Ku : Neng Gina
“Kang, saur Amih énjing ka ditu, aya picarioseun!”
“Ah, sok horéam Akang mah ari ka ditu téh, osok dititah waé ngarobah imah. Geus capé pipindahan, hayoh wé dipaké kuriak boga duit téh.”
“Pokona mah kudu ka ditu! Arék aya Bah Somad cenah. Sugan wé ari disaréatan mah urang téh buru-buru boga turunan, geus hayang boga anak, jeung ulah ririwit waé Nyai téh.”
“Ari Nyai éling teu? Lamun arék konsultasi ogé ka dokter lain ka dukun.”
“Pokona mah isukan urang ka ditu, titik sagedé kalapa!”
“Kumaha isukan wé Akang mah. Bisi kudu, kudu teuing mah, arék wé maksakeun.”
Kadéng sora nu eukeur ngalobrol di imah anu rada nenggang ti imah-imah sejénna. Salakina boga ngaran Duséng, ari pamajikanana nyaéta Yanti. Maranéhna geus rarabi aya kana sapuluh taunna tapi acan dipercaya boga turunan.
Indung bapana Yanti kaasup jelema jegud jeung pada mikasérab di lembur éta. Rék teu kitu kumaha, Bapana kokolot masjid, kitu deui indungna aktip dina sagala kagiatan. Boh aya pangaosan dimana waé teu elat dijugjug, ngabring jeung ibu-ibu di sabudeureunna. Ngan nya kitu, unggal pangaosan ganti gamis jeung tiung, kabéh kudu kompak, saragem. Kajeun teuing nganjuk, ngahutang daripada teu guyub jeung nu lian jeung bakal katempo misah sorangan anu balukarna tangtu dijauhan ku nu séjénna.
Indungna Duséng ogé bieuna mah miluan kana grup ibu-ibu éta, anu ku maranéhna dingaranan grup “koclak”, tapi indungna Duseng teu kuateun sabab unggal bulan kudu ganti saragam, sedengkeun indungna Duséng, boro boro meulian seragam, keur dahar ogé seuseut. Bi Omoh, nyaéta Indungna Duséng geus teu boga salaki, hirup nyorangan saditinggalkeun ku bapana Duséng limalas taun kalarung.
Bapana Duseng jeung bapana Yanti nyobat ti bubudak, malah Duseng jeung Yanti ogé sasatna mah dijodokeun. Duseng anu jarang ngomong nurut kana kahayang kolotna. Kitu deui Yanti, sabenerna mah geus boga kabogoh ngan manéhna teu bisa nolak kahayang kolotna.
Isukna Duseng jeung Yanti arindit ka imah kolotna Yanti, nyaan geus nyampak Bah Somad anu salila ieu jadi pananyaan saréréa. Barang nempo Duseng jeung Yanti datang, Bah Somad panonna mencrong teu ngiceup-ngiceup.
“Ah, nyaan barudak téh geuning salah nyieun imah téh, béda karasana ku Abah,” ceuk Bah Somad ujug-ujug nyarita kitu, padahal Duseng jeung Yanti ogé can diuk, diuk acan.
Duseng jeung Yanti ngajak sasalaman ka nu aya di dinya, gék duanana dariuk gigireun kolotna.
“Tah di Lembur Tengah, keun waè ditambahan bisi kurang mah duitna,” bapana Yanti mairan kana omongan Bah Somad.
“Asa geus capé pundah-pindah imah téh, mimiti nyieun imah kudu nyanghareup ngulon, terus nyanghareup ngétan. Anu acan tèh nyanghareup ka luhur! Lamun keur duaan jeung Si Nyai mah osok wé ngalér ngétan, ngidul, ka luhur. Saur Ustadz Yusup Bahtiar ogé lamun nyieun WC ulah nyanghareup ka kulon atawa ka wétan. Ceuk élmu sipil atawa struktur bangunan jeung élmu kaséhatan memang disarankeun mun nyieun imah alusna nyanghareup ka kalér atawa ka kidul, ambéh teu langsung kapanasan ku panon poé. Terus mun panto wc mukana ulah ka luar, bisi tidagor. Neundeun kasur ulah handapeun balok beton bisi katinggang jeung réa-réa deui. Nu ngaranna qodo jeung qodar mah teu bisa dirobah, nu bisa dirobah mah takdir. Contona hiji jalma ditakdirkeun gering atawa cilaka poé Kemis, tapi ku sabab rajin sodakoh, jadi salamet,” ceuk Duseng ngomongna panjang lébar.
“Beu, ari kitu saha Yusup Bahtiar téh?” bapana Yanti siga nu panasaran.
“Èta kabogohna Mbu Iteung, nu buukna galing jaba seurina nyari.”
“Urang mana?” bapana Yanti beuki panasaran
“Teu kedah uninga, pokona mah anu seurina ngariut matak kabéngbat, tapi kasépna mah éléh ku Kang Arya.”
Duseng jeung Yanti ahirna ngagugu deui kana kahayang kolotna, pindah ka Lembur Tengah, saluyu jeung panitah Bah Somad.
Di éta lembur jelemana panasan. Mun aya saurang anu meuli kulkas dua pintu, tatangga aya anu muriang. Aya nu meuli panci, breng meuli kabéh. Baju paalus-alus, emas paloba-loba, atuh Yanti ogé kabawakeun bélaan nginjeum duit ka Bank Émok, nepi ka ka sababaraha urang. Éta wé setoraneun téh unggal poé pepek ti Senén nepi ka Senén deui, atuh sabataé beuki puyeng kana sirah Duseng anu ukur gawé jadi tukang ojég. Sedengkeun kanyataanana ngojég téh apan kadang meunang panumpang, aya kalana henteu. Samalah ka Bank Émok kadang sok teu ka setoran. Tangka kudu gudar-gédor nginjeuman ka tatangga anu sarua baroga setoraneun siga manéhna.
Bakat ku ngahayoh jul-jol anu nagih, Yanti nékad hayang usaha ka luar negri. Manéhna geus éra diudag-udag ku pagawé Bank, tapi Duseng teu ngidinan kajeun teuing manéhna anu arék indit.
Antukna Duseng daptar ka sponsor, hayang miang ka nagri deungeun pikeun kasab anu leuwih punjul hasilna. Ceuk sponsor kudu mayar 20 juta. Sanajan rada ngagebeg ngadéngé biaya anu kudu dibayar téh sakitu gedéna, tapi tetep disanggupan ku Duséng. Manèhna yakin pibakaleun boga hasil anu mucekil. Pihak sponsor ngomongkeun yén éta téh biaya pikeun cék kaséhatan, urusan admistrasi jeung keur ongkos tikét. Mayarna bisa diangsur, ayeuna satengahna, sésana engké lamun arék terbang. Disanggupan wèh ku Duseng, bélaan ngajual motor jeung jékét kameumeutna anu salila ieu sok dipaké nyiar nafkah ku jalan ngojég.
Saminggu, dua minggu masih acan aya panggilan nanaon ti pihak sponsor. Boroning panggilan terbang, acan aya panggilan médikal, médikal acan. Duseng ngadatangan imah sponsor. Barang srog ka imah sponsor aya plang: ‘Rumah ini dijual”.
Duseng kacida reuwasna, manéhna indit ka warung anu teu pati jauh ti dinya, tuluy nanyakeun ka mana sponsor anu osok nginditkeun TKI. Ari hég téh cenah geus jadi buronan. Manéhna nipu calon TKI, geus loba korbanna. Duséng ngahuleng, manéhna ogé milu katipu. Duit ladang motor sapuluh juta ngalayang.
Duséng balik ka imahna tuluy bébéja ka Yanti yén manéhna geus katipu, atuh puguh wé Yanti kacida ambekna ngadéngé kitu téh, nyarékan laklak dasar ka salakina. Hanas Duséng kalah teu lémék, teu nyarék da ngarumasakeun dirina salah.
Ti dinya Yanti beuki nékad indit ka Arab. Enya wé, teu lila di PT-na tuluy ngapung. Mimitina mah bener unggal bulan ngiriman jang mayar hutang, geus sataun pleng les eweuh telepon, eweuh béja ka salakina.
Dina hiji poé, mitoha Duséng datang nitah nyerahkeun anakna nyaéta Yanti. Duséng kalah ngahuleng, manéhna asa ngimpi ditaragal titah nyerahkeun pamajikanana.
Ahirna Duseng nalak Yanti da mitohana keukeuh. Samalah imah anu dicicingan ku Duséng kalah dijual ku mitohana, atuh Duséng kapaksa balik ka imah indungna.
***
Hanca