Yanti geus nepi ka lemburna. Katémbong lungsé jeung rada sepa. Manéhna geuwat dibagéakeun ku indung bapana. Kolotna surti, kangaranan geus perjalanan jauh, tangtu capé kacida. Poé isukna maranéhna kakara ngobrol bari mukaan babawaan.
“Pa, sok amprok jeung A Duséng tara?” Yanti nanya ka bapana bari ngadaharan buah ngora.
“Eweuh dilembur Si Duseng mah, gawè di Jakarta cenah mah.” bapana ngawalon bari rada sieun ditanya saha pamajikan Duseng, da puguh nepi ka kiwari Duseng acan kawin.
“Oh nya, Ema, pangngawadahankeun korma sareng coklat. Engké soré abdi rék nepungan Ma Omoh. Di lain, lain ogé mitoha, keun waé Kang Duseng geus kawin deui ogé, geus ihklas Nyai mah.” kituna tèh bari nyocolkeun buah ngora kana uyah.
“Nya teu haseum Nyai éta ngadahar buah ngora isuk kénéh jaba acan dahar.” Bi Karsih mairan anakna anu keur ngadaharan buah ngora.
“Henteu, Ma! Seger puguh.”
“Jiga anu nyiram waé, ti barang datang ngan kana haseum wéh ditempo ku Ema téh,”
Gebeg, Yanti reuwas ngadéngé indungna ngomong kitu, manéhna acan bébéja yén eukeur kakandungan.
“Ema, Bapa, Nyai badé nyarios, tapi Ema sareng Bapa tong bendu.”
“Arék nyarita naon? Jiga anu penting pisan.” Bi Karsih rada rewas.
“Nyai téh leres nuju kakandungan, Ma,” ceuk Yanti bari tungkul.
“Naon? reuneuh?” Bi Karsih ngomongna tarik pisan tapi kaburu dihuit ku salakina.
“Muhun, Ema,”
“Reuneuh ku saha?”
“Ku anak dunungan, manéhna jangji arék datang ka dieu engké, ngan Nyai tèh bingung ku omongan tatangga mana teuing geunjleungna lamun Nyai ngajuru.”
Sajongjongan mah taya nu nyoara. Bi Karsih ngahuleng, sedeng Yanti jeung bapana ukur bisa silih rérét, laju tarungkul. Loba pananya nu ngulibek dina pikiran maranéhna.
“Kieu atuh ayeunamah, kumaha lamun Nyai cicing di teun Nini, di Pasir Simpur? Pan Nini mah paraji, tah engké geus ngajuru urang mikir deui kudu dikumahakeun budakna.” ceuk Pa Ubad milu mairan.
“Muhun, wios Pa, jaba nenggang deuih bumina. Ari sual budak mah arék di urus ku Nyai nepi ka iraha ogé.”
Sorèna Yanti indit ka imah Ma Omoh, kabeneran Duseng eukeur aya di lembur, ayeuna mah Duseng jadi gagah, pakéan teu elat ginding jeung rapih.
“Assalamualaikum,” Yanti Uluk salam.
“Waalaikum salam!” kadéngé ti jero aya anu némbalan sora awéwé.
Bray panto aya anu muka ti jero, katingali Bi Omoh ngajanteng dina lawang panto.
“Damang, Ma?” Yanti nyampeurkeun tuluy ngajak sasalaman ka Ma Omoh.
“Aéh, gening Yanti, cageur Ema mah, iraha balik ti Arab?” Ma Omoh ngawalon bari nangkeup Yanti.
“Alhamdulilah Ema séhat mah, atos saminggon wangsul téh.”
“Hayu, atuh ka jero!” Ma Omoh ngaléng Yanti ka jero imah, gèk duanana dariuk dina samak anu geus ngampar.
“Kumaha, di Arab téh betah?” Ma Omoh mimiti ngajak ngobrol ka Yanti.
“Ah, dibetah-betah wé, Ma. Naon uih ogé da A Dusengna atos nikah.”
“Ceuk saha anak Ema geus kawin? Ti saprak Nyai indit nepi ka kiwari masih kénéh acan kawin.” ceuk Ma Omoh.
“Piraku, Ma? Gening saur sepuh abdi, A Duseng atos nikah deui waktos abdi di Arab, matak abdi nyuhunkeun dipirak.”
“Baruk …? Sugan Ema mah Nyai papanggihan di Arab jadi ménta diserahkeun ka anak ema.”
“Teu pisan-pisan, Ma, sepuh abdi nelepon saurna A Duseng nikah deui.”
“Na hayangna kumaha ari kolot Nyai, baheula maksa nitah anak ema ngawin Nyai, ayeuna dipisahkeun.”
Keur anteng ngobrol, kadéngé sada motor ereun di hareupeun imah. Yanti ngarérét ka luar da panto teu ditutupan. Aya nu turun tina motor, ngan teu katémbong saha-sahana da maké hélm.
***
(hanca)