Mobil ngageuleuyeung muru ka airport.
Sapanjang jalan teu loba ngomong, Yanti ngadekul nempoan HP, susuganan Sultan nelepon. Rét ka jalan, rét kana HP, angger suwung. Waktu mobil geus nepi ka bandara, Yanti turun, babawaan mah dipangnurunkeun ku supir.
Yanti asup ka jero bandara bari ngadorong troli. Gék manèhna diuk dina bangku anu disadiakeun bari nungguan tempat ngasupkeun barang ka bagasi dibuka. Keur anteng mukaan FB aya anu noél, barang dirérét horéng Sultan
“Sayang …, sugan tèh moal amprok heula,” ceuk Yanti bari suntangan.
“Tadi nelepon ka supir titah didagoan di jalan, ari hég téh kuring teu meunangeun indit ku Si Sarah, untung wé masih di dieu acan berangkat. Rék ti kamari ka imah Mamah tapi eweuh kasempetan, ieu ogé bubuhan babaturan nelepon jadi bisa kaluar ti hotél.” Sultan ngajéntrékeun situasi manéhna bari ngaranggeum ramo Yanti.
“Hmmm, pangantén atuh tong waka kaluar, keukeupan wé pamajikan.”
“Yanti,”
“Mhh …”
“Urus budak urang, biayana mah bakal dikiriman ti dieu. Kuring lain embung tanggung jawab tapi kumaha atuh, Insya Alloh kuring bakal ka Indo,”
“Hmm …” Yanti teu loba omong jeung teu pati ngarepkeun Sultan nepungan manéhna ka Indonésia. Ayeuna waé keur deukeut geus hésé amprok, komo engké kudu jauh ka Indo.
Tempat ngasupkeun barang geus dibuka. Yanti cengkat, tapi dicarèk ku Sultan. Kalah tuluy gura-giru ngasupkeun babawaan Yanti ku manéhna. Geus bérés tuluy ngajak deui Yanti ka ruang tunggu. Manéhna ogé milu asup da bogaeun babaturan pagawé bandara matak bisa asup. Bari ngadagoan kapal siap terbang Sultan teris ngajak ngobrol ka Yanti, anu diajak ngobrolna mah haré-haré. Yanti bingung kudu kumaha ka hareupna, mikiran beuteungna anu lila-lila tangtu beuki ngagedèan.
Kadéngé pengumuman yén Kapal Garuda sakeudeung deui rék terbang. Kabéh penumpang titah buru-buru asup kana kapal. Yanti cengkat tina diukna, Sultan ogé milu cengkat, tuluy nangkeup Yanti. Anu aya di dinya arolohok ningali anu ditatangkeup.
Sultan nyium tarang Yanti.
“Pileuleuyan Geulis, Insya Alloh urang bakal tepung deui. Ieu keur bekel anak urang.” Sultan mikeun kantong leutik ka Yanti.
Sultan ngarasa sedih, kitu deui Yanti leuwih tunggara. Sabisa-bisa manéhna nahan cipanon supaya ulah ngeclak hareupeun Sultan.
Yanti geus asup kana kapal. Sultan ogé langsung balik saenggeus Yanti teu katémbong deui.
Yanti diuk dina korsi kapal. Sanggeus merenah, manéhna muka kantong leutik anu dibikeun ku Sultan. Bray dibuka, katempo duit numpuk 500 réalan. Lobana teuing sakumaha, da sigana mah aya kana ratusna lambar. Tuluy aya cepuk ciga perhiasan, dibuka téh nyaan wé emas sasét. Teuing sabaraha gram. Manéhna geus nékad rék balik heula ka lembur. Engké lamun beuteungna geus rada gedé, rék ngontrak di Jakarta.
Yanti geus nepi ka lemburna dibagéakeun ku indung bapana. Kangaranan anu datang digawé ti nu jauh, komo ieu ti luar negeri, tangtuna rébo ku babawaan.
***
(hanca)