Ku : Rahmat Yogiana, SH
Tong kagembang buah loa
Campedak rasana nikmat
Tong hayang nyoba narkoba
Ruksak dunya jeung akherat
Ka Caringin meuli sendal
Kangkung mah tong di-ajiran
mun rajin melakeun tangkal
Kampung moal kabanjiran
Rek naheun dina muara
Ka kota seja rek nyaba
Talingakeun dana desa
Loba pisan direkayasa
Ti Cipadung ka galunggung
Paria di Baleendah
Cikapundung nu urang bandung
Pada miara sangkan endah
Cikapundung-Cikapundung
ka cicadas meuli comro
Ka bandung, urang ka Bandung
rek mungkas hirup ngajomblo
Sapiring meunang sapasi
Apem teh kuahna bocor
Kuring ditilang pulisi
di helm teu kana motor.