FIKSIMINI

- Penulis Berita

Kamis, 14 April 2022 - 02:19

facebook twitter whatsapp telegram line copy

URL berhasil dicopy

facebook icon twitter icon whatsapp icon telegram icon line icon copy

URL berhasil dicopy

 

JERUK PANAS BUATAN SI AKI

Geus gerak jalan harita téh capé, mumet jeung hanaang.
Duaan jeung Ki Sobat ngabaso.
“Naon ngaleueutna, Néng?”
“Ah jeruk panas waé, Ki, méh teu jadi gendut deui.”
Kaciri Si Aki rada ngahuleng.
“Aki, gak pake lama nya!”
“Siap, Néng.”
Baso geus rék béak jeruk panas can kénéh datang.
“Ki, mana jeruk pan…,” teu kebat. Bari dodongkoan Si Aki kaburu nyampeurkeun mawa mangkok nu eusina dua jeruk meunang ngulub. Kuring kerung.

“Hapunten rada lami, sesah panasna margi jerukna tina kulkas.”

***

TUMIS KICIWIS

“Cuang nyoba tumis favorit Saung Tepis Wiring, yu.”
“Naon anu sepesialna?”
“Pokona mah dijamin lalagiheun lah, rupa teu pati menarik, ngan palebah rasa …,” Mira ngacungkeun jempol leungeun katuhu bari ngiceup sabeulah.
Barang gék diuk gé geus kurunyung nu nawarkeun menu masakan. Manéhna nu mangmilihkeun.
Teu kungsi lila pesenan geus datang, kadaharan lengkep. Sangu dina boboko leutik, asin sepat gedé, tahu, témpé, kabéh digoréng, kurupuk jeung sambel, teu maké lalab.
“Ieu nu dijagokeun téh nya? Asa kakara manggihan daun sarupa cosin ngan heuras,” Bari dialak-ilik.
“Nya, tumis kiciwis.”
Gebeg. Sumpahna gé karék nyaho rupa kiciwis nu sabenerna. Sakanyaho mah sabangsaning jurig leutik, nu ngagedéan lamun katajong.
Sajeroning ngahuleng, teu burung ngahuap. Bener ngeunah. Kuring nyelebek.
Sabot jongjon ngahuap, Si Mira euleugeug bari molotot, curukna ti ngacir-ngacir waé.
“Éta, éta … eu … ‘na biwir manéh.”
Ku Kuring dijiwir bari diilikan, laju dihuapkepkeun. “Hileud … hileud … jurig. Hileuuud.”
Atuh katempuhan jadi mangmayarkeun.

***

Grup Fikmin Basa Sunda(FBS)

 

Biodata fikminer:
Téh Éndang Kurniasari anu gumelar di Bandung ping 20 Januari 1967 ieu téh salahsawios fikminer anu loyal di grup FBS. Anjeunna netep di Dusun Cukanggaleuh Désa Cisurat Kecamatan Wado, Sumedang. Ngawulang di SMPN1 Darmaraja Sumedang ti sasih Maret taun 1989.

Berita Terkait

Gelar Seni Budaya Tolak Peredaran Narkoba
Desa Sangkanhurip Katapang Menggelar Acara Milangkala ke-48
MENGENAL SOSOK REVA YULI ANJANI, PENARI JAIPONG DARI DESA TARUMAJAYA
CARPON
CARITA PONDOK
PAMALI Bagéan ka-10
SISINDIRAN
PAMALI Bagéan ka-9

Berita Terkait

Jumat, 17 Januari 2025 - 03:00

*Realisasi Investasi Kabupaten Bandung 2024 Lampaui Target Hingga Mencapai 116%*

Jumat, 17 Januari 2025 - 02:54

*IPS Capai 2,64 Poin, Bupati Bandung Terima Penghargaan Badan Pusat Statistik*

Jumat, 10 Januari 2025 - 00:16

Pemdes Se-Kecamatan Rancabali Teken MoU dengan PCNU Terkait Asistensi Pengurusan Program TORA dan KHDPK

Kamis, 9 Januari 2025 - 13:05

Bupati Akan Beri BPJS Ketenagakerjaan Buat Operator Motor Baca

Kamis, 9 Januari 2025 - 12:59

*Pedagang Selesai Direlokasi, Pasar Ciparay Segera Groundbreaking*

Rabu, 8 Januari 2025 - 12:10

Belum Ada Blangko KTP dari Pusat, Aktivasi Identitas Kependudukan Digital Solusi Pengganti KTP

Sabtu, 4 Januari 2025 - 01:23

Legislator Dadang Hermayana Dorong Program Stunting Menurun

Minggu, 29 Desember 2024 - 08:28

Ketua DPRD Renie Rahayu Peluk Erat Anak-Anak Thalasemia di Majalaya 

Berita Terbaru