Fiksimini Basa Sunda
Ku: Arnita
Tilu taun leuwih papacangan jeung manéhna. Meleber kembang asih, nyeungitan kahirupan kuring. Tresna ligar samarcapada. Cahaya asihna lir srangéngé. Nyaangan. Ngahaneutan. Hanjakal duriat kaburu sapat ku samagaha.
Manéhna mindeng datang kana implengan. Malah saban waktu. Hésé poho, disieuhkeun kalah napel. Kaimpikeun. Kagundamkeun.
Hiji waktu basa keur ngumbar lamunan, manéhna norojol deui, “Aa, tepangan abdi kin sonten di tempat biasa, nya!”
Pasosoré geus saged. Boga jangji nepungan bébéné. Nyelah motor laju ngabiur. Gas satengah pol. Gagancangan. Karunya ka nu nungguan.
Nepi ka jambatan wates kota, Sasak Cinta katelahna. Tempat nu dijangjikeun. Manéhna kasampak keur nangtung. Mapag kuring ku imut kareueutna.
“Enéng téh keueung, A. Di ditu taya batur.”
“Deudeuh teuing, Geulis. Keun ku Aa diréncangan.”
Manéhna malikeun awak. Ngaléos. Hideng sorangan suku téh. Ngaléngkah nuturkeun nu undur. Kahariwang minuhan dada. Melang ka bébéné nu dipikacinta.
“Antosan, Néng!”
Basa rék ngaléngkah deui. Leungeun aya nu ngenyang. Kadéngé nu patinggorowok. Raéng. Sahéng.
“Didiiin …!”
“Éling, euy!”
“Istigfar … istigfar!”
Bandi, Umar jeung Husén ngarejengan kuring. Kakara sadar, geuning di sasak geus loba batur. Ngan Néng Ranti nu teu aya téh.
***
Ngeunaan pangarang:
Arnita ngawitan nyerat nalika sakola SMP sagala rupi karyana parantos dilebetkeun kana sababaraha antologi puisi, cerpen, fiksimini, pentigraf, esai, quote, soneta, seratan artikel parantos dimuat di media cetak sareng elektronik.