Méh tengah peuting Emily nelepon téh. Hariweusweus.
“Isuk mah rék balik soré kénéh, ah. Sieun panggih deui jeung lalaki éta. Hiiiy!”
“Lalaki nu mana?”
“Nu dadana gorowong, Rey! Piraku teu apal!”
“Teu!”
“Sakitu haliwuna. Sing ati-ati, Rey!” Emily ngingetan. Ukur dienyakeun, tuluy nutup telepon.
Tadi beurang tatangga hareup nu ngingetan. Ulah kaluar ti peuting, cenah. Lalaki nu dadana gorowong keur néang mangsa. Sakur wanoja nu pasangrok sok dibedol, dipénta haténa.
Handphone disada deui. Whatsapp ti Ratih.
“Rey, leres teu terang iber pun lanceuk? Terahir téh amitan badé nepangan Rey.”
Bosen ku nu nananyakeun, handphone dipareuman.
Kojéngkang kana bupét, nyokot kéler. Sup, ka kamar gigireun, nyampeurkeun jirim nu ngajepat dina dipan. Ambek, ijid, kuciwa, nyaliara satungtung haté.
“Teu beunang dipikanyaah! Naon nu ku manéh ditéangan aya di kuring, Edgar! Naha kudu nénéangan di tempat séjén?!”
Kéler eusi jajantung, haté, jeung larutan formalin dikoclok-koclok. Simpé. Lalaki nu dadana gorowong ukur melong kosong.
***
Grup FB Fikmin Basa Sunda.
Ngeunaan fikminer:
Denia Sonata, lahir di Cimahi, dumuk di Bandung. Sadidinten icalan online, damel di Radio Sonata 47 Bandung. Nyerat dina dua bahasa. Sababaraha Fiksimini Basa Sunda Katut carpon kantos dimuat di Harian Galamedia sareng Majalah Manglé. Cerpen Basa Indonesia medal di Cleopatra Publishing, Babad Bumi Publisher, Miranda Novelia Publisher, KiFa Publisher, Pilar Pustaka Publisher, RNA jeung Megania Aksara Publisher.