Ku Septian MA
KAMELANG DARMAN
Poé téh siga nu heubeul lajuna. Panon poé geus mimiti lingsir, tapi hawa sigana angger ngelekeb. Katémbong hiji waruga rada kuru keur diuk. Awakna buligir, ari baju kalah dipaké ngahihidan awakna. Manéhna diuk dina tungtung tepas béh kulon. Panonna teu ingkah ti wanoja anu keur jongjon nutu paré di pipir imahna.
“Paré téh ayeuh, Nyai.” Ceuk Darman ka pamajikanana.
Nu keur nutu ngarérét, tuluy nanya.
“Ari curuk?” pokna.
“Har…, sok kamana karep ari teun téh.” Darman nyéréngéh.
“Éta gening peuting ngulapés.” Nyi Entin ngagonjak.
“Enggeus, Nyi, lah. Ayeuna mah nyieun kopi, pédo geura.” Nu dititah teu kungsi némbal deui, tuluy ngécagkeun halu muru ka dapur. Kop kana toplés jeung térmos, terus ninyuh kopi. Bari nanggeuy cikopi, panon Nyi Entin neuteup seukeut, neges-neges panempona.
“Na’ jiga nu keur mikir tarik gening, Kang?” pokna, kerung.
Nu ditanya teu némbalan. Sorot panonna katémbong béda, jiga aya kabeubeurat. Nyata pisan pamajikanana mah surti kana polah salakina.
“Keun ké ogé nyarita.” Ukur bisa galécok dina jero haté, Nyi Entin teu luaseun nyarita deui.
Sareupna, Darman kaluar ti imah, leumpang gancang semu nu rusuh muru ka imah Ki Rustam. Ngan aya nu béda, teu siga biasana, harita manéhna bet ngulincer jalan pipir.
“Tara-tara si Akang téh, sasarina gé sok jalan ka tepas hareup,” Nyi Entin ngagerendeng. Saterusna jajantungna karasa ratug. Kebek ku panasaran, manéhna nuturkeun bari terus ngawaskeun ti kaanggangan.
“Bener ieu mah, aya nu disumputkeun,” Nyi Entin neuteup kana punduk salakina, anu terus ngaleungit ka tukangeun panto imah Ki Rustam.
“Jadi teu puguh rarasaan kieu ieu téh.” nu nuturkeun kalah teu puguh laku. Antukna manéhna balik deui ka imah.
“Mangkaning Ki Rustam téh pananyaan nu kawilang rada jegud. Geus sababaraha urang lalaki nu hayang nyandung,tatambana ka manéhna. Sok sieun wé…,” teu kebat. Nyi Entin kalah jig ka kamar kekebut sepré jeungs imbut, laju kekedengan. Karepna mah rék tuluy saré, ngan tibatan reup kalah guling gasahan. Panonna kalah peurih alatan dipeureum-peureum. Samalah anggel gé geus ditutupkeun kana beungeutna, tapi angger teu daekeun saré.
Ti poé ka poé, Nyi Entin teu cicingeun. Manéhna terus nyaliksik laku lampah salakina. Kungsi dina hiji waktu balik ti imah Ki Rustam téh Darman katémbong rada muringis. Nyi Entin gura-giru muru. Ari bébéjana mah kamerkaan cenah, pédah geus ngadon taruang di imah Mang Samhi anu pernahna gigireun Ki Rustam. Nyi Entin teu haliwu sanajan nyaho Darman geus ti mana. Manéhna jongjon ngurutan tonggong salakina, bari sakapeung diusapan make cai haneut saluyu paménta Darman.
Nyi Entin kekedengan di tengah imah. Kituna téh bari ngahayoh cutrak-cetrék kana rémot tipi. Teu puguh nu dilalajoan, da puguh gambarna katémbong sawaréh. Rajeun aya nu katempo, rada regregan. Ma’lum ka pasisian mah sinyal tipi téh goréng. Teu kungsi lila kadéngé sora nu ngaléngkah dina palupuh, ngarekét.
Nyi Entin ngoréjat hudang nyampeurkeun kana datangna sora. Darman nu karék mukakeun panto dapur meni ngagebeg, nepi ka mencak sagala nganghareupan nu keur ngabedega di hareupeunana.
” Yeuh, ngareureuwas waé atuh!” ceuk Darman.
Ari Nyi Entin kalah cicing miyuni patung bari melong seukeut ka Darman. Ari nu keur ditempo kalah malik mapay panénjo ka Nyi Entin. Disidik-sidik ti luhur nepi ka handap, euweuh riuk-riuk guyon. Sikepna ajeg taya paroman marahmay atawa kumaha. Darman nepi ka héran, kakara nénjo pamajikanana siga kitu.
“Nyi…, Nyi…!” Darman nyalukan nu keur ngahuleng.
Nyi Entin teu némbalan kalah beuki kerung neuteup ka salakina.
“Yéééh, ulah heureuy ah, Nyai!”
Nyi Entin angger cicing. Katémbong sarérétan di juru panonna aya nu nyalangkrung.
“Boa-boa pamajikan aing téh kasurupan kitu.” Ceuk Darman dina jero haténa. Pikiran Darman ngadak-ngadak keueung, tuluy manéhna ngusap punduk.
“Nyi, nyebut, Nyi… ”
Nyi Entin geus teu bisa deui nahan, ambekanana beuki ngagancangan.
“A… A… Akang téh ré… rék néangan deui nyah? Ku, kurang naon ari ku…ring?”
Bari rada pegat-pegat, antukna Nyi Entin nyarita. Cimatana bedah teu katahan. Nu nyalangkrung téh jadi ngurutug. Nempo kitu, atuh puguh wé Darman pohara reuwasna. Jol kasawang deui ku manéhna, lalakon perjuangan baheula bakat ku hayang meunangkeun Nyi Entin. Lain saeutik, lain babari. Dihina kitu, kieu ku pimitohaeunana nepi ka béak karep. Tapi karepna keukeuh mikahayang jeung deuih boga rasa percaya Nyi Entin bakal satia ka manéhna. Antukna calon mitoha éléh géléng nepi ka ngajadina rumahtangga. Urusan can boga anak mah teu dijieun masalah jeung teu matak jadi kuciwa ka diri Darman.
“Jawab, Kang…, jawab…!” Nyi Entin maksa.
Darman teu némbalan ngan tuluy nangkeupp amajikanana anu kalah barontak. Teu karasa ku manéhna aya nu ngaley mapay pipina, haneut.
“Boa manéhna sok nempoeun kuring ka imah Ki Rustam kitu?” ceuk Darman dina jero haténa bari leungeunna teu eureun ngusapan sirah pamajikanana.
Haté Darman pagaliwota. Kareuwas, kasedih, kasieun jeung kamelang awor sajeroeun dadana. Salila ieu ukur Ki Rustam nu jadi panyalindungan. Sugan jeung sugan aya bongbolongan pikeun hal anu tumiba ka dirina. Ayeuna manggih kajadian kitu, manéhna beuki bingung; bakal kumaha nasib pamajikanana?
***