FIKSIMINI BASA SUNDA

- Penulis Berita

Rabu, 20 April 2022 - 22:50

facebook twitter whatsapp telegram line copy

URL berhasil dicopy

facebook icon twitter icon whatsapp icon telegram icon line icon copy

URL berhasil dicopy

 

 

PLOS
Yasana D Ipung Kusmawi

Satutasna ngadu’a, Rasman rurusuhan muru ka tempat nyimpen Qur’an. Gep nyokot hiji. Clé diuk satukangeun Bah Jumed nu masih ngadekung muji. Beungeutna marahmay, dipapaés ku gumasép. Teu jiga tadi, basa manéhna kapiheulaan nabeuh kohkol ku si Agus. Kitu deui basa kapiheulaan adzan ku si Yaya. Beungeutna mani bareuba nahan ambek jeung kaheneg. Méh-méhan ceurik. Tapi ayeuna manéhna geus meunang posisi merenah. Bisa dipagahan ngaji pangheulana. Diukna beuki édég basa Bah Jumed malikeun awakna, tuluy mencrong ka manéhna. Dipencrongan kitu, Rasman olohok. Haténa ratug. Pikiranna kumalayang, inget kana lalampahanna tadi peuting.
“Rék ngaji tak rék déba? Pindah heula ka tukang, ganti ku Qur’an!”, Bah Jumed rada nyentak. Rasman mencrong nu tadi dicokot ku manéhna. Tétéla lain Al-Qur’an, tapi kitab déba. Rét ka tempat Al-Qur’an. Geus molongpong. Rét ka pada baturna, pating calengir. Kulised diukna pindah ka jajaran pang tukangna. Pluk, tutunjukna murag. Plos molos ngaliwatan ubin papan. Parat mabal nepi ka balong. Ngageubahkeun lauk mujaér nu pating kuciwek. Nu sawaréhna peuting kamari disair ku manéhna rerencepan.

(FBS, 25 Februari 2022)
***

 

MEY HWA
Yasana Achiel Syam

Peuting di Chin Kah Cafe, Bagansiapiapi. Instrumén lagu ‘Tian Mimi’ ti Teresa Teng ngalagena tina tingkelentringna senar-senar *guzheng. Lentikna raramo tapis metikan tiap senar dina wirahma péntatonis tanpa partitur. Atma jeung raga awor dina melodi jeung akorna.

Korsi diangsrodkeun, leungeun Mey Hwa diranggeum geugeut dina pirigan refrain lagu.
“Tos yakin, Mey?”
Mey Hwa beuki anteb neuteup pamaén guzheng. Dua keclak cai ngamalir dina pipina.
“Asih urang kantun kalangkang,” dua keclak cai ninggang cangkir kopi nu tinggal gegedohna.
“Akang uninga kumaha féodalna Papa, saumur hirup urang moal kénging restu!”
“Janten, naon hartina hubungan urang dua taun ieu?”
Peuting beuki tibra dipépéndé kentring guzheng, haté beuki tagiwur dina pilihan. Maksakeun kahayang atawa ngaihlaskeun Mey Hwa.
“Naha kasta sakitu rohakana jadi algojo asih urang?” Ranggeuman beuki kuat.
“Abdi alim tideuha, Kang!” Mey Hwa ngaleupaskeun ranggeuman, inghakna marengan lumpatna muru panto ka luar.
‘Cekit…’
“Mey Hwa…” Gorowok kuring marengan ngagudubrag awakna.

(FBS, 24 Maret 2022)
***

 

 

 

Berita Terkait

Gelar Seni Budaya Tolak Peredaran Narkoba
Desa Sangkanhurip Katapang Menggelar Acara Milangkala ke-48
MENGENAL SOSOK REVA YULI ANJANI, PENARI JAIPONG DARI DESA TARUMAJAYA
CARPON
CARITA PONDOK
PAMALI Bagéan ka-10
SISINDIRAN
PAMALI Bagéan ka-9

Berita Terkait

Rabu, 12 Maret 2025 - 21:30

Bupati Bandung Dadang Supriatna Jabat Ketua Umum Asosiasi Aliansi Kabupaten Kota Peduli Sanitasi

Rabu, 12 Maret 2025 - 13:27

DPMD: Hasil Kajian 14 Kecamatan, 127 Desa, dan 8 Kelurahan di Kabupaten Bandung Layak Dimekarkan 

Senin, 10 Maret 2025 - 13:26

Di Cicalengka, Kadis PMD Tata Irawan Sampaikan Paparan Arah Kebijakan Penataan Desa

Senin, 10 Maret 2025 - 10:50

DPMD Tata Irawan: Sosialisasi Arah Kebijakan Penataan Desa Dengan Sasaran Pemekaran Desa

Jumat, 7 Maret 2025 - 16:54

Bupati Bandung: Pembangunan Fly Over Jalan Rancaekek-Majalaya Sudah Diusulkan ke Provinsi Jabar

Jumat, 7 Maret 2025 - 16:49

Kang Ali Syakieb Tegaskan Peredaran dan Penyalahgunaan Narkoba Kejahatan Luar Biasa 

Kamis, 6 Maret 2025 - 13:36

Sosialiasi Arah Kebijakan Penataan Desa, Kepala DPMD Tata Irawan Minta Perangkat Desa Laksanakan Musdes

Kamis, 6 Maret 2025 - 02:52

Bupati Bandung Melakukan Kunjungan Kerja ke BGN: Bahas Aspek Teknis Program MBG

Berita Terbaru