FIKMIN ASEP KOMARA

- Penulis Berita

Kamis, 19 Mei 2022 - 23:46

facebook twitter whatsapp telegram line copy

URL berhasil dicopy

facebook icon twitter icon whatsapp icon telegram icon line icon copy

URL berhasil dicopy

 

TIWAS

Kelas katingker jempling.
“SMKN Gilingwesi nu boborot téh, nya? Standar Pembiayaan jeung Standar Sarpras ukur dua-tilu? Haduuuh…!” Jol aya sora nu ngagaur.
Teu lila karasa aya nu nepak kana taktak. Dilieuk, angger pengawas éta kénéh. Sorana bet robah wanda jadi semu nyekroh.
“Tapi kétang jujur, alus!” Pamindingna ukur seuri maur.
“Saha heula atuh operatorna.” Pa Abdul nu nyempod gigireun laju keprok bangun nu suka. Nu séjén milu narurutan.
Di pojok beulah kénca, katempo Si Kelét ogé milu seuri maur.
Seurina nerus narutus ngumalangkang waé dina kaca spion. Komo mun pareng kaendagkeun. Dibarung ku haréwos nu ditompokeun; “Ari sakola abdi kumaha nya, A?”
Reg. Motor dieureunkeun. Karasa aya nu nga-WA. Bérébét. Japri link ti koordinator. Cenah mah tiwas. Ti pengawas. Béréndél excel dipapay imeut pisan. Palebah standar nu dua éta. Har, geuning jadi genep-genep? Nahnay nakeranan. Pagawéan sabulan campleng jeung guru-guru jalujur katut barudak nu saruhud, horéng geus ruksak burakrakan.

Grup FB Fikmin Basa Sunda 19062021

***

MOON ADMIRER

“Cios ngabungbang téh?”
“Nya tulus atuh.”
“Ramé teu?”
“Puguh wé.”
“Aya saha waé?”
“Loba. Aya urang Tasik, Bandung, Garut…”
“Urang Sumedang ogé aya?”
“Naon atuh bet tatanya waé? Lain mah miluan ngariung di dieu.”
“Aya nya?”
“Ka dieu wé atuh. Méh kasaksian ku sorangan. Ukur nanggap dongéng mah moal ramé.”
“Meni somseu, ih. Baeud yeuh…”
“Kumaha?”
“Teu, ah…”
Jempling. Peuting beuki ngalungkawing. Silalatu tingalangsrod numpakan peteng.
Bray, méga nyinglar. Haté beuki kelar. Halimun nyimbutan. Manglambar-lambar. Héab. Hawa haneut ngalalar.
“Isin ah, badé ka dinya téh…”
Layar ukur dirérét. Horéam némpas deui.
“Piraku bulan ragrag kana lahunan. Inggis éar pajagatan.” Bérébét téh.
Ambekan beuki ngaregéh.
Pleng. Nu moncorong kawas keur ngahuhuleng.
“Ngaganggu nya? Punten atuh. See you…”
Karep mah ngahulag. Ngan sora nu maca fikmin mimiti patingkocéak.
Reup, langit moékan. Euweuh nu ngempray euweuh nu gugupay.
“Héy, ka mana? Sok pundungan nya!”
Kosong euweuh walonan. Ukur émot bulan nu cipruk cimataan.

Grup FB Fikmin Basa Sunda 28042019

***

 

Ngeunaan Fikminer:
Asep Komara, gumelar di Subang ping 17 Oktober taun 1977. Dumuk di Sukamekar, Desa Cigadung, Kecamata Subang. Dibenum di SMKN 1 Subang ngawitan taun ayeuna. Kawitna mah ngajar Matematika SMKN 1 Patokbeusi, sami di Kabupaten Subang.

 

 

Berita Terkait

Gelar Seni Budaya Tolak Peredaran Narkoba
Desa Sangkanhurip Katapang Menggelar Acara Milangkala ke-48
MENGENAL SOSOK REVA YULI ANJANI, PENARI JAIPONG DARI DESA TARUMAJAYA
CARPON
CARITA PONDOK
PAMALI Bagéan ka-10
SISINDIRAN
PAMALI Bagéan ka-9

Berita Terkait

Rabu, 3 September 2025 - 22:22

Deklarasi Damai Menggema, Ormas se-Kabupaten Bandung Siap Jaga Keamanan

Selasa, 19 Agustus 2025 - 06:03

Desa Indragiri Rancabali Terima Bantuan Sarana Prasarana Masjid

Minggu, 17 Agustus 2025 - 10:38

Bupati Bandung Dadang Supriatna menjadi Inspektur Upacara peringatan HUT RI ke-80

Sabtu, 9 Agustus 2025 - 07:47

PKB Fun Run 2025 Sukses Besar, Kang Haji Cucun : Insya Allah Jadi Agenda Tahunan

Kamis, 24 Juli 2025 - 10:12

Bupati Bandung Lantik Pejabat di Situ Cisanti, Rizky Rinaldi Duduki Jabatan Baru Kabid Lalin Dishub

Senin, 21 Juli 2025 - 14:28

Hulu Citarum Jadi Sejarah Bupati Bandung Lantik 385 Pejabat Kabupaten Bandung

Minggu, 20 Juli 2025 - 22:42

KOARIS Jadi Gebyar muharam 1447 Hijriyah Desa Indragiri

Jumat, 18 Juli 2025 - 01:46

Mendagri Lantik APKASI, Kang DS : Kami Siap Dukung Visi Indonesia Emas 2045

Berita Terbaru

BEJAKEUN

Owner Dusun Stroberi kembali gelar khitanan massal

Kamis, 21 Agu 2025 - 06:55

SOSIAL POLITIK

Desa Indragiri Rancabali Terima Bantuan Sarana Prasarana Masjid

Selasa, 19 Agu 2025 - 06:03