Ku : M Fadhil
“Ati-ati nya, Sayang,” ceuk Velin, nutup obrolan dina telepon.
Gebeg, reuwas kuring ngadéngéna. Ngobrol jeung saha éta Velin dina telepon? Gerentes kuring dina jero haté nalika teu ngahaja ngadéngé Velin keur nelepon bari nyumput di dapur. Panas … ngahéab ngagedur dina dada. Pikiran geus teu puguh naon anu dirasa. Kabayang kabéh gambaran anu teu hadé. Sieun Velin geus sasar salah léngkah, beunang kabobodo atawa kaolo ku batur. Ya Alloh… aya cocobi naon deui ieu? Ngan Kuring kacida percayana ka Velin salila ieu moal mungkin sulaya komo deui hianat. Najan haté panas gé ditahan bisi Velin curiga, ké malah nambahan masalah deui. Kumaha lamun kuring salah sangka atawa salah paham, engkéna Velin bakal pundung atawa ngambek deui kawas baheula? Ah, disabaran heula waé lah.
“Wilujeng énjing, Papah, mangga kopi sareng tuangeun kanggo sarapanna parantos sayogi,” ceuk Velin ngareuwaskeun lamunan kuring.
“Hatur nuhun, Mamah,” témbal kuring bari miceun beungeut.
Geus jadi kabiasaan tisaprak kuring boga Tiara, kuring nyebut ka Velin ‘Mamah’, kitu ogé Velin nyebut Papah ka kuring. Ngarah biasa budak nyebut ka indung bapana ogé kitu maksud mah.
“Kunaon, Papah, teu damang?” ceuk Velin nanya deui.
“Ah, henteu,” ceuk kuring bari rada reuwas.
“Naha geuning kitu, hilap nya?” ceuk Velin nanya bari jeung imut.
Éh… kuring kakara inget biasana sok nyium Velin lamun ngahaturkeun nuhun mun tos disiapkeun sarapan méméh ngantor.
Celepot kuring nyium tarang Velin, tuluy Velin ngarangkul kuring.
“Mamah bahagia pisan gaduh carogé ka Papah,” ceuk Velin bari nyusupkeun sirahna kana dada kuring.
Aya nu béda rarasaan dina haté poé ieu mah barang Velin nyarita kitu. Asa tiis, asa teu ngeuna kana haté, asa cangcaya kana omongan Velin.
“Hmmm… Papah ogé bahagia pisan, Mamah Sayang,” ceuk kuring.
Padahal dina haté mah hayang geura kedal, naon anu matak ngajadikeun Velin béda ti sasari.
Kuring ngarénghap beurat pisan, nahan émosi nu geus ngagulung dina haté.
“Papah Sayang, Alhamdulillah bisnis online mamah seueur anu pesen sasih ieu, Pah. Janten Mamah kakirangan modal kanggo nyumponanana. Manawi teu kaabotan mah Mamah bade nambut heula modal ka Papah,” ceuk Velin bari nyium biwir kuring.
“Muhun mangga waé, Mah, peryogi sabaraha?” ceuk kuring tiis.
“Dua puluh juta wé, Pah. Éta ogé upami Papah percanten ka Mamah,” ceuk Velin bari ngusapan pipi kuring.
“Muhun, kin siang ku Papah ditransfer nya,” ceuk kuring.
“Alhamdulillah, hatur nuhun pisan, Papah, i love you,” ceuk Velin bari sababaraha kali nyiuman kuring.
Kuring ukur imut, bari tambah curiga wé nu aya dina jero haté. Tara-tara Velin nginjeum duit ka kuring, sabab manéhna gé boga tabungan sorangan anu lumayan gedé eusina.
Boa-boa….
Astagfirulloh haladzim… ah, pikiran kotor kuring ieu mah. Pamali geus suudzon ka pamajikan sorangan.
“Papah mios heula nya, Mah,” kuring pamitan ka Velin.
“Dah, Papah Sayang. Titi DJ, nya,” ceuk Velin tuluy nyium leungeun kuring.
Nepi ka kantor nyimpang heula ka ATM, rék transfer ka rékening Velin. Bari haté mah teu puguh rarasaan, curiga, sieun, ngahiji dina dada.
“Parantos ditransfer, Mah,” ceuk kuring nga-WA Velin.
“Hatur nuhun, Cinta,” bales Velin, ditungtungan ku émotikon gambar écéng jeung biwir sagala.
*
Ya Alloh, mugi ieu mung saukur kasieun sareng salah paham abdi hungkul. Ya Alloh,
abdi neda ditebihkeun tina sagala cocobi sareng gogoda dina rumah tangga abdi, Ya Alloh. Mugi ulah dicandak atanapi dikirangan deui kabungah anu parantos sumping dina rumah tangga abdi, mugi abdi sing ditebihkeun tina sipat suudzon, Ya Alloh.
Mugi sing disadarkeun saupamina Velin atos lepat atanapi sasar léngkah, Ya Alloh.
Amiin yaa robbal alamiin.
*
Sup ka kantor , nyampak dina méja geus aya surat ti Bank. Panasaran tuluy dibuka, bréh katempo aya tagihan kartu kridit keur kuring anu unina ‘pembelian satu unit hape android senilai tiga juta rupiah.’
Hah…?
(Hanca)