TEU JADI PALASTRA

- Penulis Berita

Rabu, 30 Maret 2022 - 00:41

facebook twitter whatsapp telegram line copy

URL berhasil dicopy

facebook icon twitter icon whatsapp icon telegram icon line icon copy

URL berhasil dicopy

Ilustrasi

Ilustrasi

Ku : Septian MA

 

Sora manuk récét lebah sisi lembur. Awor jeung sora barudak nu keur arulin di buruan. Sawatara nonoman geus laliar kana tiap-tiap pacabakanana.
Poè harita Ading keur ngarasakeun kasakit. Gulinggasahan. Sanggeus sababaraha lila nandangan panyakit dina lebah pipina. Bari humarurung manéhna nguniang terus pindah, ngadon diuk di lawang panto.

“Tobat… aya ku kabina-bina teuing ieu panyakit teh,” pokna bari ngusapan pipi nu kénca.

Aya hiliwir angin nu béda ti biasana. Ading ngadak-ngadak ngarasa muringkak bulu pundukna. Kolébat, katempo aya jirim jangkung gedé. Sakilat éta jirim nangtung di hareupeun manéhna. Ading ngarénjag, manéhna teu usik, poho kana rasa nyeri dina jeroeun pipina.

“Saha é… éta…, éh, saha ma… man… manéh?”

“Montong loba nanya! Silaing rék dibawa ku kula.” Ampir teu kungsi ngarénghap ceuk nu wadul mah, Ading terus dibawa ku éta jirim.

Ading dibawa ka sisi laut, rek ditandasa. “Nun Gusti… kuring téh boga dosa naon?” pikiranana pinuh kahémeng.
Puguh keur ngararasakeun kasakit téa, manéhna teu bisa barontak. Ngan ukur bisa pasrah taya tanaga pikeun ngalawan.

“Silaing nyaho naon sababna dicangkalak ku kula?” Nu ditanya ngan saukur gogodeg. Geus teu hayang némbalan meureun kituna mah.

“Masih kénéh inget anak peucang nu sasabaraha waktu katukang ku silaing di tandasa?” Ading ngahuleng sakedapan, nginget-nginget kajadian anu diomongkeun bieu ka manéhna.

Sanggeus inget paromanana robah, manéhna katémbong bangun reuwas bari sieun.

“Éta anak kula. Kasakit nu keur dirandapan ku silaing téh lain kasakit biasa, éta wawales pikeun katelengesan silaing!” éta jirim nandeskeun.

Ngadéngé kitu, Ading rampohpoy, awakna ngadak-ngadak leuleus.

“Wayahna ayeuna silaing kudu males kana kalakuan silaing. Hutang nyawa dibayar nyawa. Silaing bakal diala pati ku kula!” Geus kitu mah Ading saharita teu inget di bumi alam.

Teu jauh ti dinya, kadéngé sababaraha jalma ting gorowok, “Ding… Ading… Ading!” Warga anu lobana ampir salembur dituduhkeun ku budak lalaki nu keur ulin di buruan. “Nyaan Si Ading dibawa ka lebah dieu?” Budak nu ditanya tuluy unggeuk bari panonna rurat-rérét ka ditu ka dieu. Panempo jalma-jalma museur ka sakuriling basisir.
Teu disangka, jirim nu mawa Ading téa téh kawas anu géhgéran. Barang ngadéngé nu patinggorowok, bangun reuwas nakeranan, awak Ading tuluy dialungkeun. Gujubar, awak Ading ngagebrus kana cai laut tuluy digulung ku lambak.

Éta jirim anu teuing kumaha wujudna téh teu maliré deui ka Ading, tapi kalah tuluy ngiles teuing ka mana. Meureun ceuk pikirna Ading téh geus tangtu paéh kagulung lambak.
Geus aya kana dua poe ibur ngeunaan leungitna Ading. Sakabeh pangeusi lembur pahibut néangan. Nu ka kidul, nu ka kalér, samalah aya ogé nu nepungan pananyaan nu cenah kawéntar sakti.
Di satengahing laut awak Ading keur angkleung-angkleungan, awakna nyampai dina kai sarupaning papan. Teu jauh ti Ading aya parahu, sigana mah anu keur ngarala lauk. Nempo aya waruga nu keur angkleung-angkleungan, parahu ngadeukeutan, laju awak Ading diangkat kana parahu.

Sababaraha waktu ti harita, parahu badarat. Warga lembur tuluy nyampeurkeun. Maranéhna kacida kagétna, héran tapi aya rasa bungah nempo anu keur cacamuilan barangdahar bari nyerengèh dina parahu.

 

Bandung, 2022

Biodata anu nulis:
Jenenganana Septian MA, anjeunna lahir di Sumedang tapi ayeuna nganjrek di Cibiru. Pamuda anu keur meujeuhna sumanget diajar téh kawilang aktip tatanya ngeunaan hal-hal anu aya patalina jeung sastra Sunda.

Berita Terkait

Gelar Seni Budaya Tolak Peredaran Narkoba
Desa Sangkanhurip Katapang Menggelar Acara Milangkala ke-48
MENGENAL SOSOK REVA YULI ANJANI, PENARI JAIPONG DARI DESA TARUMAJAYA
CARPON
CARITA PONDOK
PAMALI Bagéan ka-10
SISINDIRAN
PAMALI Bagéan ka-9

Berita Terkait

Senin, 13 Januari 2025 - 07:34

Aspirasi Masyarakat, Mako Polsek Arjasari Mulai Dibangun

Jumat, 10 Januari 2025 - 00:16

Pemdes Se-Kecamatan Rancabali Teken MoU dengan PCNU Terkait Asistensi Pengurusan Program TORA dan KHDPK

Kamis, 9 Januari 2025 - 12:59

*Pedagang Selesai Direlokasi, Pasar Ciparay Segera Groundbreaking*

Rabu, 8 Januari 2025 - 12:10

Belum Ada Blangko KTP dari Pusat, Aktivasi Identitas Kependudukan Digital Solusi Pengganti KTP

Sabtu, 4 Januari 2025 - 01:23

Legislator Dadang Hermayana Dorong Program Stunting Menurun

Minggu, 29 Desember 2024 - 08:28

Ketua DPRD Renie Rahayu Peluk Erat Anak-Anak Thalasemia di Majalaya 

Kamis, 26 Desember 2024 - 08:32

PMI Kabupaten Bandung Rayakan Hari Relawan ke-20 Tahun 2024

Rabu, 25 Desember 2024 - 03:45

Libur Nataru: Siapkan Posko Siaga Darurat Bencana, BPBD Sampaikan Imbauan Kepada Masyarakat

Berita Terbaru