“Ma, ulah maot lebaran!”
“Hih, ngomong ka mana karep! Maké jeung mamawa pati.” Ema nyaur bari imut.
“Pan abdi nu teu nungkulan, pas Bapa maot lebaran. Welasan taun katukang,” témbal kuring bari nginghak.
“Nyai kudu di dieu, nya! Mangsa Ema mapag ajal.”
Kuring unggut, laju nangkeup. Ema imut tur ngusapan.
Ayeuna kuring ngumbara. Lebaran jauh jeung indung. Tadi isuk aya warta, bari ukur tina hapé. Ema téh teu damang wales, nganti kuring beurang peuting. Batin ngenes ras ka jangji. Boa Ema ngantos éta.
Tilu poé tas lebaran, nu teu damang mingkin parna. Pabeubeurang meunang béja. Nu disambat ngaran kuring, ceuk adi dina telepon. Sora kuring tina hapé, ditompo kana cepilna. Nu gering nyaur teu puguh.
“Hapunten, can bisa mulang. Kaayaan keur walurat. Teu kedah ngantosan abdi, ihlas rido Ema mulih,” ceuk kuring negerkeun haté.
Méméh asar Ema tilar, ngantos kuring kedal ikrar. Jangji indung teu nyalahan, teu mulang poé lebaran.*
Grup FB Fikmin Basa Sunda (FBS)
Biodata nu nulis :
Siti Noer Hidayah (menur)
Taun 74 digubragkeun ka dunya. Teu kungsi tamat SMP. Mikaresep kana maca tur bijil rasa nyaah kana basa Sunda. Panceg paniatan, moal galideur najan sarwa walurat pikeun ngamumulé basa Sunda. Grup FBS di Fb minangka tempat mulungan élmu nulis, ngayak aksara sangkan mirupa kalimah anu pantes.