Yasana: Nyai Ating
Dampal sukuna ngalayang, keuna pisan kana tonggong. Awak nyoloyong laju ngudupruk, puhu leungeun ngageduk kana suku méja.
“Euweuh sawarga anu leuwih ti Aing!” pokna. Gék manéhna diuk deui.
Leungeunna ngarongkong dus leutik warna beureum dina luhur méja. Dicokot sabatang. Saméméh diseungeut, digéléng-géléng heula lebah puhuna. Gap kana panékér, ngahurungkeun seuneu bangun antaré. Laju nyeuseup jero kana haseupna. Haseup ngelun minuhan rohangan dapur.
Karasa eungap jeung peureus. Dunya asa beuki heureut. Euweuh cipanon nu ngeclak, biwir miluan teu nyoara. Jung cengkat bari ngaranggieung. Leungeun ngayap kana téko, terus dieusian ku cai. Sabuat nungguan ngagolak, nyiapkeun gelas, séndok jeung kopina.
Sabaraha purnama manéhna teu némbongan. Kungsi balik ngan ukur mawa tunggara. Ngaburak-barik pangeusi imah.
“Bébérés di imah, heug bari asuh adi manéh!”
Sapu anu digantungkeun di tukangeun panto di cokot. Belewer! Teu kanyahoan éta sapu ngalayang ka deukeuteun budak awéwé anu keur tungkul. Atuh anu keur husu maca téh ngoréjat bangun reuwas nakeranan.
Plak! Dampal leungeun neunggeul dua budak lalaki anu keur ngadat ménta jajan.
“Aing capé! Aing lain Bank anu bisa nyitak duit!”
“A … ar … ari Bapa ka mana?” nu keur nginghak nanyakeun bapana.
“Sugan mah modar dihakan ku asu! Turutkeun wé parèntah Aing. Euweuh sawarga anu leuwih ti Aing!”
Sabaraha purnama manéhna teu némbongan. Tinggal kuring nu masih dicangcang ruruntuk.
***
Ibun, 26042022
Ngeunaan nu nulis:
Biang ti dua jodo anu saroléh-soléhah téh sapopoéna mah ukur ngurus rumah tangga. Sanajan sakolana teu kungsi tamat SMP, tapi dirina sumanget néangan élmu jeung pangalaman anyar. Ceuk manéhna, awéwé mah ulah kurang ku pangarti, sabab awéwé nu bakal pangmindengna jadi tempat budakna tatanya.