KALAKAY MUNTANG

- Penulis Berita

Minggu, 24 April 2022 - 00:02

facebook twitter whatsapp telegram line copy

URL berhasil dicopy

facebook icon twitter icon whatsapp icon telegram icon line icon copy

URL berhasil dicopy

 

Fikmin-fikmin karya Cucu Unisah

KALAKAY MUNTANG

Kalakay ngaplék ‘na tungtung dahan leutik. Taya pangawasa. Lungsè. Leuseuh diwuwuh sarwaning bangbaluh.
“Pagoda, pagoda pangmukakeun lawang angin!” Gorowok mangandeuh nu napel ‘na puhu dahan. Cakakak pucuk-pucuk ngèmploh nyaleungseurikeun. Séor angin nyuruwuk. Kalayang. Kalakay ngolèang. Séah dangdaunan sarurak, ngan daun konéng nu gugupay bangun teunangan. Peng. Kalakay kabawa ngawang-ngawang. Haténa lewang nyawang legana jagat, gimir nilik wiati. Rét ka handap, lenyap!
Sora angin nu handaruan, teu lila ngajauhan. Kalakay méh ragrag lalaunan. Ber, kalayang deui. Reup manéhna peureum. Pasrah, sadrah kana kaayaan.
“Emh Gusti, mangga nyanggakeun sadaya-daya,” gerentesna. Batu, cai, taneuh, raranggah. Kalakay museurkeun lelembutan. Hayang muntang, nya ka mana? Treup eunteup ‘na pangpung garing. Mun kongang mah meredih, tong teuing waka ngalemah. Rumasa. Asa tacan cukup pibekeleunana.

 

KURING JEUNG ANJEUN

Mobil ngageuleuyeung ka buruan villa. Katémbong aya awéwé geulis diuk nyangsaya gigireun Anjeun. Di lapang golf, salah saurang cady nu rancunit buru-buru ganti baju. Les ngiles jeung Ferrari Anjeun.
Dina acara salah sahiji acara talk show di TV. Anjeun dibatik Asmat kelir bulao meunang milih kuring. Sababaraha kali Anjeun seuri bari unggeuk ka reporter nu ngadaun seureuh. Acara lekasan, Anjeun duaan ngaleungit teuing kamana.
Tadi isuk potrét Anjeun nyepeng étém bari ngulangkeun paré aya dina koran, tabloid, jeung média online. Lian ti sabaraha urang pejabat nu marengan, awéwé keureutan India geus anjeucleu nungguan dina Lamborghini Anjeun.
Cenah, peuting ieu Anjeun rék kunjungan kerja ka luar pulo teuing jeung saha boa. Salila dahar udang saos mantéga buatan kuring, Anjeun maling rérét siga nu terus rasa. Waktu nyium embun-embunan rék amitan, karasa awak Anjeun cembrék. Rasa percaya kuring geus ledis dileguk ku Anjeun dina jus jeruk lémon jeung sasendok arsén.

 

KDRT

Mamah… jangan!” Si Bungsu ngajorowok tarik pisan. Beletak-beletak! Gagang sapu ninggang huluna. Sajeroning neunggeulan, panon disipitkeun. Teu téga mèmang, tapi da dikumaha deui, itung-itung ngawarah. Sok pusing atuda mun geus ciling cingcat. Leuheung mun keur euweuh sasaha sabodo teuing. Éta geura mun pareng keur aya sémah matak ngérakeun.
Nu jojorowokan teu didéngè, leungeun rikat ngadongkang kana palu leutik. Bug, bug, bug kana tonggongna. Rasa keuheul geus teu ka ampeu. Hayang puas ngarah kapokeun. Tadi isuk geura, teu nginjem panon. Hareupeun pisan nyokot dahareun kotka dikukud teu ngari.
“Mamah, udah…!” Teu ditolih sanajan jantung ngageder, awak ngadég-dég. Saumur nyunyuhun sirah kakara ngalakukeun siga kieu. Nu diteunggeulan ngalempréh, panonna ceuleuyeu. Karérét gigiren rak piring aya pacul. Gap disimpen luhureun nu geus teu walakaya. Lalaunan ditincak, ‘krek’ puas siah! Teu ngarumasakeun diri pisan tuda! Geus puguh asup kana sentég, der rék kabur, ugal-ugil hayang leupas. Naon? Rék ngagégélan kabel deui? Meunyi.

***

 

Ngeunaan Fikminer:

Cucu Unisah, lahir di Bandung 3 Maret 1971, padumukan ayeuna di hiji mumunggang pasir wewengkon Cimenyan. Aktif di komunitas FPBS, Sirung Patrem, Pustaka Sunda. Babarengan sareng Kang Yusef miwah Kang Diro Aritonang ngadegkeun komunitas Haiku-Ku lndonesia. Pangurus GLN Kota Bandung. Redaktur Majalah sakola Sensasi Soka. Wanoja nu mancén di SDN 035 Soka Kota Bandung. Pangaresep kana nyerat ti kawit SMP, resep traveling sareng hahaleuangan. Mikawanoh, mikacinta murangkalih jantenkeun jalan ngempelkeun tur ngabimbing murid asuhanana sangkan resep maca jeung nulis. Cita-cita wanoja nu resep coklat téh nyaéta ngagaduhan pabukon alit pikeun ngeusian waktos pami jaga tos pangsiun. Tujuanana taya lian ngaliarkeun virus ka murangkalih khususna di lingkunganana sangkan micinta dunya literasi jeung seni.

Alamat émail : cucuunisah71@gmail.com

 

 

 

Berita Terkait

Gelar Seni Budaya Tolak Peredaran Narkoba
Desa Sangkanhurip Katapang Menggelar Acara Milangkala ke-48
MENGENAL SOSOK REVA YULI ANJANI, PENARI JAIPONG DARI DESA TARUMAJAYA
CARPON
CARITA PONDOK
PAMALI Bagéan ka-10
SISINDIRAN
PAMALI Bagéan ka-9

Berita Terkait

Rabu, 23 April 2025 - 03:44

Desa Indragiri Gelar Peningkatan Kapasitas Kader Posyandu RW dan Bunda Literasi RW

Senin, 21 April 2025 - 09:32

HUT Kab Bandung ke-384, Kecamatan Rancabali Jadikan Bandung Bedas Nyaah Ka Indung Program Unggulan

Selasa, 25 Maret 2025 - 21:05

H.Asep Syamsudin S,Ag Sosialisasikan Peraturan Daerah sekaligus Memberikan Santunan Kepada Puluhan Anak Yatim Piatu dan Lansia

Rabu, 12 Maret 2025 - 21:30

Bupati Bandung Dadang Supriatna Jabat Ketua Umum Asosiasi Aliansi Kabupaten Kota Peduli Sanitasi

Rabu, 12 Maret 2025 - 13:32

Ini Penjelasan Kadis PMD Tata Irawan Soal Wacana Pemekaran Desa di Kabupaten Bandung

Rabu, 12 Maret 2025 - 13:27

DPMD: Hasil Kajian 14 Kecamatan, 127 Desa, dan 8 Kelurahan di Kabupaten Bandung Layak Dimekarkan 

Senin, 10 Maret 2025 - 13:26

Di Cicalengka, Kadis PMD Tata Irawan Sampaikan Paparan Arah Kebijakan Penataan Desa

Senin, 10 Maret 2025 - 10:50

DPMD Tata Irawan: Sosialisasi Arah Kebijakan Penataan Desa Dengan Sasaran Pemekaran Desa

Berita Terbaru