndah rajah panguat
Kawawa milu kagugat
Ibadah ulah rék pegat
Lir nyawa isuk paragat

Berita Terkait

Gelar Seni Budaya Tolak Peredaran Narkoba
Desa Sangkanhurip Katapang Menggelar Acara Milangkala ke-48
MENGENAL SOSOK REVA YULI ANJANI, PENARI JAIPONG DARI DESA TARUMAJAYA
CARPON
CARITA PONDOK
PAMALI Bagéan ka-10
SISINDIRAN
PAMALI Bagéan ka-9

Berita Terkait

Rabu, 23 April 2025 - 03:44

Desa Indragiri Gelar Peningkatan Kapasitas Kader Posyandu RW dan Bunda Literasi RW

Senin, 21 April 2025 - 09:32

HUT Kab Bandung ke-384, Kecamatan Rancabali Jadikan Bandung Bedas Nyaah Ka Indung Program Unggulan

Selasa, 25 Maret 2025 - 21:05

H.Asep Syamsudin S,Ag Sosialisasikan Peraturan Daerah sekaligus Memberikan Santunan Kepada Puluhan Anak Yatim Piatu dan Lansia

Rabu, 12 Maret 2025 - 21:30

Bupati Bandung Dadang Supriatna Jabat Ketua Umum Asosiasi Aliansi Kabupaten Kota Peduli Sanitasi

Rabu, 12 Maret 2025 - 13:32

Ini Penjelasan Kadis PMD Tata Irawan Soal Wacana Pemekaran Desa di Kabupaten Bandung

Rabu, 12 Maret 2025 - 13:27

DPMD: Hasil Kajian 14 Kecamatan, 127 Desa, dan 8 Kelurahan di Kabupaten Bandung Layak Dimekarkan 

Senin, 10 Maret 2025 - 13:26

Di Cicalengka, Kadis PMD Tata Irawan Sampaikan Paparan Arah Kebijakan Penataan Desa

Senin, 10 Maret 2025 - 10:50

DPMD Tata Irawan: Sosialisasi Arah Kebijakan Penataan Desa Dengan Sasaran Pemekaran Desa

Berita Terbaru