Ku: Titin Wiarti
Dua poé rék puasa, Fahmi ngalénghoy. Wayah lohor geus balik ti pagawéanana. Can mangsana bubar sabenerna mah, tapi dununganana nitah baralik lantaran pabrik roti nu jadi leuit pikeun sawelas pagawéna, arék tutup heula sabot Romadon.
“Reregaan undak, sedengkeun bulan puasa mah sok tiiseun. Tibatan urang rugi, mending peré heula,” ceuk Wildan, dununganana. Mémang, pikeun usaha leutik mah karasa pisan eungapna dibéré rega bahan undak téh. Paciwit-ciwit lutung jeung buruh pagawéna. Euweuh nu baha, saréréa ngama’lum.
Fahmi anjog ka buruan imahna, kasampak Nita, pamajikanana keur nyaitan poé baju.
“Tos mulih, Kang?” pokna.
“Peré pan. Tutup heula pabrikna nepi ka lebaran.”
Nita ngadéngé kitu téh iwal bisa ngarénghap jero. Geus kabayang pangabutuh nu renyek alabatan bulu ucing, rék ti mana nutupanana. Dibéré buburuh ogé seuseut komo deui dibawa cicing.
Budak keur meumeujeuhna gedé waragad. Dela SMK kelas dua arék PKL, can meuli seragam jeung butuh keur bekelna. Acan kahayangna nu tara bisa diengkékeun. Tambah deui nu séjénna, ngaran kabutuh di imah, saréréa ogé geus pada apal.
“Ieu gajih bulan ieu, dibayar satengahna da teu jangkep sabulan gawéna,” ceuk Fahmi bari ngasongkeun amplop.
Amplop dibuka, eusina duit lima ratus rébu, “Alhamdulillah sakieu ogé,” ceuk Nita. Pikiranna mah angger bari muter, duit sakitu mah jajauheun mahi nepi ka lebaran.
“Kang, kumaha mun urang icalan tajil di sisi jalan? Gajih Akang urang anggo modal,” ceuk Nita gedé sumanget.
“Sanggup? Apan cenah beuteung sok karasa kénéh nyeri?” ceuk Fahmi bari neuteup pamajikanana anu kakara sataun tas operasi usus buntu.
“Insya Allah kiat!” témbalna bari imut ngareugreugkeun.
Isukna Nita ka pasar, balanja keur dagang téa. Fahmi nyieun saung ku terpal handapeun tangkal nangka sisi jalan, ngunjal méja jeung bangku jang neundeun daganganana.
“Siga keur majang, Mi?” ceuk tatanggana anu kabeneran liwat.
“Muhun, Wa. Mamanawian, badé icalan kanggo tajil,” témbal Fahmi.
“Syukur, didungakeun ku Ua sing payu.”
“Aamiin, Wa!”
Poé éta kénéh, Nita ngamimitian nyieun dagangan. Sakalian promosi ti dituna mah. Es campur, gorengan, jeung jajanan budak.
Pabeubeurang mimiti hul-hol nu jarajan, barudak pabéja-béja pada hayang ngasaan daganganana.
“Seger, Bi, ésna,” ceuk nu jajan. “Énjing icalan deui, nya, kanggo buka!”
“Muhun, Néng, siap!” témbal Nita. Haténa bungah meunang peunteun hadé ti nu meuli.
Mimiti puasa, dagangan Nita geus loba nu ngajugjug. Komo barudak mah teu sirikna parebut hayang paheula-heula. Dela teu pisan hayang mantuan sakitu keur paciweuh ogé, anteng wé ngorék hapé. Atuh puguh wé indungna cakah-cikih ka ditu ka dieu.
“Alhamdulillah, Kang, modal kapulihan. Malihan aya langkungna lima puluh rébu,” ceuk Nita bari ngitung duit.
“Alhamdulillah, urang kudu syukuran sakumaha baé rejeki nu katampa. Muga-muga isuk mah leuwih ramé deui,” témbal Fahmi. Haténa mah nalangsa nempo pamajikan milu nyiar kipayah téh. Ceuk aturan mah pan manéhna nu kudu nyumponan kabutuhan kulawargana.
Duit modal muter paké balanja deui, leuwihna paké meuli béas jeung dengeun sanguna. Kitu jeung kitu unggal poéna, usaha leutik modal saeutik.
Dagangan Nita unggal poé nambahan. Nu jarajan téh sawaréh aya nu nawar hayang anu, hayang itu, hayang ieu. Nya sabisa-bisa dicumponan. Nu mimitina ukur és campur jeung goréngan, ka dieunakeun mah aya ogé sosis bakar, jeung deungeun sanguna. Untung Fahmi cingceung mantuan.
Poé ka sawelas, rék hudang saur, Nita pupuringisan. Beuteung urut operasina karasa nyeri deui. Biasana mah tara dirasa, ngan ayeuna mah asa kacida pisan karaseunana.
“Kang, saur! Abdi teu kiat gugah,” ceuk Nita.
Fahmi nu keur tibra gentak hudang. Ngalieuk ka nu gigireunana, manéhna reuwas. Beungeut Nita pias bari késang tiis maseuhan awakna. Leungeunna nyekelan beuteung.
“Kunaon, Nyi, naha kieu?” Fahmi hariweusweus.
“Nyeri, Kang!” témbalna.
“Dela, geura saur. Ieu mamah nyerieun deui beuteung.” Fahmi ngageroan budakna.
Dela norojol ka kamar indungna, “Mamah kunaon?” Reuwaseun nempo kaayaan indungna siga kitu mah.
“Geura saur bisi kaburu imsak. Urang ka rumah sakit,” ceuk Fahmi.
Dela lumpat ka dapur, boro-boro hayang dahar nempo kaayaan indungna siga kitu. Ukur nginum ciherang sagelas tamba kosong teuing beuteung.
Fahmi ngaluarkeun motor, tuluy ngaboncéng Nita diapit ku Dela ti tukang, ngajagaan indungna bisi teu kuateun. Lain teu kapikir nyéwa mobil, pan keur waragad ka dokter ogé rerempodan sieun teu mahi.
“Sing kiat, Mah!” ceuk Dela bari nangkeup indungna ti tukang. Haténa ngarasa kaduhung tara daék mantuan gagawé di imah. Nita geus teu kadéngé nyoara.
Nepi ka rumah sakit, ampir wé awak Nita murag tina motor, untung kaburu katulungan ku satpam anu keur jaga.
“Ibu Nita kacapéan, kedah seueur istirahat,” ceuk dokter sabada mariksa. Nita geus sadar najan katempona masih kénéh leuleus.
Fahmi nyekelan leungeun pamajikanana, diranggeum tuluy diadekkeun kana tarangna. “Hampura, lantaran Akang, Nyai jadi kieu,” pokna ampir teu kadéngé. Haténa peurih ku kaayaan.
Bray beurang, Dela nyampeurkeun bapana.
“Dela badé wangsul. Engké sonten badé icalan. Bapa di dieu baé ngaréncangan mamah,” ceuk Dela. Ngadéngé kitu Fahmi ngahuleng.
“Tiasa kitu?” ceuk bapana teu percaya.
“Badé ngadamel satiasana abdi wé, moal seueur-seueur.”
“Nya, atuh jung. Kadé di jalanna ulah ngebut.”
“Muhun, Pa, moal!” Geus kitu mah Dela mulang.
Pabeubeurang, dokter mariksa deui Nita. Cenah, aya infeksi dina urut operasina. Moal bisa mulang poé éta.
“Sadidintenna osok karaos mules?” Dokter nanya.
“Muhun, Pa. Tapi da sok damang deui ku nyalirana, tara dugi ka lami,” témbal Fahmi.
“Éta téh saéna mah teras parioskeun, ayeuna malah tos tambih parna. Mugi wé tiasa kénéh ku landong, teu kedah operasi deui.”
Ngadéngé caritaan dokter, Fahmi ngarasa kaduhung. Salila ieu geus ngalalaworakeun panyakit nu nyiksa pamajikanana.
“Ayeuna abdi kedah kumaha?” Fahmi nanya bari jeung gegebegan. Reuwas sieun pamajikanana kumaha onam.
“Ieu aya resép nu kedah dipésér. Tiasa ka apoték anu payuneun rumah sakit. Lumayan rada awis, tapi insya Alloh saé hasiatna.” Dokter ngajéntrékeun.
“Muhun, atuh, Pa. Abdi badé ka apoték ayeuna kénéh.”
Fahmi indit rék meuli obat. Leungeunna ngodok pésak calana, ngarampa duit bawa ti imah. Lobana ukur dua ratus lima puluh rébu.
Sanggeus resép diasongkeun, bener wé harga obat téh kacida mahalna. Duit dina pésak téh ngan cacap dua sikieun.
Fahmi mikir tarik, kumaha carana sangkan boga duit jang meuli deui obat. Teu kabayang lamun kudu operasi deui. Karunya Nita bari jeung waragadna lain saeutik. Ya Alloh!
Sapoé di rumah sakit, waktu téh karasa lilana pikeun Fahmi mah. Nelepon ka dulurna tindak rék nginjeum duit, sarua euweuhna. Kang Yono, tatanggana nu katelah sok loba duitna teu méréan, lantaran Fahmi masih kénéh boga tunggakan urut biaya operasi téa. Bingung teu manggih tungtung, ka saha geusan nyaluuh.
Fahmi neuteup Nita nu ngalempréh, haténa asa diturihan. Awéwé nu sakuduna ku manéhna dibagjakeun, geuning kalah dibawa sangsara. Léos manéhna ka mushola, Fahmi ngébréhkeun sagala katunggarana ka Nu Maha Kawasa. Munajat ménta-ménta sangkan panyakit Nita dicageurkeun. Cimata jadi wakil kapeurih atina.
Adan magrib ngalanglaung, Fahmi teu boga cai-cai acan keur ngabatalan. Amit ka Nita rék solat magrib, manéhna nguyup cai keran saméméh abdas.
Bérés magrib, Fahmi ka rohangan deui. Kasampak Dela geus keur ngusapan indungna nu katara beueus cipanonna.
“Bapa geura tuang!” pokna téh bari nunjuk kantong lamak nu ngagolér dina ubin. Fahmi teu nyangka Dela bakal nganteuran dahareun. Alhamdulillah geuning anak téh geus hideng, ceuk gerentesna.
“Hayu atuh, hidep gé geura dahar,” ceuk Fahmi bari brak sila.
Dela nyampeurkeun bapana, ngasongkeun piring tuluy dieusian sangu. Deungeuna ukur goréng témpé jeung gerus céngék. Sakitu gé geus mangpirang-pirang alhamdulillah.
Bérés dahar, Dela diuk gigireun indungna.
“Tadi siang aya bu kadés ka rorompok,” ceuk Dela. Fahmi katut indungna saregep ngadéngékeun.
“Aya naon, cenah?” Fahmi panasaran.
“Bu kadés pesen és buah kanggo tajil di masjid Al-Ikhlas. Sadintenna saratus gelas. Sareng tuangeunana dina kotak snék, sami saratus bungkus sadintenna. Saurna dugi ka kaping dua puluh tujuh Romadon.” Dela nyaritana téh bari sumanget.
“Disanggupan, nya? Apan Mamahna ogé di dieu, biheung iraha mulangna,” ceuk Fahmi.
“Abdi sanggem, Pa!” pokna. “Tos ngobrol sareng Wa Tiah, anjeunna sanggem ngadamel lontongna, abdi kantun ngadamel goréngan. Insya Allah kabujeng. És mah gampil kantun mésér buahna. Malihan artosna tos dipasihan kanggo balanjana mah.” Dela ngusiwelkeun duit tina kantongna.
“Bilih badé dianggo berobat heula atuh mangga sapalih mah, seueur da dua juta sadayana.”
Nita beuki juuh cipaonna, Dela anak hiji-hijina bisa mantuan ekonomi kulawargana dina mangsa manéhna keur gering ripuh. Teu nyangka rék robah sikepna. Fahmi ogé teu kuateun nahan cimata. Kagagas ku kasoléhan Dela.
“Nuhun, Ya Alloh, Anjeun tos masihan jalan kanggo kulawarga abdi.” Fahmi harita kénéh sujud syukur.
(*)
Ngeunaan pangarang;
Titin Wiarti, teureuh Galuh Ciamis gumelar dina bulan Juli taun 1983. Ibu rumah tangga nu dumuk di Kecamatan Rancah, Ciamis téh mikaresep kana serat sinerat utamana dina basa Sunda. Niatna ngamumulé basa Sunda ku cara nyumbangkeun tulisanana pikeun bacaeun saréréa.