Sajak Sunda

- Penulis Berita

Selasa, 29 Maret 2022 - 00:01

facebook twitter whatsapp telegram line copy

URL berhasil dicopy

facebook icon twitter icon whatsapp icon telegram icon line icon copy

URL berhasil dicopy

Ku : Nyai Ating

 

EUNTEUP SAKICEUP

Lebah hihideung panon
Aya kolaseu panineungan
Mangsa kaeunteupan tresna
Dina waktu anu ngan sakiceup

Sajongjongan, ngulampreng kana tiap kolaseu
Urang kungsi nyacapkeun kangen
Nyungsi wanci, kanjat tina pangsarean séwang-séwangan
Muru pangreureuhan, saharitaeun

Majalaya, 25062021

WÉRA

Aya nu teu biasa
Pamuluna alum tan cahaya
Padahal giwangkara caang béngras

Horéng aya nu nyongkab sajeroeun dadana
Leungit imut maneuh dina pameunteu
Kasaput méga kahuru wéra

Majalaya, juru pangkeng, 02032021

NU NYAWANG JAGA

Nunggelis dina dunya nu hurung-hérang
Teu karasa éndahna dina saban rénghapan
Lain, lain éta nu dipikahayang
Semet seuri bungah seubeuh beuteung bari gogonjakan
Iraha kagenahan bakal datang?
Tunya-tanya ka tiap saban-saban

Angin-angin nyelecep dina wanci nyedek tumorék
Ukur bisa ngarahuh taya tangan pangawasa
Geus béak mangsa ngaroncé angkrék-angkrék
Nungtut muguran dina jarak unggal dasa
Haté rumegog nyanghareupan alam poék
Éndong kosong keur bekel jaga mun geus dihiap ku nu Kawasa

Majalaya, 030520022

 

Biodata anu nulis;

Nyai Ating, gumelar ampir 37 taun katukang dina ping 16 April 1985. Heubeul matuh di kota, ayeuna nganjrek di Désa Néglasari Kacamatan Ibun Kabupatén Bandung. Wanoja anu teu elat aktip dina rupa-rupa kagiatan ieu téh geus sababaraha taun ancrub diajar dina dunia sastra Sunda. Mimitina aub dina grup-grup pésbuk kayaning FBS, CPBS, KJC, Pustaka Sunda, Sumedang Bersastra, SCS, laju diaping ku sababaraha pangarang kahot. Sababaraha karyana kungsi medal dina média citak saperti majalah Sunda Manglé jeung koran Galamedia.

Berita Terkait

Gelar Seni Budaya Tolak Peredaran Narkoba
Desa Sangkanhurip Katapang Menggelar Acara Milangkala ke-48
MENGENAL SOSOK REVA YULI ANJANI, PENARI JAIPONG DARI DESA TARUMAJAYA
CARPON
CARITA PONDOK
PAMALI Bagéan ka-10
SISINDIRAN
PAMALI Bagéan ka-9

Berita Terkait

Selasa, 11 Maret 2025 - 11:38

Wakil Ketua DPR Cucun Ahmad Syamsurijal: Menghadapi Bencana, Keselamatan Manusia Nomor Satu

Selasa, 11 Maret 2025 - 06:11

Wakil Ketua DPR Cucun Ahmad Syamsurijal Tinjau Lokasi Bencana Banjir Dayeuhkolot Kab. Bandung 

Rabu, 5 Maret 2025 - 01:50

BPBD Salurkan Bantuan Kepada Warga Terdampak Rumah Ambruk di Desa Sayati Margahayu

Jumat, 14 Februari 2025 - 07:45

Wamen PU Diana Berharap Air PDAM Kualitas Air Minum Bukan Air Bersih Lagi 

Senin, 10 Februari 2025 - 07:14

Bupati Bandung Targetkan 500 Kilometer Jalan Rusak Selesai Diperbaiki dalam 3 Tahun

Jumat, 7 Februari 2025 - 04:55

*Ibun Miliki Tempat Wisata Unggulan Salah Satunya *WISATA SIANYAR KAMOJANG* 

Jumat, 24 Januari 2025 - 03:35

Percepatan Penanganan Bencana, Kang DS Instruksikan BPBD Usulkan Pembangunan Gudang Peralatan dan Logistik 

Selasa, 21 Januari 2025 - 14:19

Camat Ibun: Desa Wisata Dapat Meningkatkan Ekonomi Para Pelaku UMKM

Berita Terbaru