SAUR MUNGGARAN

- Penulis Berita

Minggu, 8 Mei 2022 - 07:03

facebook twitter whatsapp telegram line copy

URL berhasil dicopy

facebook icon twitter icon whatsapp icon telegram icon line icon copy

URL berhasil dicopy

Ilustrasi

Ilustrasi

Yasana: Neng Gina

“Mah, ènjing téh saum, nya?”
“Muhun, Kasép. Badé saum atuh?”
“Badé. Ngan saurna hoyong sareng daging hayam nya, Mah!”
“Insya Alloh. Sugan aya milikna. Urang mésér daging hayam.”
“Asik …! Mah, ari Izal téh gaduh Bapa teu?”
“Nya gaduh atuh, lamun teu gaduh Bapa mah moal aya anu kasép.”
“Naha, geuning teu aya? Bapana Si Rudy tara aya di bumi geuning sok uih sasasih sakali. Bapana Si Anton osok uih deuih. Ukur bapa Izal anu tara uih téh.”
“Cing sabar, Kasép. Mudah-mudahan wé saum anu ayeuna mah Bapa hidep mulang.”
“Asik … Bapa uih! Nyaan Mah, Si Bapa badé uih?”
“Insya Alloh. Dungakeun wé ku Ujang. Mugia bapa hidep cing aya dina panangtayungan Alloh SWT.”
“Aamiin!”

Teuing geus sabaraha puluh, duka ratus kali. Faizal nanyakeun bapana. Indri, ngaran indungna Faizal nu kudu terus néangan alesan pikeun ngajawab tiap pananya ti budak anu teu pisan kungsi nempo rupa bapana. Manéhna geus tujuh taun ditinggalkeun ku nu jadi salakina. Baheula basa Indri ngandeg ku Faizal karék tilu bulan, salakina pamitan arék néangan gawé ka Jakarta. Nuturkeun dahuanana Indri anu geus leuwih ti heula gawé di ditu.

Ti saprak harita taya béja taya carita. Da ceuk lanceukna teu kungsi kadatangan ku Danu, salakina Indri. Puguh wé Indri ngarasa reuwas ngadéngé béja kitu ti lanceukna téh. Manehna jeung lanceukna nepi ka laporan ka polisi sagala basa Danu geus saminggu ditéangan teu ka panggih. Lapur nepi ka kiwari geus tujuh taun euweuh laratanna.

Ti harita Indri hirup nyorangan dibaturan ku anakna. Anu kiwari geus sakola kelas hiji SD.
Asalna mah Indri cicing jeung Indung bapana, tapi kiwari duanana geus tilar dunya. Nya Indri nuluy nyicingan imah titinggal kolotna. Imah panggung anu basajan bari geus butut, tapi sakitu ogé Alhamdulilah boga tempat keur cicing.

Pikeun nyambung kabutuhan sapopoé Indri sok kuli nyeuseuh jeung ngistrika di tatanggana. Manéhna geus boga langganan. Jadi teu kudu kukurilingan néangan anu butuh ku tanagana. Bayaranna sabulan sakali. Nya, Alhamdulilah ari keur dahar mah mahi. Lamun teu dipotong mayar ka lancekna mah bakal boga meureun tabungan saeutik waé mah. Ngan nya kitu unggal bulan lanceukna ménta dibayar hutang imah jeung tanah anu ayeuna dicicingan ku Indri.

Sanggeus indung bapana tilar dunya dua taun ka tukang. Lanceukna ménta bagéan warisan. Sakitu saméméh maraot téh kolotna geus méré wasiat. Imah jeung tanah anu ayeuna dicicingan ku Indru, éta bagéan manéhna. Kitu sotéh da lanceukna mah eunggeus dibéré bagéan sawah. Indri mah teu dibéré da langsung dijual ku lanceukna mangsa kolotna aya kénéh. Kanyataanana, sanggeus ayeuna kolotna areweuh, lanceukna keukeuh ménta bagéan kajeun mayarna ditungtut unggal bulan. Lamun Indri teu sanggup arék di jual ka batur. Pikeun ngajauhan piomongeun ku Indri disanggupan jeung deuih pikirna keun baé daripada teu boga tempat keur cicing. Leuwih hadé manéhna ngéléhan, kudu bisa mereketkeun kahayang anu teu perlu. Barang dahar ogé saaya-aya asal ulah kalaparan wé. Alhamdulillah, saminggu ieu mah daharna sangu jeung goréng témpé. Kadaharan méwah pikeun Faizal mah. Lain teu hayang méré kadaharan anu leuwih méwah, ngan naon atuh anu bisa dipaké nukeuran ka warung sangkan bisa ngahuapkeun deungeun sangu anu leuwih punjul?

Saperti poé harita. Munggah mun ceuk basa Cianjur mah. Tatanggana aya anu geus meuncit hayam, éntog, samalah aya anu ngabedahkeun balong sagala. Pikeun Indri mah kalah jadi ngarasa bingung. Duit gajih bulan harita dipénta ku lanceukna kabéh da keur butuh pisan cenah. Bari maksa deuih ngaluarkeun jurus pamungkasna, imah jeung tanah arék dijual ka batur lamun Indri teu mayar.

Adan magrib geus kadéngé di masjid. Indri masih kénéh ngahuleng inget kana paménta anakna. Anu tadi ngomongkeun hayang dahar saur jeung daging hayam. Manéhna indit muru ka warung grosir panggedéna di kampung éta. Susuganan méré, manéhna arék nganjuk heula daging hayam saparapat kilo waé mah.

“Assalamualaikum, Bu Haji!” Indri uluk salam sanggeus anjog ka warung.
“Waalaikum salam.” Bu Haji Nana ngawalon bari kuraweud.
“Manawi aya kénéh daging hayam. Badé nyandak heula saparapat.” Indri nyaritana bari tungkul manéhna ngarasa éra sabab boga hutang geus jangji arék mayar poé harita.
“Nyandak? Jiga anu neundeun waé, bayar heula hutang anu tiheula, kakarék dibéré nganjuk deui!” ceuk Bu Haji Nana bari némbongkeun paroman anu teu pikaresepeun.
“Duh, punten Bu Haji. Sanés badé ngahihilapkeun kana sametan. Mung Bu Haji ogé uninga panginten abdi gaduh raka sapertos kumaha?”
“Teu hayang nyaho. Moal dibéré nganjuk saacan hutang dibayar!” Bu Haji Nana teugeug.

Indri teu nyarita deui. Manéhna kaluar tuluy balik muru ka imahna bari mawa haté anu nalangsa. Manéhna ngarasa jadi indung anu euweuh guna. Teu pira anakna ménta dahar jeung daging hayam. Nepi ka teu bisa nyumponan.

“Akang, di mana atuh salira téh? Naha teu nyaah ka Nyai jeung Si Ujang. Geura mulih Kang!” Indri ngomong sorangan bari cipanon teu karasa kaluar. Ras ku nasib diri.

Datang ka imah. Indri tuluy ka cai, arék abdas, geus bérés deluk solat magrib. Geus bérés solat Magrib manéhna ceurik dina luhur sajadah bari ngadunga. Lamun téa mah salakina masih aya dikieuna mugia bisa balik deui kumpul jeung manéhna. Lamun geus euweuh di kieuna manéhna hayang nyaho kuburanna.

“Assalamualaikum!”

kadéngé ku Indri di luar sora anu uluk salam.

“Waalaikum salam!” Indri ngawalon bari nyampeurkeun ka hareup. Tuluy muka panto. Katingali ku manéhna hiji tangtungan anu bieu disebut ngaranna.

“Akang … Akang Danu!” Indri nyarita bari gigisik kana panonna bisi salah titingalian.
“Muhun, Nyi. Ieu Akang.” ceuk manéhna bari ngarangkul Indir tuluy ditangkeup pageuh pisan.
“Ya Alloh … Akang ka mana waé? Naha téga ninggalkeun Nyai sareng Si Ujang!” Indri ngomongna bari ceurik. Manéhna asa ngimpi salakina anu sakitu taun euweuh béja, euweuh carita ayeuna aya di hareupeunna.

“Hayu! Di lebet ngobrolna.” Danu ngaléng Indri dibawa ka jero.

Gék, duanana diuk. Indri teu lésot nangkeup Danu jiga anu sieun ditinggalkeun deui. Danu nyaritakeun naon anu kaalaman ku manéhna ti mimiti indit ti lembur tug nepi ka harita bisa deui mulang ka imah.
Manéhna indit ti lembur arék ka Jakarta nepungan lanceukna Indri. Tapi teu ku hanteu di jalan manéhna aya anu ngahipnotis. Nepi ka duit jeung babawaan kabéh lapur dibawa ku nu ngahipnotis. Manéhna teu sadar leumpang jauh pisan nepi ka amprok jeung Bapa-bapa. Tuluy manéhna dibawa ka imahna Si Bapa anu nulungan. Teuing ku naon manéhna nepi ka teu inget kana nanaon. Malah ngaran sorangan ogé poho. Nya ti harita manéhna cicing jeung Si Bapa anu nulungan. Nepi ka digawékeun di perusahaan anu Si Bapa. Ngan kamari manéhna sanggeus bérés solat lohor kasaréan, dina pangimpian amprok jeung hiji awéwé bari nuyun budak lalaki. Pas hudang ingetanna pulih deui. Manéhna inget basa dina beus aya anu ngasongkeun cai tuluy di inum. Ti harita manéhna teu inget nanaon nepi ka kamari. Manéhna inget anu datang dina pangimpianna téh Indri, pamajikanana. Nya isukna manéhna balik ka lembur.

“Tah, kitu lalakonna téh Nyi. Hampura Akang lain niat mopohokeun pamajikan tapi kitu gening lalakon hirup Akang téh.”
“Alhamdulilah, Akang salamet bari teu kurang nanaon. Nyai ngaraos bingah pisan. Tong ninggalkeun Nyai sareng Si Ujang deui, Kang.”
“Ujang? Jadi baheula basa Akang indit téh Nyai keur ngandeg?”
“Muhun, Kang.”
“Mana, ayeuna Si Ujangna?”
“Di masjid. Sakedap deui ogé mulih.”

Nyaan wé karék ogé Indri balem. kadéngé di luar Faizal uluk salam bari nyalukan indungna. Indri mukakeun panto. Tuluy mawa Faizal ka jero. Faizal reuwas ningali aya lalaki di imahna. Manéhna nyumput tukangeun indungna.

“Tong sieun, Kasép. Tah ieu Bapa hidep tèh!”

Indri nuyun Faizal nyampeurkeun Danu anu panonna keur carinakdak. Manéhna asa ngimpi amprok jeung anak katut pamajikan anu salila ieu ditinggalkeun ku manéhna alatan teu inget ka dirina sorangan.

Tiluan paungku-ungku nyacapkeun ka sono anu salila ieu ngancik dina haténa séwang-séwangan. Euweuh anu nyoara saurang ogé. ukur dina masing-masing haténa ngucap sukur ka Nu Agung.
Peuting harita kénéh Indri jeung Faizal di bawa ka Jakarta ku Danu.
Munggah munggaran lain ukur daging hayam paménta Faizal. Rupa-rupa kadaharan anu salila ieu ukur aya dina lamunan Faizal, ayeuna ngabarak di hareupeunana. Anak jeung indung nyinghareupan kadaharan méwah anu disadiakeun ku Si Bibi ladén anu salila ieu maturan Danu.
***

Riyadh, 23 April 2022

Berita Terkait

Gelar Seni Budaya Tolak Peredaran Narkoba
Desa Sangkanhurip Katapang Menggelar Acara Milangkala ke-48
MENGENAL SOSOK REVA YULI ANJANI, PENARI JAIPONG DARI DESA TARUMAJAYA
CARPON
CARITA PONDOK
PAMALI Bagéan ka-10
SISINDIRAN
PAMALI Bagéan ka-9

Berita Terkait

Rabu, 23 April 2025 - 03:44

Desa Indragiri Gelar Peningkatan Kapasitas Kader Posyandu RW dan Bunda Literasi RW

Senin, 21 April 2025 - 09:32

HUT Kab Bandung ke-384, Kecamatan Rancabali Jadikan Bandung Bedas Nyaah Ka Indung Program Unggulan

Selasa, 25 Maret 2025 - 21:05

H.Asep Syamsudin S,Ag Sosialisasikan Peraturan Daerah sekaligus Memberikan Santunan Kepada Puluhan Anak Yatim Piatu dan Lansia

Rabu, 12 Maret 2025 - 21:30

Bupati Bandung Dadang Supriatna Jabat Ketua Umum Asosiasi Aliansi Kabupaten Kota Peduli Sanitasi

Rabu, 12 Maret 2025 - 13:32

Ini Penjelasan Kadis PMD Tata Irawan Soal Wacana Pemekaran Desa di Kabupaten Bandung

Rabu, 12 Maret 2025 - 13:27

DPMD: Hasil Kajian 14 Kecamatan, 127 Desa, dan 8 Kelurahan di Kabupaten Bandung Layak Dimekarkan 

Senin, 10 Maret 2025 - 13:26

Di Cicalengka, Kadis PMD Tata Irawan Sampaikan Paparan Arah Kebijakan Penataan Desa

Senin, 10 Maret 2025 - 10:50

DPMD Tata Irawan: Sosialisasi Arah Kebijakan Penataan Desa Dengan Sasaran Pemekaran Desa

Berita Terbaru