Ku: NENG GINA
Yanti asup ka kamarna. Gék diuk. Pikiranana pinuh ku kabingung, kudu kumaha ngamimitian ngomong ka indung bapana anu geus téga ngabohong ka manéhna. Nepi ka ngabalukarkeun dirina papisah jeung Duseng. Keur anteng ngahuleng kadéngé HP-na disada, ditempo saha anu nelepon horéng Sultan. Teu talangké, gancang ku Yanti di angkat.
“Hallo, Sayang, Assalamualaikum.” ceuk ti ditu.
“Waalaikumsalam,” Yanti ngawalon.
“Damang, Say?” Sultan nanya.
“Alhamdulilah, kumaha anjeun damang?”
“Alhamdulilah kuring ogé séhat, kumaha anak urang cageur?”
“Sukur atuh, Alhamdulilah di dieu mah teu ongkék waè.”
“Sukur atuh. Kuring ogé arék ka Indo, Si Sarah ngajak bulan madu, Insya Alloh kuring nepungan ka dinya.”
“Sukur atuh.”
“Ku naon ciga anu bété?”
“Teu ku nanaon,” témbal Yanti. Geus kitu mah duanana uplek ngobrol, eureun sotéh kadéngé aya anu nyalukan Sultan dina telepon, Sarah jigana mah.
Yanti cengkat laju ka dapur, manéhna ngarasa lapar. Katempo indungna jeung sababaraha urang anu keur riweuh masak. Nu marantuan nyieun pasakan taya anu lian, kabéh tatanggana anu sakapeung digarawéna téh bari garogonjakan.
“Neng Yanti meni asa cahayaan uih ti Arab téh, kumaha betah di ditu?” salah saurang nanya ka Yanti.
“Tara ka poé, Bi, di ditu mah. Ah, ngabetah-betah manèh wé da hoyong hasil.”
“Paingan atuh anu baralik ti Arab meni barulé ari tara ka poè mah. Ibi ogé hayang indit ngan ulaheun ku salaki.”
“Badé naon lah, Bi, atos wé dibumi istri mah, bisi ciga abdi muru dunya tungtungna kalah papisah jeung salaki.” Yanti ngomongna bari ngarérét ka indungna, anu dirérét rada ngabalieur jiga anu éraeun.
“Nya kaasup bageur wé Jang Duseng mah ngajeujeuhkeun duit pamajikan, hutang kabayaran, imah pinuh ku parabot. Matak asa reuwas waktu ngadéngé papisah téh.” tatanggana nyambungan deui bari nyiksikan kentang.
“Jodona wé panginten, Bi, ukur nepi ka dieu.” ceuk Yanti bari ngahuapkeun buah ngora. Kadéngéna meni raraukan ciga anu ngeunah. Puguh wé tatanggana marelongkeun, meureun héran nempo Yanti ngadaharan buah ngora jiga anu keur nyiram.
“Neng Yanti, ‘na teu haseum éta ngadahar buah ngora jiga anu raos kitu?”
“Seger puguh, Bi” témbal Yanti. Terus manéhna ngaléos asup deui ka kamarna bisi tatanggana katutuluyan tatanya.
Waktu téh karasa nyérélék dina kahirupan Yanti. Kandungan Yanti geus nincak genep bulan. Ngan aya anu matak anéh, reuneuh genep bulan téh ciga anu geus bulanna, meni mendeyang. Manéhna geus tara daék ka luar, ngerem manéh wé di kamar. Sultan anu jangji arék ka Indo ogé eweuh. Malahan nomer HP-na ogé jadi teu aktip. Puguh wé Yanti beuki bingung, manéhna kudu buru-buru indit ti lemburna.
“Pa, iraha badé nganteurkeun abdi ka Nini tèh? Ieu beuteung beuki ngagedéan, bisi arapaleun mantén tatangga.” Yanti nanya basa keur ngariung tiluan.
“Engké heula, urang nanyakeun heula ka Bah Somad poé naon anu alus pikeun hidep indit ti imah.” bapana némbalan bari nyerebungkeun haseup roko.
“Euh, baku Bapa mah, indit mah indit wé teu kudu tatanya ka Bah Somad sagala. Isukan subuh Nyai arék indit sorangan ari Bapa embung nganteurkeun mah.”
“Euh, nanaon ogé kudu tatanya, contona Nyai indit ka Arab gening hasil usaha tèh.” indungna milu mairan.
“Heueuh hasil beuteung ngajendol jeung salaki papisah. Aéh asa kaingetan, naha Bapa sareng Ema bet ngabohong ka Nyai yén A Duseng kawin deui?” Ceuk Yanti asa manggih jalan pikeun ngomongkeun hal éta.
“Ceuk Bah Somad euweuh jodona cenah, lamun rarabi Nyai dituluykeun, Nyai bakal cilaka di Arabna. Nya daripada anak bapa cilaka lewih hadé papisah wé.” walon bapana, teu kireum-kireum.
“Geus ah, ngobrol jeung Bapa mah asa tambah rungsing kana otak Nyaina ogé. Pokonamah isukan subuh kénéh Nyai mah arek ka Nini.” ceuk Yanti bari asup ka kamarna, tuluy ngasupkeun pakéan kana kantong ngarah isukan kari indit.
Subuh kénéh Yanti geus hudang kitu deui indung bapana. Kapaksa maranéhna nurut kana kahayang Yanti anu keukeuh ménta dianteurkeun ka ninina. Atuh bring tiluanana arindit bari rada culang-cileung sieun aya tatanggana anu nempoeun. Hadéna acan aya jelema saurang-urang acan di jalan téh.
Nepi ka jalan gedé, maranéhna megat angkot anu jurusan ka lembur ninina Yanti. Teu nungguan lila angkot geus datang. clak waé tiluanana naék angkot muru ka lembur ninina.
Yanti katut indung bapana geus nepi ka imah ninina. Bapana nyaritakeun yén Yanti keur kakandungan, hayang ngadon ngajuru di dinya. Ninina teu loba tatanya, Yanti dibagéakeun kalawan deudeuh ku ninina. Pasosoré indung bapana geus baralik. Yanti ngadon kukurilingan di buruan imah ninina. Manéhna atoh bisa kaluar ti imah da di dinya mah jauh ka tatangga. Imah ninina nenggang, ayana di tengah sawah. Lain deui bungaheunana, Yanti ngarasa betah kacida. Hayang lauk kari nyiuk, hayang lalab kari ngala. Ayeuna Yanti jadi beuki kana dahar sanggeus kamari opat bulan teu kana sangu. Matak ayeuna siga anu mamayu, tambah ku ninina sagala dipupujuhkeun.
(hanca)