PAMALI Bagéan ka-3

- Penulis Berita

Jumat, 6 Mei 2022 - 00:27

facebook twitter whatsapp telegram line copy

URL berhasil dicopy

facebook icon twitter icon whatsapp icon telegram icon line icon copy

URL berhasil dicopy

Kontrak digawé Yanti di dununganana geus bérés. Manèhna bébéja ka kolotna anu di lembur rèk sakalian nambah kontrak. Maksudna ambéh teu kudu mulang heula ka Indonésia, horèam kudu bulak-balik. Cukup sakali indit tapi hayang aya buktina tina hasil digawé jadi TKW. Teu jauh tina sangkaan, indung bapana kalah atoheun ngadéngé anakna arék nambah kontrak téh, duit bakal ngalir terus.
Anak dunungan Yanti anu geus barujang aya tilu, anu gedé ngaranna Muhamad, kadua Sultan, ka tilu Bandar. Sultan naksir ka Yanti tapi manéhna geus dijodokeun ku kolotna ka anak bibina, ngan ngadagoan Muhamad kawin tiheula. Ari Muhamad ogé sarua geus boga calon, ka anak amangna, malah sabulan deui kawinna. Ti sanggeus Bandar mah ka handapna kabéh ogé awéwé. Anak dununganan Yanti kabéhna aya sapuluh, lalaki tilu, awèwéna tujuh.

Sultan sakapeung sok néangan kasempetan, lamun pangeusi imah keur sararé kénéh manéhna sok miheulaan hudang, lamun Yanti eukeur di dapur buru-buru disampeurkeun.

“Yanti, pangnyieunkeun téh susu!” ceuk Sultan bari nangkeup ka Yanti ti tukang. Atuh puguh wè Yanti anu eukeur ngumbahan wadah kacida reuwaseun aya anu nangkeup.

“Astagpirulloh, nanaonan manèh Sultan makè nangkeup kuring, kumaha lamun katingalieun ku kolot jeung dulur manéh engké urang kena masalah?” ceuk Yanti bari nyurungkeun  Sultan.

“Urang bogoh ka manèh Yanti, ti barang manéh datang urang naksir.” Sultan némbalan bari gèk diuk dina korsi di dapur.
Yanti anu mémang kanyataanana keur jauh ti salaki, manèhna ogè sabenerna mah ngarasa hanaang ku pangrungrum ti lawan jinis. Aya hatè kadua leutik ka Sultan téh, tapi manéhna loba kasieun.

“Pamali Sultan! Manéh saha, urang saha, pan geus puguh manéh mah tèrèh kawin, maké ngomong bogoh ka kuring.” ceuk Yanti bari nunda téh susu dina méja hareupeun Sultan.

“Urang teu bogoh ka Si Sarah, bogohna ogè ka manéh tapi urang dipaksa kudu kawin ka Si Sarah.” Sultan nyarita bari nyekelan leungeun Yanti. Anu keur dicekel leungeunna ngadak-ngadak tingsariak, manèhna geus dua taun teu paantel jeung lalaki.

Keur anteng pacekel-cekel, kadèngé sora Mamah cacalukan, dunungan Yanti nu awéwé ngagero-gero ngaran Yanti. Sultan buru-buru indit bari mawa téh susu, kitu deui Yanti gura-giru nyampeurkeun ka kamar Si Mamah.

“Muhun Mamah, aya naon?” ceuk Yanti sanggeus nepi ka hareupeun kamar dununganna.

“Kadieu ka jero pang mencètkeun suku, hèsè hudang.”

Sakedapan Yanti ngahuleng, blus asup ka kamar. Katempo dununganna eukeur ugal-ugil arèk hudang tapi teu bisaeun. Ku Yanti diburu sukuna, diurutan, geus diurut kakarék bisaeun hudang. Kitu jeung kitu unggal poè anu kaalaman Ku Yanti. Tiap hudang saré pasti nyalukan Yanti, matak kudu sayaga samèmèh Si Mamah hudang manéhna kudu geus nyaring. Si Mamah nyaaheun pisan ka Yanti, geus dianggap anak sorangan. Lamun Yanti butuh nanaon teu elat dicumponan.

“Jung, geura nyieun kopi, bawa ka tengah imah, urang arék ka cai heula!” ceuk Si Mamah bari nyokot iteukna tuluy ka kamar mandi, ari Yanti mah gura-giru ka dapur arèk nyieun kopi.

Hubungan Yanti jeung Sultan beuki raket, malah Yanti dipangmeulikeun hp anu alus ngarah lancar lamun hayang nelepon téh. Atuh puguh wé méméh saré teu elat vidiokol sanajan saimah tapi cari aman, katambah kamar Yanti di tingkat tilu, pangluhurna, eweuh kamar saré deui ukur kamar paranti nyeuseuh jeung ngistrika. Matak jongjon lamun teteleponan téh.

Dina hiji poé pangeusi imah areweuh, kabéh ka hotél tempat résépsina Muhamad lanceuk Sultan nu panggedéna. Ari Yanti acan waka milu lantaran hayang bébérès heula di imah, da kitu urang Arab mah lamun arék indit-inditan kabéh eusi lomari kaluar. Ngarasa horéam ripuh, Yanti kajeun indit pandeuri, bébérés heula méh engké balik bisa langsung saré.

Di handap geus bérés, Yanti gura giru mandi da sakeudeung deui supir bakal néang. Kaluar ti kamar mandi, manéhna ukur di samping anduk, da kamar mandina ogé di jero kamar. Barang kaluar, Yanti teu rurat-rérét heula jug dilaan wéh anduk téh. Barang rék mukakeun lomari pakéan, katémbong tina kaca lomari aya anu keur ngedeng dina luhur ranjang bari nyéréngéh seuri. Yanti kacida reuwaseunana, ampir-ampiran ngagoak lamun teu apal saha anu aya di hareupeunana.

“Sultan, naha manéh bisa asup, pan kamar kuring di konci?” ceuk Yanti bari nungkup bagéan luhur jeung handap awakna anu teu kahalangan nanaon.

“Bohong, puguh panto kamar muka, ku kuring dicalukan teu nèmbalan waé, geus wé didagoan di dieu.” ceuk Si Sultan bari ngoprék HP-na.

“Buru kaluar! kuring arék dibaju, sakeudeung deui supir datang.”
“Sok wé arék dibaju mah, kuring teu kudu kaluar da geus ningali sakujur awak manéh jeung da lain supir anu néang manéh mah.”
“Saha, atuh? pan tadi ceuk Mamah, supir arék néang.”
“Kuring, matak balik ogé, supir mah néang Nini.”
“Oh!” ceuk Yanti tuluy gancang dibaju.

Geus bérés mah dangdan Yanti dibawa ka hotèl tempat resépsi, Si Mamah geus ngahayoh neleponan. Yanti kudu buru-buru ka hotél mawa baju salin keur Si Mamah. Sanggeus nepi, Yanti mukakeun panto mobil rék turun, tapi leungeunna kaburu dicekelan ku Sultan.

“Yanti, engké balik ti dieu panto kamar manéh ulah dikonci nya!” Ceuk Sultan bari ngutek-ngutek halisna.

Yanti teu nembalan, manéhna buru-buru asup ka jero hotél
***

(hanca)

Berita Terkait

Gelar Seni Budaya Tolak Peredaran Narkoba
Desa Sangkanhurip Katapang Menggelar Acara Milangkala ke-48
MENGENAL SOSOK REVA YULI ANJANI, PENARI JAIPONG DARI DESA TARUMAJAYA
CARPON
CARITA PONDOK
PAMALI Bagéan ka-10
SISINDIRAN
PAMALI Bagéan ka-9

Berita Terkait

Rabu, 23 April 2025 - 03:44

Desa Indragiri Gelar Peningkatan Kapasitas Kader Posyandu RW dan Bunda Literasi RW

Senin, 21 April 2025 - 09:32

HUT Kab Bandung ke-384, Kecamatan Rancabali Jadikan Bandung Bedas Nyaah Ka Indung Program Unggulan

Selasa, 25 Maret 2025 - 21:05

H.Asep Syamsudin S,Ag Sosialisasikan Peraturan Daerah sekaligus Memberikan Santunan Kepada Puluhan Anak Yatim Piatu dan Lansia

Rabu, 12 Maret 2025 - 21:30

Bupati Bandung Dadang Supriatna Jabat Ketua Umum Asosiasi Aliansi Kabupaten Kota Peduli Sanitasi

Rabu, 12 Maret 2025 - 13:32

Ini Penjelasan Kadis PMD Tata Irawan Soal Wacana Pemekaran Desa di Kabupaten Bandung

Rabu, 12 Maret 2025 - 13:27

DPMD: Hasil Kajian 14 Kecamatan, 127 Desa, dan 8 Kelurahan di Kabupaten Bandung Layak Dimekarkan 

Senin, 10 Maret 2025 - 13:26

Di Cicalengka, Kadis PMD Tata Irawan Sampaikan Paparan Arah Kebijakan Penataan Desa

Senin, 10 Maret 2025 - 10:50

DPMD Tata Irawan: Sosialisasi Arah Kebijakan Penataan Desa Dengan Sasaran Pemekaran Desa

Berita Terbaru