CARNYAM Neng Gina
PAMALI
Bagéan ka-10
Ayeuna kandungan Yanti geus nincak salapan bulan, geus bulanna. Beuteungna katémbong beuki mendeyang, mingkin hésé usik. Sakapeung lamun hayangeun hudang, osok dibantuan ku ninina. Wanci sareureuh budak, Yanti masih ngadaweung dina lawang panto, pikiranana kumalayang. Mikiran Sultan anu nepi ka kiwari masih acan bisa dikontak tina HP, katambah mikiran eusi beuteungna. Tangtuna bakal gedé, bakal capétang, pinter jeung rupana moal teu béda jeung bapana, nyaéta Sultan. Bakal alus rupana da puguh turunan urang Arab. Tangtuna lamun geus gedé bakal nanyakeun bapana, ari manéhna kudu ngajawab naon?
“Nyai, geura ngampih, tong cicing waé dina lawang panto, pamali! Jaba geus arék magrib jeung tong ngalamun waé, keun budak mah urang urus jeung Nini di dieu!” ceuk ninina bari ngenyang leungeun Yanti.
“Nyaéta bingung, Ma. Kumaha lamun jaga budak nanyakeun bapana, abdi kudu ngajawab naon?” Yanti kalah malik nanya, bari cengkat tina diukna.
“Béjakeun wé geus paéh! Nu matak eweuh waé datang ogé.” sora ninina narikan, ti dituna mah mangkeuheulkeun ka Sultan.
Sanggeus Yanti nyaritakeun naon anu kaalaman ku dirina, ninina ngarasa keuheul ka anak minantuna. Aya rasa tugenah anu kacida sabab masih kénéh percaya kana hal-hal anu kitu. Yanti leumpang ka kamarna tapi kaburu dicekelan ku ninina.
“Ké heula, Nyai éta asa baseuh kitu, naha geus karasa beuteung?” ceuk Ninina semu héran, pédah Yanti siga anu geus kaluar cacai tapi teu ngarasa mules.
“Henteu, Ni, teu karaos nanaon da.” témbal Yanti bari nyabakan bujurna anu geus jemlang.
“Tong ka kamar, di dieu wé, heug telepon bapa manéh bisi ngajuru tengah peuting, Nini eweuh batur.”
Gék Yanti diuk deui, tuluy muka hp anu titadi dicekelan. Laju mencét ngaran bapana dina daftar kontak. Teu kungsi ngadagoan lila, kadéngé aya sora salam ti béh ditu. Teu loba carita, Yanti nitah bapana datang sabab ceuk ninina geus nepi kana waktuna orokan. Bari kaayaan rareuwas, bapana ngaenyakeun, rék buru-buru datang ka dinya.
Ninina merenahkeun kasur tuluy ditilaman ku perlak gedé. Sanggeus disalinan lantaran baraseuh, Yanti diuk dina kasur. Manéhna teu puguh rasa, cacai terus kaluar tapi can aya mules sakumaha anu sok dirasakeun ku nu rék orokan. Jam 10 peuting indung bapana daratang tapi Yanti masih haré-haré. Ninina anu geus pangalaman ngomongkeun yén éta moal nanaon. Éta mah tujuh ranca, ceuk kolot mah, matak lamun keur kakandungan ulah sublak-séblok cai. Maju ka tengah peuting, Yanti ngarasa asa rada mules, tapi manéhna teu wanieun ngageuingkeun sasaha. Padahal harita saréréa sarè di tengah imah, ngampar. Janari leutik, beuki nyeri mulesna. Yanti noélan ninina anu saré di gigireuna. Teu talangké, ninina gancang hudang sanajan semu anu rewas.
“Naon, Nyai? Geus mindeng mulesna?” ninina nanya bari keukeureuceuman.
“Muhun, Ni, tos teu kiat,” Yanti rada muringis.
“Sok atuh bebenah, keun waé indung bapa manéh mah tong waka dihudangkeun.”
Yanti geus teu kuat karék deuk ngedeng, kaburu hayang ngaheujeun, ku ninina dicarèk ogé da geus teu kuat. Karasa asa aya anu maksa kaluar tina palawanganna. Teu kungsi dua kali ngaheujeun, orok kaluar dina sakali ngahinta. Ngan asa aya anu teu biasa, orok teu kadéngé sorana. Yanti asa hayang ngaheujeun deui, teu kungsi lila kaluar deui orok, tapi sarua eweuh soraan. Ku ninina, éta orok anu dua téh digulang gapér, tapi angger duanana teu nyoara.
“Innalillahi wainnailahi rojiuun, Nyai budak téh gening maot duanana.”
Yanti ngagoak, asa teu percaya naon anu kaalaman ayeuna. Sidk manéhna ngarasakeun tadi soré budak usik kénéh dina jero beuteungna. Ngan teu nyangka sama sakali yén anu diborojolkeun téh bakal dua. Budak Yanti kembar, awéwé jeung lalaki. Paingan keur kakandungan téh beuteungna gedé pisan. Yanti pada ngupahan, indung bapana ogé ninina ngalelemu Yanti anu teu eureun murubutkeun cipanon.
“Keun waé cing sabar, matak kitu ogé budak nyaaheun ka indungna, ka manéh, Nyai. Meureun sieun indung kawiwirangan, da pasti budak beuki gedé, batur bakal nyaroheun jujutanana.” ninina, indung jeung bapana piligenti ngalelemu Yanti.
Ahirna budak diurus, dimandian tuluy dibungkus ku boéh. Saméméh dibungkus, layon budak dipoto heula ku Yanti, keur tempoeun majar téh. Alhamdulilah Yanti ngajuruna lungsur-langsar sanajan budakna geus maraot ogè. Da gening kitu ceuk nu loba pangalaman mah anak hasil zina sok babari dijurukeunana. Teu ciga anak hasil hubungan halal, nu rék orokan téh ngarasakeun kumaha nyerina, mulesna anu luar biasa.
Budak Yanti geus dikurebkeun di pipir imah ninina, anu awéwé dingaranan Salma, anu lalaki dingaranan Salman. Indung bapana Yanti baralik ka lemburna geus bérés tujuh poéna mah, sedeng Yanti mah dicarék waka milu, malah titah cicing baé jeung ninina.
(hanca)