LUMPAT, DINA LILIUH CINTA

- Penulis Berita

Sabtu, 7 Mei 2022 - 00:54

facebook twitter whatsapp telegram line copy

URL berhasil dicopy

facebook icon twitter icon whatsapp icon telegram icon line icon copy

URL berhasil dicopy

LUMPAT
Yasana: AndrieKW

Teu pira ukur ngajlengan pot leutik, suku kènca geus dua bulan teu walakaya. Pas kajadian mah teu dirasa, kalah ka ngadon indit nedunan tugas, muru kuya ka tungtung dunya. Isukna dipariksa ka rumah sakit.

“Tah ieu gambarna Jang, tulangna potong seukeut kaditu kadieu, kudu gancang dioprasi” Sora dokter handaruan, panon olohok nempokeun gambar, teu lila titingalian karonèng, poèk wèh.

Pas hudang geus ngagolèr, di riung ku lobaan. Aya nu nyekel ragaji, ogè palu jeung gègèp, kaciri beungeutna galeumpeur.

Uing rikat luncat, lumpat notog-notogkeun manèh bari gogorowokan, “Naha teu bèbèja rèk ngoprasi tèèèh!!!”

“Kunaon aa èta, teu pupuguh hudang, lumpat bari gogorowokan, boa boa…”

“Keun wè, ayeuna mah urang nungguan nasib Jang Ibro nu keur dipariksa.” Sora mandor bangunan neger-negerkeun manèh, sanggeus tadi aya musibah wangunan runtuh di ruang administrasi rumah sakit nu keur di omèan ku pagawèna.

Uing humarurung di peuntaseun rumah sakit, ngalungsar bari ngararasakeun suku nu beuki nyanyautan.

***

Grup FB Fiksimini Basa Sunda 20/03/2022

DINA LILIUH CINTA
Yasana: Nasrul Jatnika

Cinta ka anjeun mah ngayas. Kumalayang. Ngondang rasa ngotrétkeun sajak. Ngareimbeuyan haroshos rosa, najan dina mongkléng peuting. Ngalahirkeun hahaneut mangsa ngecrek ngijih. Anjeun ogé surti. Mairan ku galura tresna. Ngeukeupan cinta Zulaikha ka Yusup. Béda deui jeung anjeun. Nu mukakeun hakékat cinta. Rosana cinta dina tanggung jawab. Yén tresna urang lain sapoéeun. Mayeng, malah parat tepi kampung ahérat. Dina waktu-waktu mustari doa mustajab. Maké gerentes pangawulaan dumasar ibadah. Munjulkeun kalalakian kuring. Naha bisa dua rasa nu béda mawa kana katingtriman? Naha bisa tilu jelema dihijikeun dina jatukrami nu pageuh, répéh-rapih, sakinah mawadah warohmah?
“Kang, ieu candak kanggo Tétéh. Geuning minggu kamari basa ka dieu, resepeun pisan.” Kuring nampanan wadah black forest. Poé ieu giliran ka ditu.
“Mani raos kuéh téh. Sigana dijieun tina cinta munggaran ieu mah.” Si Tétéh imut.
“Ké, rek ditelepon Si Ayi, cuang heureuyan.” Kusiwel ngaluarkeun telepon. Uplek ngobrol. Sakapeung diselang saleuseurian. Karasa deudeuh Si Tétéh jeung hurmatna Si Ayi.

***

Grup FB Fiksimini Basa Sunda(heubeul), média citak Galamedia.

 

 

 

Berita Terkait

Gelar Seni Budaya Tolak Peredaran Narkoba
Desa Sangkanhurip Katapang Menggelar Acara Milangkala ke-48
MENGENAL SOSOK REVA YULI ANJANI, PENARI JAIPONG DARI DESA TARUMAJAYA
CARPON
CARITA PONDOK
PAMALI Bagéan ka-10
SISINDIRAN
PAMALI Bagéan ka-9

Berita Terkait

Rabu, 23 April 2025 - 03:44

Desa Indragiri Gelar Peningkatan Kapasitas Kader Posyandu RW dan Bunda Literasi RW

Senin, 21 April 2025 - 09:32

HUT Kab Bandung ke-384, Kecamatan Rancabali Jadikan Bandung Bedas Nyaah Ka Indung Program Unggulan

Selasa, 25 Maret 2025 - 21:05

H.Asep Syamsudin S,Ag Sosialisasikan Peraturan Daerah sekaligus Memberikan Santunan Kepada Puluhan Anak Yatim Piatu dan Lansia

Rabu, 12 Maret 2025 - 21:30

Bupati Bandung Dadang Supriatna Jabat Ketua Umum Asosiasi Aliansi Kabupaten Kota Peduli Sanitasi

Rabu, 12 Maret 2025 - 13:32

Ini Penjelasan Kadis PMD Tata Irawan Soal Wacana Pemekaran Desa di Kabupaten Bandung

Rabu, 12 Maret 2025 - 13:27

DPMD: Hasil Kajian 14 Kecamatan, 127 Desa, dan 8 Kelurahan di Kabupaten Bandung Layak Dimekarkan 

Senin, 10 Maret 2025 - 13:26

Di Cicalengka, Kadis PMD Tata Irawan Sampaikan Paparan Arah Kebijakan Penataan Desa

Senin, 10 Maret 2025 - 10:50

DPMD Tata Irawan: Sosialisasi Arah Kebijakan Penataan Desa Dengan Sasaran Pemekaran Desa

Berita Terbaru