PÉNGKOLAN DÉPOT
Carpon Emha Ubaidillah
Mani kérényéng hayang geura gul mun ceuk babasaan mah. Heu, gul téh, luyu jeung kahayang anu geus asak diutang-itung ti saméméhna. Paling copél geus rinéh merenah-merenahkeun pancén pamajikan, pagawé dépot, duit setoran jeung leuwihna katut bisa muka deui cabang di tempat sejénna nu leuwih stratégis dina harti stéril tina picacapékkeun.
“Atuh mani teu sabar pisan, karék ogé dua bulan, urang muka dépot air minum téh, Yah,” ceuk pamajikan, hiji poé. Ah teu ditémbal da jeung saenyana mah lain urusan sabar teu sabar tapi gereget kuring anu geus ngaringkus hulu hayang ngabuktikeun buah usaha jeung tanaga kuring teu ngayayay lila. Kawantu, ti awal-awal ogé pamajikan téh kurang panuju kalawan alesan bahan nambah ‘beban setoran’ ka bank, sedengkeun setoran urut ngamodal warung anu ayeuna keur dikeureuyeuh ogé kapanan can lunas.
Nginget-nginget kaopat taunan ka tukang, waktu duaan jeung pamajikan haged nganawaétuan muka usaha wawarungan nuluykeun cabak nu jadi indung, bari modal sagemblengna nginjeum ti bank, mémang mimitina mah stabil malah bisa méré-mawéh ngajajanan anak dulur sagala rupa. Bati perbulan buleud beresih malah sésaan kénéh saenggeus dicongcay ku setoran wajib ka bank. Tapi édas, beuki dieu, beuki dieu sok komo brol budak katilu, karasa wéh keusrak ngadérédéd teu béda ti ngungkug dina tanjakan anu beuki nonggoh beuki netek. Atuh teu meunang hanteu, kuring kudu meres uteuk, meureut ketak kudu mampuh ngamekarkeun usaha lianna. Keur kitu téh tepung jeung Si Roni, sobat anyar anu heubeul icikibung dina dunya Dépot Air minum. Manéhna ngadunungan ka janda Maryam turta jadi mesin kaluar ka jerona duit dépot, alias tulang punggungna dépot Janda Maryam.
“Nyéta Man, urang téh geus bosen gawé di dépot Janda Maryam téh. Ku sagala dipirit Jeung dialas atuda, carék paribasana hirup urang téh kudu aya dina curuk manéhanana.” Kitu pok-pokan manéhna mimitina mah, leuwih ka disebut curhat meureun ceuk barudak ayeuna mah.
“Nya lamun téa mah, di dinya muka dépot, urang sanggup ngokolakeunana, sok komo ratusan mémber jeung titik konsumén geus kasakuan ku urang.” cenah deuih ngahatéan.
“Gampil lah urusan muka dépot mah, Ron. Ngan kamelang urang téh engkéna kumaha mun dunungan di dinya teu narima, di dinya pindah gawé ka urang.”ceuk kuring rada asa-asa.
“Kalem wé, Man, kieu logikana geura, ngaranna ogé usaha atuh, boh urang boh manéhna salaku mbos di dépot Janda Maryam bébas nangtukeun jalan usaha masing-masing.” cenah tandes bangun teu ringrang hariwang, keukeuh ngagedéan haté kuring. Basa ngariung sakalian ngumahakeun ka kolot jeung ka pamajikan téh, kaciri maréré restu ngan sigana téh satarengah haté . Tapi kuring neugtreug kalawan daria hayang muka lawang jeung luang geusan menyatna kahirupan anu leuwih unggul ti anu ayeuna keur dikeureuyeuh.
Teu rudet, golosor duit ti bank , gebro wéh kana mesin dépot jeung sagala rupa unak-anikna. Nyakitu nyiar kontrakanana teu ieuh hésé , sisi jalan raya kotamadya lebah péngkolan, jaba Si Roni geus nagog ditambah saurang deui Si Hari urang lembur peuntas.
“Ari di dinya geus meunang ijin ti Bos Depot Janda Maryam, pindah gawé ka dieu teh?” ceuk kuring hayang mastikeun, ari heg téh jawabanana bet pikiraneun. Harita téh sabot nyalsé di juru dépot.
“Keur Mbos Depot Janda Maryam manten dunungan urang mah, deuk bébéja deuk hanteu bahan sarua baé réaksina, Man, euy.”
Sabodo teuing ari kitu mah, ceuk haté . Tapi maju kadua mingguan usaha dépot aér minum kuring, dunungan Si Roni alias Janda Maryam ngontrog bari ngagidir pinuh amarah. Si Roni nu keur anteng ngeusian galon béak dadas dicarékan laklak dasar; Si Penghianat, Si Munapék, lalaki édan cukcrek kawin, Si Rampus kana kacang baseuh, awas siah ku aing moal burung dikukuntit terus, deuleukeun isuk géto ogé, lamun téa mah masih kadeuleu ku mata aing. Kitu sosorahna Janda Maryam bari ngaléjég hareupeun dépot kuring. Sebutan janda téh mémang heubeul ngaranda da mémang ketakna bengis hadé amprotan, teu awét boga salaki, rata-rata cenah saroak, sok sanajan umur mah geus kapala genep. Basa-basa kebon binatang anu rungseb didéngéna tétéla ngaburulu barijil kabéh . Si Roni teu minggé, saperkara karo-karo gélo meureun dilawan ogé kaduana mah ngarumasakeun jalma bubuara. Meureun, ieu mah ceuk kuring, engké oge aya bosenna kangaranan awéwé kolot nu geus bunghak ku dunya, piraku kudu haben ngoroméoh usaha dépot kuring ngaliwatan Si Roni. Kuring teu waka ulubiung sok sanajan teu ngeunah angen, anak buah jeung dépot digogoréng bébéakan.
Isuk jeung pagétona tétéla Bos Depot Janda Maryam ngontrog deui waé , kalawan sasaranana jelas-jelas Si Roni mantan anak buah kapercayaan manéhanana. Leuwihna deui bari ngancam ka kuring cenah mun Si Tulangkéhéd Roni teu dipecat, ulah atoh manéh, dépot kuring rék dilaporkeun ka nu berwajib kalawan tuduhan euweuh ijin usaha alias dépot galandangan nu teu puguh légimitasina. Si Roni babalicetan sap-sup ka gang bari nyamberan galon kosong tapi Janda Maryam teu cicingeun, manéhna lir kasandingan jurig burahol sajajalan ceuceuleuweungan ngagogoréng ngaran Si Roni; Kadé sing tarapti; hapé, kacang baseuh, duit, léptop, pakéan, salémpak awéwé! Tah ieu nu ngaran Si Jangkarkéhéd Roni téh bangsatna!
“Pokona mun Si Jurig Kleper Roni teu dipecat, awas rarasakeun wé!” Tah hohoak kieu mah hareupeun pisan pamajikan, da ngahaja nyampeurkeun ka warung. Mun seug teu bulak-balik istigfar, cenah ceuk pamajikan, tah bangus Janda Maryam téh piraku teu diwewelan ku mutu jeung bebek hileud sitataru.
Teu sirikna unggal poé ngontrogna téh, da jelas meureun asa kasaingan. Keur mah jarak dépot manéhna teu pati anggang ti dépot kuring, ukur ratusan méter, katambah pagawé kuringna, kakaburan ti dépot manéhanana anu kacida hatamna kana zona titik-titik konsumén air minum. Jelas meureun wilayah kakawasaan dépot Janda Maryam bakal ngarandapan ngarego tina agénda éksvansina. Si Roni anu bieuna deuk tagen haben nagen ahirna boboléh.
“Urang nyerah, Man.”
Biur ka Corenda mawa pamajikan, maksud rék niis heula nyelongkeun manéh di barayana. Kuring teu bisa kukumaha, sok sanajan geus nyoba ngahadang sorobotan Bos Depot Janda Maryam. Ih da teu kireum-kireum, atuh deuih tatangga dépot hararé-haré wé arapi-api teu ngadéngé. Dua poé, dépot kuring ukur ngandelkeun konsumén anu datang. Kaopat poéna mah ampir-ampiran nutup da apanan setir jeung nyawana Si Roni ngadon ngacir ka Corenda.
“Mun urang nganon-aktifkeun dépot, atuh kumaha keur nyetoran ka bank, Bu. Paling ogé Ayah deuk satekah polah nyiar pagawé deui. Da geus karuhan narik Si Roni mah bahan berésiko tinggi alias dardérdor waé perang.” ceuk kuring ka pamajikan.
“Aduan wé, hayang nyaho lah. Na’ da urang téh teu numpang jeung teu ngadon ka manéhna.” ceuk pamajikan nyeuneu, matak reuwas. Ari sugan teu nyakuan watek fighter deuih. Karo-karo gélo atuh ari paheuras-heuras genggerong mah, kuring ukur bisa ngagerentes. Keukeuh niat mah hayang ngabuktikeun ka kulawarga jeung ka balaréa yén kuring mampuh ngajungjung harkat darajat kulawarga ngaliwatan usaha muka Dépot Air Minum di péngkolan. Tangtuna kahayang jeung implengan mah teu jeung ngarugikeun dépot-dépot aér séjénna sapanjang masing-masing boga mémberna alias mémber séwang-séwang.
Kring, kring, sada hapé dina saku jékét, satadina mah seunggah muka hapé téh. Nu enggeus-enggeus ogé eusi wa-na teh loba kalimah téror, ti nomer nu euweuh ngaranan. Boa titahan Bos Depot Janda Maryam, meureun. Heu bisa waé. Urang siap jadi sales dépot aér minum di dinya, Man. Iraha mimiti der-na, uy? Ceuk sora ti peuntas nu taya lian Si Sarkunu. Plong, bumi-alam dak dumadak ngalegaan deui.
“Isuk, Kenu!”ceuk kuring satengah ngajorowok awahing ku atoh. Manéhanana téh rék teu jadi andelan kuring kumaha sasat ruruntuk pagawé galon di lemburna. Hartina, dépot kuring moal kungsi mandeg. Saminggu ka tukang téh béak déngkak meunang ngolo sangkan daék ngokolakeun dépot babarengan jeung kuring gaganti Si Roni. Apan baluar-balieur teu méré semu manéhna téh.
“Urang téh taun-taun ngolah dépot Haji Sarkayub, meunang naon deuleu ari lain daki mah namblog dina punduk. Meureun di dépot manéh gé moal béda ti kitu. Ukur meunang megur punduk jeung medok tarang.”cenah, matak sebér ka kuringna. Tapi teu éléh géléng, ku kuring dijangjikeun gajih bulanan jeung tip tina saban galonna.
“Sok, maksimal ka luar 30 galon sapoé. Sésana kop keur di dinya.”
Dikitukeun mah manéhna ngahuleng. Mun dina catur mah sekak-setér téa meureun. Tapi, nénjo péngkolan dépot anu tadina bésem ku ibun bet ngabulungbung hégar. Sumanget ngagulidag deui, harepan enyay-enyayan.
***
Gedebage, Tuntung bulan ujung taun 2023
Ngeunaan Pangarang:
Emha Ubaidillah atanapi langkung dipikawanoh Kang Emha ku sobat penulis lianna. Nyerat dina dua bahasa; Indonesia sareng Sunda. Nyerat dina wangun carpon/cerpen, sajak/puisi, guguritan, dakwah, laporan, artikel, ogé sababaraha novel sareng antologi carita pondok sareng antologi vignét. Dua novel silatna tos seueur didamel carita atanapi sérial dongéng di sababaraha chanel YouTube. Salian ti janten penulis, Kang Emha ogé pelukis, térapis sareng kaligraferis handal. Kiwari linggih di daérah Tegalluar papeuntas-peuntas sareng aréa Mesjid Raya Al-Jabbar, Kompl. Summarecon, KCJB ogé GBLA kota Bandung.