Peuting maju ka majad, bulan nganteng dina pucuk camara. Kuring tuhu dina gilinding wanci, muter ngurilingkeun jaman. Di dieu, di hiji rohangan heureut. Dibaturan kasur nu ngajepat dina ranjang beusi nu geus ilang kelirna. Karahaan. Lomari nu nyésakeun eunteung rengat. Méja leutik nu nanangkeup pas kembang leungiteun cangklékna. Samak wé salulun, nangtung satukangeun panto.
Sakapeung sok kawénéhan aya katumbiri. Melengkung ti juru ka juru. Norobos ramat lancah nu papuket jeung boroanana. Pangangguran satadina mah, kuring nété umpalanana, laju nyorodot ti hiji kelir ka kelirna nu lian, jangkep kabéhanana dipecakan. Bari ngadédéngékeun saban sora nu piligenti ngaweuhan. Ti mimiti géréwékna tatangga nu nyeukseukan anakna. Kecewis ema-ema madungdengkeun béja nu palid kahiliwirkeun angin. Urusan dapur lah, kamar, nepi ka nagara nu hawana hangit. Bulangkep. Tah déngékeun! Kareungeu teu réprénna lagu Mawar Asuhan Rembulan ngagalindeng? Bangun nu surti kana pangaresep. Biwir ngunyem.
Kolotrak. “Palih dieu kamarna, mung kedah diberesihan heula. Tos lami kosong.”
Grup FB Fikmin Basa Sunda(FBS)
Biodata nu nulis:
Dewi W. Aliyyi(Dewi Wiati Sastra Atmaja)
Gumelar tur ageung di Malangbong, Garut. Danget ayeuna téh nuju diajar nyerat, salasawiosna dina grup FBS di lapak Fésbuk. Fikmin sareng carpon tos sababaraha kali dimuat dina media cétak, sapertos majalah Sunda Manglé sareng koran Galamedia. Kantos ogé ngagaduhan buku antologi fikmin sareng dua buku antologi sajak.