Yasana : M Fadhil
Teu lila Kuring geus nepi ka tempat anu dituju, tempat Velin keur paduduaan jeung lalaki éta. Aryo anu geus nungguan, nyampeurkeun kuring nu anyar datang.
“Dimana, Yo, manusana?” ceuk Kuring émosi nanya ka Aryo.
“Tuh keur di jero. Kadé ulah émosi teuing nya, Bro, soalna ieu tempat umum,” ceuk Aryo ngingetan.
Kuring teu némbalan, satengah lumpat Kuring muru asup ka jero réstoran cepat saji anu keur sedeng ramé. Kabeneran harita loba tamu anu keur dalahar. Sup ka jero réstoran, nyampak Velin keur ngahuapan eta lalaki ku kadaharan anu dipesen ku maranéhna. Atuh puguh wé nempo kitu kuring beuki kalap teu kuat nahan Amarah.
“Oh, jadi ieu kabogoh Mamah téh? Oh … hebat … hebatlah!” Kuring satengah ngajorowok bari kekeprok nyindiran ka velin anu katempona keur mesra pisan paduduaan.
“Papah?” Velin kacida reuwasna nempo Kuring nu datang teu disangka-sangka ku manéhna, satengah luncat tuluy ngagabrug ka kuring.
“Woi …! Ka dieu siah goblog, kurang ajar siah geus wani nincak hulu Aing,” ceuk kuring nyentak ka éta lalaki.
Puguh wé nempo kuring anu sesentak bari popolotot lalaki éta sieuneun, malah rék kabur, tapi kaburu katéwak ku Aryo anu geus siap-siap.
“Rék lumpat ka mana siah, kurang ajar?” ceuk Aryo bari néwak éta lalaki. Tuluy leungeun lalaki éta diparieuskeun sabeulah ka tukang, sedeng leungeun Aryo nu hiji deui meulit kana beuheung éta lalaki sangkan teu bisa ngalawan.
Nempo kajadian kitu Velin ngajerit bangun nu kanyenyerian.
“Papah…! Demi Alloh … Dani tong dikukumaha, Mamah teu rido dunya ahérat lamun Dani dikukumaha,” ceuk Velin bari ceurik tuluy ngudupruk ka handap, ngarangkul suku kuring bari ceurik nginghak..
“Kurang ajar! Sia geus wani-wani ngaganggu rumah tangga Aing!” ceuk kuring ngahoak deui éta lalaki.
“Atos, Papah, Dani teu lepat, Mamah anu lepat. Hapunten Mamah anu parantos teu jujur ka Papah,” ceuk Velin bari angger ngarangkul suku kuring. Ti dituna mah ambéh Kuring teu bisa usik, bisi nyampeurkeun éta lalaki anu geus dicerek ku Aryo.
Riab, riweuh tatamu réstoran anu aya di jero, sabab sieun aya naon-naoan meureun. Jul-jol nu nempo kuring jeung Aryo anu kalap néwak éta lalaki. Loba anu lalumpatan kaluar ti réstoran bari pating jarerit, aya ogé anu ngahaja narangtung hayang nempo kajadian anu keur lumangsung.
“Atos, Pa, punten, mugi tiasa dibereskeun ku jalan damai, Pa,” ceuk satpam anu milu asup nempo kuring keur ngamuk.
“Papah, kapungkur Umi anu nyuhunkeun Mamah supados nampi Papah dugikeun ka tilu kalina, padahal Mamah tos nolak lamaran ti Umi waktos Papah teu damang di rumah sakit. Ayeuna Mamah ogé nyuhunkeun Umi kanggo nyaksian naon anu bakal kajantenan kana rumah tangga urang. Najan naon waé anu bakal kajantenan, Pah, lamun sanés Umi anu nyuhunkeun mah, Mamah moal kersa janten istri Papah, atanapi saha ogé pameget di dunya ieu,” ceuk Velin bari tetep ceurik, nyarita ogé sorana ngageter.
Velin ngaluarkeun hapé tina jero tas anu dibawana, tuluy nelepon ka Emangna.
“Assalamualaikum, Mang hapunten neda bantosanna, pangnyandakeun Ema ka bumi abdi ayeuna kénéh. Parantos dugi kana waktosna panginten ayeuna téh, Mang. Hatur nuhun, diantos pisan,” ceuk Velin nutup obrolan jeung Mang Wawan, bari tetep nginghak.
Kuring bingung jeung teu ngarti naha Velin nyebut ngaran Ema? Lamun boga indung kénéh naha atuh teu jujur ka kuring lamun salila ieu Kuring masih kénéh boga mitoha awéwé? Naha salila lima belas taun rumah tangga kuring can pernah nempo rupa anu jadi mitoha? Unggal lebaran ogé Velin can kungsi ngajak ka kolotna pikeun silaturahmi. Aya naon ieu nu sabenerna? haté kuring galécok sorangan bakat ku teu ngarti ku kaayaan anu keur disanghareupan.
“Hayu, Pah, urang ngariung di bumi urang, sadayana. Hayu urang pungkas naon jeung saha Abdi jeung Dani anu sabenerna,, hapunten ulah waka émosi,” ceuk Velin nenangkeun kuring.
Kuring nelepon Umi, ménta Umi datang ka imah kuring, saperti anu dipénta ku Velin. Nepi ka imah kabéh ngariung dina kaayaan teu genah jeung dilingkung ku émosi. Geus ngumpul Umi, Mamang, bibina Velin, katut tukang ojég anu ngahaja dibawa ka imah. Aya ogé hiji awéwé geus sepuh, sapantaran Umi.
“Éta meureun emana Velin, mitoha kuring téh?” ceuk kuring nanya dina jero haté. Mitoha anu salila lima belas taun rumah tangga, kuring kakarak nyaho rupana. Hanjakalna papanggih téh lain aya dina kaayaan senang, lain kaayaan anu dipikahayang, tapi dina kaayaan anu serba teu genah lain suasana kekeluargaan.
“Mang, mangga geura kawitan, supados sadayana uninga kalayan nyakséni,” ceuk Velin ka mamagna.
(Hanca)