IHLAS, Bagéan ka-16

- Penulis Berita

Kamis, 7 April 2022 - 04:12

facebook twitter whatsapp telegram line copy

URL berhasil dicopy

facebook icon twitter icon whatsapp icon telegram icon line icon copy

URL berhasil dicopy

Yasana: Muhammad Fadhil

 

“Teu salah kitu ieu Bank téh mikeun tagihan kartu krédit ka kuring?” gerentes dina jero haté.
Asa can kungsi meuli hapé make kartu krédit, moal kitu, Velin? Tapi da hapéna masih angger kénéh hadiah ulang taunna nu kamari ti kuring. Ras inget minggu kamari basa jalan-jalan jeung Velin ogé Tiara, Velin kawas anu hayang meuli deui hapé, da asup ka konter hapé anu gedé di mall.
Mémang biasana gé kartu kredit kuring mah tara dibabawa ari lain ngahaja jalan-jalan atawa rék balanja mah. Velin, piraku Velin meuli hapé keur batur? Keur saha atuh, naha maké kudu sumput salindung, da ari ngomong jujur mah, da moal diulahkeun ku kuring ogé? Loba tanya jeung loba kabingung anu teu manggih jawabanna.
Velin, aya naon atuh anu sabenerna? Kuring ngarahuh napas beurat.
*

“Keur naon euy? Urang ngopi yu, ké beurang!” kitu eusi WA ti Aryo
“Biasa wé keur macul, Yo. kumaha nya, keur rada sibuk yeuh,” ceuk kuring malesan WA Aryo.
“Aya perlu saeutik, Bro,” ceuk Aryo ngabalesan deui.
“Ok atuh ari kitu mah,” ceuk kuring malesan deui.
“Aya naon yeuh? Tara-tara Aryo ngajak papanggih. Rék kawin sugan,” ceuk kuring dina jero haté.

Nepi ka kafé nyampak Aryo geus nungguan. Kawasna geus rada lila sabab geus aya sababaraha hiji kuntung udud dina asbakna.

“Woi, cageur?” ceuk Aryo nyalaman kuring anu karak datang.
“Cageur awak mah, Yo, ngan keur rudet saeutik, yeuh,” ceuk kuring nembal Aryo.
“Hampura ngaganggu waktuna, Bro,” ceuk Aryo muka obrolan.
“Teu nanaon, Yo. Aya naon yeuh, asa rareuwas?” ceuk kuring nanya ka Aryo.
“Hmm… kumaha nya ngomongna,” ceuk Aryo bangun nu bingung.
“Aya naon, Yo, sok wé ngomong, Énté rék kawin lain? Sok ngomong wé da urang gé pasti ngabantu atuh, piraku ka cé’és,” ceuk kuring némbalan deui.
“Lain eta, Bro. Emh, tapi ieu,” ceuk Aryo bari ngasongkeun hapéna ka kuring.

Gap hapé ditampanan ku kuring, bréh katempo gambarna. Foto Velin keur nangkeup lalaki di jero mall, bari jeung keur dalahar.
Jeger! Asa ditonjok angen, eungap karasa rék ngarénghap ogé, teu percaya tapi bukti nyata aya.

“Sorry yeuh nya, lain maksud urang rék ngaganggu katenangan rumah tangga Énté, Bro,” ceuk Aryo bangun anu ngarasa salah.

“Nyantai wé, Bro, teu nanaon, tapi ieu mah lain Velin,” ceuk kuring ngabohong. Padahal dina jero haté mah ngabenerkeun pisan kana bukti anu ditempokeun ku Aryo, tapi kuring ngarasa éra ku Aryo, jeung deuih hayang nutupan kasalahan Velin.

Poto Velin maké baju paméré kuring keur hadiah ulang taunna kamari, sanajan moto na rada jauh ogé, da kuring anu jadi salakina mah teges ari nempo ka pamajikan sorangan mah.
“Sukur ari lain mah, Bro,” ceuk Aryo ngabuyarkeun lamunan kuring.
“Héueuh, Yo, nuhun nya geus manggihan urang jauh-jauh,” ceuk kuring ka Aryo.
“Sami-sami, Bro, hampura urang geus méré info kurang bener,” ceuk Aryo bangun nu éra.
“Teu nanaon, Bro, berarti Énté nyaah jeung perhatian ka urang,” ceuk kuring miceun beungeut sieun kanyahoan bohong ku Aryo.

“Ya Alloh, Velin, naon deui ieu Velin?” kuring ngajerit dina jero haté.

Téga anjeun ka kuring, Velin, kurang naon kuring ka anjeun salila ieu, kunaon anjeun bet téga? Kunaon ayeuna dina geus sagala boga jeung nyampak, anjeun bet sulaya? Imah pageuh, mobil weuteuh, anak anu dipiharep geus kapimilik. Naha anjeun kagoda ku nu lian? Kuring teu béak pikir naon anu jadi alesan Velin, jadi robah.

Ngahaja teu balik deui ka kantor, tapi langsung balik ka imah, teu kuat rieut sirah jeung hayang istirahat.

Nepi ka imah nyampak di ruang tamu, Tiara keur di asuh ku pembantu kuring. Kacida reuwasna Bi Entin nempo kuring anu ngadadak balik beurang-beurang tara ti sasari. Kawas nempo ririwa, beungeutna pias.

“Ad… Adén geuning tos mulih?” Pokna bari ngageter sieun.
“Non Velin mana, Bi?” ceuk kuring malik nanya.
“Non… Non, nuju angkat, Dén,” ceuk Bi Entin geumpeur.
“Tenang wé, Bi, Abdi moal ngambek asal Bibi jujur,” ceuk kuring nenangkeun Bi Entin.
“Muhun, Adén,” ceuk Bi Entin.
“Sering Non kaluar?” ceuk kuring nanya deui.
“Lumayan sering, Dén, atos dua sasihan ieu, saminggu aya kana dua, tilu kalina,” ceuk Bi Entin bari tungkul.

Beuki eungap rarasaan téh ngadéngé anu diomongkeun ku Bi Entin. Ya Alloh. Velin, kunaon atuh anjeun geus wani curaling di tukangeun kuring.
Kuring nyoba nenangkeun diri, tuluy nyokot Tiara tina aisan Bi Entin. Ngahaja ulin ka taman komplek ngajak Tiara ulin, hayang ngaleungitkeun kapusing pikir. Capé ulin jeung lulumpatan, ahirna kuring jeung Tiara kasaréan di kamar Tiara.
*

Jam opat Velin kakarak balik ka imah. Puguh wé manéhna reuwas kacida nempo kuring geus nyampak aya di imah. Kuring api-api saré tibra wé, kawas anu teu aya masalah nanaon. Buru-buru, Velin ganti baju jeung mupusan makeupna, tuluy haharéwosan ngobrol jeung Bi Entin, nanyakeun iraha kuring datang.
Teu lila Velin nyampeurkeun kuring anu keur saré gigireun Tiara anu keur tibra. Celepot, Velin nyium pipi kuring.

“Papah tos uih geuning?” pokna ngaharéwos kana ceuli kuring.

***

Hanca

Berita Terkait

Gelar Seni Budaya Tolak Peredaran Narkoba
Desa Sangkanhurip Katapang Menggelar Acara Milangkala ke-48
MENGENAL SOSOK REVA YULI ANJANI, PENARI JAIPONG DARI DESA TARUMAJAYA
CARPON
CARITA PONDOK
PAMALI Bagéan ka-10
SISINDIRAN
PAMALI Bagéan ka-9

Berita Terkait

Rabu, 16 April 2025 - 10:05

Desa Rancamanyar Laksanakan Musdes Penataan Desa

Rabu, 12 Maret 2025 - 21:30

Bupati Bandung Dadang Supriatna Jabat Ketua Umum Asosiasi Aliansi Kabupaten Kota Peduli Sanitasi

Rabu, 12 Maret 2025 - 13:32

Ini Penjelasan Kadis PMD Tata Irawan Soal Wacana Pemekaran Desa di Kabupaten Bandung

Rabu, 12 Maret 2025 - 13:27

DPMD: Hasil Kajian 14 Kecamatan, 127 Desa, dan 8 Kelurahan di Kabupaten Bandung Layak Dimekarkan 

Senin, 10 Maret 2025 - 13:26

Di Cicalengka, Kadis PMD Tata Irawan Sampaikan Paparan Arah Kebijakan Penataan Desa

Senin, 10 Maret 2025 - 10:50

DPMD Tata Irawan: Sosialisasi Arah Kebijakan Penataan Desa Dengan Sasaran Pemekaran Desa

Jumat, 7 Maret 2025 - 16:54

Bupati Bandung: Pembangunan Fly Over Jalan Rancaekek-Majalaya Sudah Diusulkan ke Provinsi Jabar

Jumat, 7 Maret 2025 - 16:49

Kang Ali Syakieb Tegaskan Peredaran dan Penyalahgunaan Narkoba Kejahatan Luar Biasa 

Berita Terbaru

BEJAKEUN

Desa Rancamanyar Laksanakan Musdes Penataan Desa

Rabu, 16 Apr 2025 - 10:05