ADING MILU PANGAJIAN

- Penulis Berita

Minggu, 10 April 2022 - 00:07

facebook twitter whatsapp telegram line copy

URL berhasil dicopy

facebook icon twitter icon whatsapp icon telegram icon line icon copy

URL berhasil dicopy

Ading nyaring tina saréna kawas anu manggih kareuwas. Panonna gancang dibeuntakeun tuluy molotot tapi henteu langsung hudang.

Manéhna ngahuleng sakeudeung tuluy nyangigir ka belah kènca. Kiceup, kiceup panonna sababaraha kali katempo kucap-kiceup lalaunan. Jigana mah keur ngumpulkeun pangacian. Geus kitu tuluy manéhna diuk. “Asa ku anéh ngimpi téh, bet asa nyata.” haténa galécok.

Adan isa kadéngé beuki réang. Manéhna cengkat, gancang disalin, tuluy indit ka tajug.

“Ari itu Si Ading?” ceuk salah sahiji mustami.
“Aéh heueuh, tara-tara budak téh, tapi nya sukur wé ayeuna mah geus daék ka tajug,” ceuk batur ngawadulna.

Harita kuduna nu ceramah téh Ajengan Sepuh. Jalaran Anjeunna aya halangan jadi dibadalan ku putrana nyaéta Ajengan Anom. Ari anu jadi bahan ceramahna ngeunaan bab puasa, kituna téh puguh tilu poé deui rék munggah.

Sabenerna Ading teu pati daria ngadéngékeun kana ceramahna, malah mah ngadon ngalenggut, nundutan. Teu sirikna éta sirah kuat antel kana sajadah.

“Aya pertarosan?” Kasauran Ajengan Anom sabada rengsé ceramah. Ading nu tadina nundutan tuluy curinghak gagancangan ngacung. Waktuna pas pisan, ieu kasempetan pikeun Ading nanyakeun. Sanajan kitu beungeutna mah puguh katempo pisan kawas nu tunduh kénéh.

Sawaréh mustami nu aya di pangaosan harita semu rareuwas, sawaréh deui héran nempo polah Ading. Da puguh sasarina gé tara aya nu nanya di pangaosan téh.

“Jadi kieu, Ajengan, kunaon sababna jélema nu reueus kana datangna bulan puasa moal kakeunaan ku seuneu naraka?” Kawilang poksang eta pertanyaan tèh. Malah jiga nu eweuh hurmat, hurmatna. Atuh mustami téh jadi arambek.

Ti sabudeureun rohangan tajug kadéngé patingkarecewis.
“Ari Si Ading meunang pertanyaan ti mana?”
“Lain hadis éta téh?” ceuk nu lian.
“Ah, Si Sading mah sok lain-lain waé, puguh ngaji gé kakarak gék!” ceuk nu séjénna deui.

Sabenerna mah éta pertanyaan téh meunang tina ngimpi basa tadi saré téa. Dina jero impian, manéhna aya di sisi situ anu duka teuing ayana di mana. Ngan sanyaho manéhna dina impian, di éta situ téh aya tangkal loa anu gedé. Manéhna gék diuk di handapeun tangkal loa bari nyoo rokrak.

Ti satengahing situ, aya rakit nu ngadeukeutan, maju ka sisi. Jelema nu naékna aki-aki, pangawakanana teu béda jauh jeung aki-aki séjénna. Barang tepi ka sisi situ, éta aki-aki nyampeurkeun terus nyarita. Nya teu béda jeung naon nu ditanyakeun ku Ading ka Ajengan téa, persis teu kurang teu lewih.

“Apan éta téh dawuh Kanjeng Nabi, nya hadis téa. Nya meureun ku lantaran dina bulan puasa tèh seueur pisan kabarokahan. Éstu Pangéran téh hoyong urang kenging éta kabarokahan.” Waleran Ajengan Anom.

“Asa teu kaharti Aingah!” Tembal Ading bari tuluy medal sila heug leumpang ka buruan tajug.

Ajengan Anom paromana bet jadi beureum eceuy. Kitu deui mustami nu harita hadir milu ngarasa kasinggung ku sikep jeung caritaan model kitu téh.

Ari Ading siga nu teu boga dosa. Malah dina jero pikirna rék néangan Ajengan nu leuwih punjul élmu agamana. Kahayangna mah, manéhna rek lumpat ka Ajengan Sepuh nu taya lian abahna Ajengan Anom téa. Ngan hanjakal Anjeunna nuju munggah haji harita téh.

Antukna manéhna ngajugjug ka unggal pilemburan, nyampeurkeun tiap-tiap nu disebut Ajengan pikeun nanyakeun éta pasualan. Saenggeus sababaraha lembur kasorang, manéhna masih kéneh can ngarasa manggih jawaban nu matak puas kana hatèna.

Ku lantaran kitu Ading jadi kuciwa. “Ari kieu waé mah mending saré deui, sugan wé panggih deui jeung si Aki, rék dipénta jawabanana!” Dug manéhna sare. Teu kuangsi lila hudang deui, “Dasar aki-aki gedebul, sugan aing téh manéhna nyaho. Ari kitu mah kénéh-kénéh kéhéd, teu béda wé jeung Aing!”

2022
SEPTIAN MA

Berita Terkait

Gelar Seni Budaya Tolak Peredaran Narkoba
Desa Sangkanhurip Katapang Menggelar Acara Milangkala ke-48
MENGENAL SOSOK REVA YULI ANJANI, PENARI JAIPONG DARI DESA TARUMAJAYA
CARPON
CARITA PONDOK
PAMALI Bagéan ka-10
SISINDIRAN
PAMALI Bagéan ka-9

Berita Terkait

Jumat, 7 Februari 2025 - 04:28

Sosialisasi Tugas Pokok dan Fungsi Koordinator Naskah Kuno Kabupaten Bandung 

Kamis, 6 Februari 2025 - 13:39

Terima Audiensi Guru Honorer dan Penjaga Sekolah, Komisi D DPRD Dudi Mustopa: Kami Akan Memperjuangkannya Masuk PPPK

Kamis, 6 Februari 2025 - 00:42

Ketua DPRD Renie Rahayu Fauzi: Kami Akan Memperjuangkan Guru Honorer Masuk PPPK

Kamis, 23 Januari 2025 - 15:11

Sukseskan Program MBG, Dinas Pendidikan Gelar Evaluasi dan Penilaian Sertifikasi UKS

Kamis, 23 Januari 2025 - 14:56

Kang Asray: “Berharap 2025, Tidak Ada Lagi Ijazah Tertahan di Sekolah, Sanjung Program Bupati Bandung Inovatif”

Kamis, 23 Januari 2025 - 10:37

Asep Juarsa: Pembagian Ijazah Kepada Para Siswa Bentuk Kepedulian Nyata Bupati Bandung

Sabtu, 11 Januari 2025 - 14:40

Anugerah Literasi Leksam Bedas Tingkat SMP/MTs Digelar di Kabupaten Bandung

Jumat, 27 Desember 2024 - 07:11

Pastikan Pelayanan Pendidikan Lebih Bedas, Bupati Bandung Lantik Kadisdik Definitif

Berita Terbaru