“Sinarieun! Énjing-énjing kénéh atos gugah? Jam opat kieu, badé ka mana?”
“Badé ka salon, Ma!”
“Ka salon wayah kieu?”
“Muhun, Ma! Dintenan Kartini mah osok ngantri!”
“Ari éta keur naon mamawa samping sagala rupa? Kabaya Ema dibawa deuih.?”
“Muhun, Ma! Pan kedah dikabaya! Digelung, Ma!”
“Naha?”
“Pan ayeuna téh aya lomba KARTINI IDOL.”
“Teu kénging!”
“Tos jangjian sareng réréncangan, Ma!”
“Teu meunang!”
“Ma?”
“Ieuh Maman! Maké saragam biasa wé! Teu kudu pipilueun!”
***