MÉJA KAI MAHONI

- Penulis Berita

Senin, 4 April 2022 - 00:08

facebook twitter whatsapp telegram line copy

URL berhasil dicopy

facebook icon twitter icon whatsapp icon telegram icon line icon copy

URL berhasil dicopy

Yasana: Agus Sugianto

Naon atuh anu bisa jadi cukang lantaran lamun hayang ngantengkeun katineung ka Apa? Ari ka pajaratanana tangtu kudu ngingkig ka lembur. Sedengkeun keur usum sasalad kieu.

“Ambéh hidep henteu pati katutuluyan kaleungitan,” saur Uwa.
Ngoréhan parasagén sugan aya potrét heubeul rék digedékeun ka tukang gambar.
“Alit teuing foto KTP mah, A.” Tukang gambar nyéréngéh.

Nempo conto jeung lukisan pesenan ngajajar disarandékeun, ras inget kana méja di ruang tamu. Méja pendék tina kai mahoni paranti Apa nunda koléksi buku. Ngamotivasi ti dituna mah meureun, sangkan kuring sadudulur jadi resep maca.

“Diical ku Tétéh.” Ema nuduhkeun ku gado. Satengah dilelekan Tétéh henteu wakca naon pangna méja dijual. Piraku butuh keur jajan onaman? Barina ogé pangaji sabaraha mun enya téh.

“Kasuat-suat si Tétéh téh. Sahenteuna pastina, unggal aya anu ngajadikeun ka adi-adina, prosésina téh apanan dilaksanakeun dina méja éta.” Uwa neureuy ciduh. “Teu sangka si Tétéh rék lawas léléngohan. Padahal rupa teu nguyang.”

 

Grup FB Fikmin Basa Sunda
29/7/2021

Biodata Anu Nulis:

Kang Agus Sugianto, fikminer anu nganjrek di Cirebon ieu téh tapis pisan dina ngaréka carita. Rata-rata karya seratna ogé leubeut ku ‘pesan moral’. Numawi teu héran upami anjeunna dileler hadiah ku LBSS dina raraga ngareuah-reuah miéling Poé Basa Indung Sa-dunya sasih Pébruari taun 2022. Fikminna karyana janten piunggul utama.

Berita Terkait

Gelar Seni Budaya Tolak Peredaran Narkoba
Desa Sangkanhurip Katapang Menggelar Acara Milangkala ke-48
MENGENAL SOSOK REVA YULI ANJANI, PENARI JAIPONG DARI DESA TARUMAJAYA
CARPON
CARITA PONDOK
PAMALI Bagéan ka-10
SISINDIRAN
PAMALI Bagéan ka-9
Tag :

Berita Terkait

Rabu, 12 Maret 2025 - 21:30

Bupati Bandung Dadang Supriatna Jabat Ketua Umum Asosiasi Aliansi Kabupaten Kota Peduli Sanitasi

Rabu, 12 Maret 2025 - 13:32

Ini Penjelasan Kadis PMD Tata Irawan Soal Wacana Pemekaran Desa di Kabupaten Bandung

Senin, 10 Maret 2025 - 13:26

Di Cicalengka, Kadis PMD Tata Irawan Sampaikan Paparan Arah Kebijakan Penataan Desa

Senin, 10 Maret 2025 - 10:50

DPMD Tata Irawan: Sosialisasi Arah Kebijakan Penataan Desa Dengan Sasaran Pemekaran Desa

Jumat, 7 Maret 2025 - 16:54

Bupati Bandung: Pembangunan Fly Over Jalan Rancaekek-Majalaya Sudah Diusulkan ke Provinsi Jabar

Jumat, 7 Maret 2025 - 16:49

Kang Ali Syakieb Tegaskan Peredaran dan Penyalahgunaan Narkoba Kejahatan Luar Biasa 

Kamis, 6 Maret 2025 - 13:36

Sosialiasi Arah Kebijakan Penataan Desa, Kepala DPMD Tata Irawan Minta Perangkat Desa Laksanakan Musdes

Kamis, 6 Maret 2025 - 02:52

Bupati Bandung Melakukan Kunjungan Kerja ke BGN: Bahas Aspek Teknis Program MBG

Berita Terbaru