Yasana: Heni Sumarni
“Hampura kami, ieuh. Rumasa teu bisa babakti gumati.”
Bari diambung tonggong leungeunna.
“Sarua kami gé ulah kurang-kurangna ngahampura. Urang silih balungbangkeun.”
Pokna bari nampanan dampal leungeun.
Basa tadi peutingna.
Alloohu akbar walillaahilhamd.
Sora takbir melas-melis kaanginkeun reureundahan, anéhna lumengis takbir téh geus teu karasa deui ngahinis.
Pangparatan rasa lir geus kedewil, ngawidig baalna.
Kumpul ngariung bongkok ngaronyok kur sawates ritual miluan kagaliban.
Tong boro nyaruakeun baju sarimbit kawas nu lian.
Dalah nyaruakeun haté ogé, teu daék waé sairidan.
***
Grup Facebook Fikmin Basa Sunda, 08052022
Ngeunaan Fikminer:
Jenenganana Heni Sumarni, anu nami akun FBna Ambu Banten, kawit ti Cililin nu ayeuna nganjrek di Pandeglang, Banten.