PAMALI Bagéan ka-5

- Penulis Berita

Senin, 16 Mei 2022 - 22:23

facebook twitter whatsapp telegram line copy

URL berhasil dicopy

facebook icon twitter icon whatsapp icon telegram icon line icon copy

URL berhasil dicopy

 

Yanti jeung Sultan beuki wani. Teu béda ti anu geus laki rabi, tiap aya kasempetan ampir tara diengkékeun deui.

Ngan ukur dina waktu jarak sabulan Sultan arék kawin sedeng kontrak Yanti kari dua bulan deui. Ka kolotna, Sultan ménta hajatna diundur, manéhna méré alesan can siap rumah tangga ayeuna-ayeuna. Indungna keukeuh maksa kudu daék dikawinkeun bulan hareup. Sultan ngarasa bingung manéhna geus janji ka Yanti arèk milu ka Indonesia lamun Yanti balik. Lamun kawin heula mah jeung anu dijodokeun ku indungna mereun moal bisa milu.
Panon poé isuk-isuk teu pati béngras. Yanti karék hudang saré. Sirahna ngadadak lieur, angenna murel hayang ongkék. Manéhna buru-buru ka cai, ngadon utah uger. Sanggeus ngarasa rada ngemplong, manéhna gura-giru mandi. Laju gagancangan turun sieuneun Si Mamah bisi kaburu hudang.
Yanti barang gawé siga sadari sanajan bari rada jojolongjongan. Geus bérés barang gawé kakarék mumuluk. Can puguh am, ngambeu dahareun anu di hareupeunana, manéhna geus hayang utah deui, tungtungna mah ukur nginum cai entéh amis. Karasa awakna rada seger meueusan.
Si Mamah geus hudang tuluy ménta kopi jeung sarapan, barang srog ningali Yanti meni pias, panonna jéér bereum, Si Mamah gancang nyampeurkeun.

“Yanti, ku naon manéh? Jiga anu gering.”
“Teu ku nanaon, Mamah, muriang biasa wè meureun.” témbal Yanti bari ngalèos.
Sanggeus ka dapur Yanti ngahuleng, manéhna inget geus dua bulan teu héd. Dirina kacida reuwas, rus-ras kana naon anu kungsi dipilampah jeung Sultan.

“Boa-boa aing téh …,” gerentesna, teu kebat. Teu talangké manéhna ka luhur, maksud rék nelepon ka Sultan di kamarna. Teu ngadagoan lila, kadéngé telepon diangkat.

“Halo assalamualaikum, Sayang, aya naon? Tara-tara nelepon, kangen nya?”
“Gawat, sayang! Jigana kuring reuneuh, geus dua bulan teu héd!” teu basa-basi, Yanti langsung nyarita kana pokona.
“Naon? Hamil! Gugurkeun teu hayang nyaho.”  Sultan nyaritana jiga anu reuwas.
“Anjeun poho nya? Ti heula ngomong ka kuring lamun aya nanaon manéh arék tanggung jawab, tapi naha ayeuna bet kieu?” Yanti ngambek asa diulinkeun.
“Geus heula, kuring keur gawè engké ngobrolna di imah.” ceuk Sultan bari nutup telepon.

Lung, hp dialungkeun kana luhur kasur, geus kitu mah hing wé manéhna ceurik. Yanti ngarasa hanjakal manéhna geus kaolo ku Sultan, ayeuna manéhna bingung kudu kumaha pilampaheun. Rék balik ka lembur bakal éra mawa beuteungna anu eusi, ari cicing sieun kanyahoan ku Mamah.

Poé harita Yanti hulang-huleng, gawé ogé teu puguh cabak. Nempo kitu dununganana nitah reureuh, ulah capé teuing gawé. Sarékeun wé, heug méméh saré kudu ngadahar heula obat, cenah. Yanti bungah pisan boga dunungan ngarti heung nyaah kacida. Geus bérés kukumbah wadah urut dahar beurang, manèhna naek ka luhur, rék ka kamarna. Karék deuk gap nyepeng gagang panto, Mamah nelepon ka manéhna.

“Yanti, urang jeung barudak ayeuna indit ka pasar, arék meuli baju keur engké lamun kawin Si Sultan. Balikna arék tuluy ka imah Nini, tong nyieun dahareun, keur manéh wé soranganeun!” ceuk Si Mamah
“Muhun mangga, Mamah.” pokna.
Sanggeus telepon ditutup, Yanti ngedeng ngararasakeun angen anu nyelnyelan waé hayang ongkék. Berengbeng lumpat ka cai, golokgok, meunang dahar bieu kaluar kabéh, eweuh anu nyésa. Awak Yanti asa leuleus, eweuh tangan pangawasa. Kaluar ti kamar mandi leumpangna ngarayap, satengah ngorondang.
Nepi kana ranjang reup wéh saré, hudang sotéh asa hareudang. Horèng AC teu dihurungkeun. Nempo jam geus pukul dalapan. Manéhna nguniang, hudang lalaunan. Laju indit ka cai, sibeungeut. Geus kitu manéhna turun, meni paroék eweuh anu ngahurungkeun lampu.

Yanti ka dapur arék nyokot dahareun, muka kulkas aya jeruk lémon, tuluy ku manéhna dijieun jus. Dina wadah bubuahan aya apel, kiwi, jeruk, anggur jeung cau. Jorojoy asa hayang sop buah, dekul nyieun sop buah. Geus bérés tuluy dibawa ka luhur. Alhamdulilah murak anu kitu mah seger teu kaluar deui.
Bari ngadagoan tunduh Yanti muka HP, bray muka pésbuk katempo aya anu ménta pertemanan. Ditempo ngaranna Arya Kamandu. Ditoongan poto propilna, gebeg, manéhna asa reuwas. Disidik-sidik téh jiga Duséng, ditempoan dina berandana ari hég téh enyaan Duséng, popotonganana. Meni garaya, aya anu eukeur dina mogé, aya anu eukeur ulin di basisir. Ari geus puguh mah wawuh, nya ditampa wéh ku Yanti.
Keur anteng ngoprék HP, kurunyung Sultan datang. Gèk diuk gigireun Yanti. Can sadareun, Yanti mah anteng wé kana hp. Celengok Sultan nyium Yanti, anu diciumna tibang ngarérét, teu ngomong. Yanti ngarasa keuheul ka Sultan anu nitah ngagugurkeun kandunganana.
“Kunaon? Ngambek nya? Hampura kuring baluweng teuing kumaha. Saminggu deui kudu kawin ka Si Sarah, terus manéh eusi, kudu kumaha kuring ayeuna?” Sultan ngomong ka Yanti anu haré-haré ngoprék hp.
“Terserah kumaha manéh, ngan urang moal ngagugurkeun kandungan. Keur mah geus milampah pagawéan dosa, ayeuna arék maéhan budak anu teu tuah teu dosa. Jung waé arék kawin mah, kuring arék balik ka Indo, keun waé budak mah arék di urus ku kuring.” ceuk Yanti bari nyusutan cai panon anu teu karasa kaluar.

Sultan teu ngomong, golédag ngedeng dina lahunan Yanti. Segruk, manéhna ogé milu ceurik. Manéhna kacida bingungeun, puguh gé sama sakali teu bogoh ka Sarah, ari arèk ngomong ka indungna mana teuing bakal ambekna mereun.

Yanti geus bèbéja ka Si Mamah hayang balik ka Indo. Manéhna nyieun alesan kolotna gering supaya bisa diidinan mulang téréh-téréh. Dununganana nyarék waka balik, kudu engké geus hajat ngawinkeun Sultan. Yanti teu bisa kumaha, daék teu daék kudu nurut. Tambah pikirna keun baé ukur saminggu deui ieuh kana kawinna Sultan.

Cunduk kana waktu ninggang kana mangsa Sultan jatukrami ka Sarah. Manéhna euweuh kabéragan sumawonna bungah. Haténa ngarasa dosa ka Yanti. Geus pada ngagoda ogé ku adi-adina, cenah piraku pangantén loyo, Sultan ukur imut teu ngajawab.
Yanti milu ka hotél tempat resépsi Sultan jeung Sarah, embung ogé dipaksa ku Mamah, itung-itung perpisahan pagéto Yanti balik ka lembur.
Pangantén diréndéngkeun. Pangantén awéwé teu lésot nyekelan leungeun pangantén lalaki. Dina jero dada Yanti asa cing haréab, hadéna Mamah ngajak balik jam dua. Ngomongna geus teu kuat nyeri suku cenah, Yanti atoh sabab hayang balik titatadi.
Geus dua poé Sultan teu balik ka imah, keur bulan madu di hotel. Poé ayeuna Yanti balik ka indo, Mamah méré hadiah emas jeung duit.

“Cuti wé wungkul atuh, Yanti. Ké geus cageur mah indung manéh, buru-buru balik deui ka dieu.” pokna. Hanjakalna Yanti embungeun, leuwih milih cicing di lembur ngurus kolotna.

Yanti geus asup kana mobil, manéhna luak-lieuk, sugan wé Sultan kaburu datang. Manéhna hayang nempo Sultan dina waktu panungtungan, tapi lebeng. Mobil maju ngageuleuyeung ninggalkeun imah anu pinuh ku panineungan. Yanti nyusutan cipanon bari ngusapan beuteungna.

Supir anu nganteurkeun Yanti ngobrol dina telepon, kadéngéna téh nyebutkeun didagoan di jalan wé. Teuing naon maksudna jeung deuih boa jeung saha jangjianna.

***

(hanca)

 

 

Berita Terkait

Gelar Seni Budaya Tolak Peredaran Narkoba
Desa Sangkanhurip Katapang Menggelar Acara Milangkala ke-48
MENGENAL SOSOK REVA YULI ANJANI, PENARI JAIPONG DARI DESA TARUMAJAYA
CARPON
CARITA PONDOK
PAMALI Bagéan ka-10
SISINDIRAN
PAMALI Bagéan ka-9

Berita Terkait

Rabu, 23 April 2025 - 03:44

Desa Indragiri Gelar Peningkatan Kapasitas Kader Posyandu RW dan Bunda Literasi RW

Senin, 21 April 2025 - 09:32

HUT Kab Bandung ke-384, Kecamatan Rancabali Jadikan Bandung Bedas Nyaah Ka Indung Program Unggulan

Selasa, 25 Maret 2025 - 21:05

H.Asep Syamsudin S,Ag Sosialisasikan Peraturan Daerah sekaligus Memberikan Santunan Kepada Puluhan Anak Yatim Piatu dan Lansia

Rabu, 12 Maret 2025 - 21:30

Bupati Bandung Dadang Supriatna Jabat Ketua Umum Asosiasi Aliansi Kabupaten Kota Peduli Sanitasi

Rabu, 12 Maret 2025 - 13:32

Ini Penjelasan Kadis PMD Tata Irawan Soal Wacana Pemekaran Desa di Kabupaten Bandung

Rabu, 12 Maret 2025 - 13:27

DPMD: Hasil Kajian 14 Kecamatan, 127 Desa, dan 8 Kelurahan di Kabupaten Bandung Layak Dimekarkan 

Senin, 10 Maret 2025 - 13:26

Di Cicalengka, Kadis PMD Tata Irawan Sampaikan Paparan Arah Kebijakan Penataan Desa

Senin, 10 Maret 2025 - 10:50

DPMD Tata Irawan: Sosialisasi Arah Kebijakan Penataan Desa Dengan Sasaran Pemekaran Desa

Berita Terbaru