Sisindiran Ngeunaan Alam
Ku: Roy Rukmana
Ngala cikur dikoéran,
kihujan geus jadi catang
Muji sukur ka Pangéran,
usum hujan enggeus datang.
Sugan deui sugan deui,
Sugan jadi ngarandakah.
Hujan deui hujan deui,
hujan nu mawa berekah.
Sedekah urang sedekah,
sedekah lima rupia.
Barokah jadi barokah,
barokah keur balaréa.
Ngapak uyah sisi jalan,
ngarah gampil diicalan.
Ulah sok nyalahkeun hujan,
mun caah umpal-umpalan.
Ku naon bet disampalan,
bongan tadi dijualan.
Ku naon umpal-umpalan
bongan kai dituaran.
Ngala hurang diuyunan,
ngajega sisi walungan.
Hayu urang sauyunan,
ngajaga alam lingkungan.
***