Ku : M Fadhil
“Hampura, Yo, urang teu bisa kaluar ayeuna mah, keur gawé kénéh, isukan wé lah urang atur stratégina.” ceuk kuring malesan WA ti Aryo.
“Ok siap! Atur wé, Bro,” ceuk Aryo malesan deui.
“Hatur nuhun pisan infona,” ceuk Kuring malesan deui.l
“Ok, sami-sami,” Aryo nutup obrolan..
Ya Alloh geuning kieu Velin satukangeun abdi. Naon kalepatan diri abdi dugi ka Velin sasab léngkah? Naon kurangna diri kuring ka nu jadi pamajikan? Salila ieu sagala dicukupan, kabéh paménta ditedunan, naha geuning kieu babalesna?
Ari kadar rék salingkuh mah lain masalah hésé keur kuring mah. Lain rék agul kupayung butut, jabatan di pagawéan lumayan , rupa teu éléh ku batur, kandaraan boga, imah weuteuh, duit tabungan aya. Kasarna mah tinggal niat pasti bisa hayang awéwé anu kumaha ogé. Tapi lain éta nu jadi kahayang jeung tujuan hirup kuring. Alhamdulillah geus dipaparinan rizki anu cukup ku Alloh. Boga pamajikan anu dipikahayang, boga anak anu di anti-anti. Sagala geus kacumponan tinggal sukur nikmat anu aya. Naon atuh anu jadi sabab Velin bet robah pikiran, malah hayang kanu lian? Naon atuh nu diharepkeun ti tukang ojég eta? Loba tanya jeung kabingung minuhan eusi hate kuring. Ya Alloh, paparin abdi kasabaran anu langkung-langkung.
Aamiinn yaa robball alamiin.
*
Ngahaja balik ka imah rada peuting, sabab teu hayang nempo beungeut Velin. Ijid jeung geuleuh nu aya, unggal nempo poto-poto Velin jeung lalaki anu dikirim ti WA Aryo. Beuki ditempo beuki nyeri, beuki diteuteup beuki raheut. Demi Alloh, teu tarima kuring dikieukeun ku nu jadi pamajikan anu dipikanyaah.
“Papah, geuning wengi mulang téh? Mamah ngantosan ti tadi hoyong tuang sareng,” ceuk Velin nanya ka kuring barang asup ka imah.
“Tos neda tadi dikantor,” ceuk Kuring ketus, teu méré budi saeutik gé ka Velin. Tuluy ngaléos ka kamar, meubeutkeun awak kana kasur.
Velin ukur olohok nempo kalakuan kuring nu béda ti sasari, tuluy nyampeurkeun Kuring ka jero kamar.
“Kunaon Papah, teu damang, atanapi nuju aya masalah di kantor?” ceuk Velin nanya, curiga lantaran asa ngarasa salah.
“Teu kunanaon, hayang istirahat wé, capé lah,”ceuk Kuring bari malik nukangan.
“Oh, Muhun atuh,” ceuk Velin, serba salah nempo kuring anu kawas nyimpen amarah.
Pastina haté velin ogé bisa ngarasakeun aya nu anéh dina sikep Kuring peuting harita. Sabab pasti anu jadi pamajikan mah nyaho kana karakter salakina, komo lain sapoé duapoé geus rumah tangga. Velin ngajauhan kuring, tuluy diuk di ruang tamu.
Rék sare hésé reup, sabab haté keur gering. Rarasan mah hayang harita ogé nanya ka Velin. Saha éta lalaki anu dina poto téh, tapi dipikir deui hayang nempo ku panon sorangan, teu nginjeum ceuli jeung biwir batur. Ambéh jéntré, puguh jeung jelas saha jeung naon anu jadi masalahna.
Nepi ka ampir tengah peuting kuring masih kénéh nyaring, gulinggasahan hayang geura isuk, hayang néwak baseuh Velin jeung lalaki éta. Rét ka tengah imah, da kabeneran lawang panto kamar teu ditutupkeun, katémbong Velin keur uplek sibuk kana hapéna. Moal salah deui, pasti keur chatting jeung lalaki éta. Napsu kapegung, meni geus asa ngagunung, hayang rarasaan mah harita ogé ngarampas hapé Velin. Méh kanyahoan keur chatting jeung saha, tapi angger kuring nahan-nahan, hayang manggihan duanana isukan ngarah puguh rék di kukumaha ogé.
Velin ngalieukan ka kamar, meureun haténa mah teu tenang, sabab kuring kawas anu teu tibra saré, pasti sieun Velin ogé kapergo ku kuring.
Ampir sajam leuwih Velin kakarék mareuman hapéna, tuluy ka cai, deluk sholat peuting anu geus jadi kabiasaan Velin. Dina jero haté, kuring ngutruk ka Velin, sabab kalakuan teu pantes jeung ibadahna. “Sholat ogé percuma, ari kalakuan ka salaki kitu mah, dasar tukang salingkuh, Siah!”ceuk kuring dina jero haté.
Astagfirulloh haladzim, ya Alloh, hapunten abdi atos suudzon, ngalangkungan Gusti anu langkung uninga kana sadayana. Ampun gusti… hapunten abdi. Teu karasa cimata ngalémbéréh maseuhan bantal anu jadi tilam saré. Sedih, peurih, ngahiji dina ati, nyiksikan haté anu raheut, rajet.
Poé isukna, kawas biasana kuring pamitan ka Velin indit gawé. Padahal mah geus ngatur rencana jeung Aryo, rék ngajebak Velin jeung éta lalaki. Ngahaja wé kawas indit gawé, maké pakéan ngantor, supaya Velin teu curiga, padahal mah ngahaja rék ngintip Velin indit ti imah.
Teuing geus béak sabaraha batang udud gé, kesel nungguan WA ti Aryo, anu keur ngintip Velin paduduan.
“Bro, burukeun kadieu ayeuna! Velin keur aya di réstoran cepat saji jeung éta lalaki,” ceuk Aryo dina WA. Tuluy ngirim poto deui nepi ka sababaraha hiji.
“Ok, siap!” ceuk kuring malesan WA Aryo.
Amarah ngagugudag dina dada, haté asa panas kabeuleum, nempo poto-poto Velin keur paduaan jeung lalaki séjén. Kuring ngajejek gas mobil jero pisan, ngebut, teu paduli ka batur anu sarua maké jalan. Hayang geura nepi ka tempat Velin anu keur paduduaan.
(Hanca)