BONGAN BOHONG
Yasana: Inda Nugraha Hidayat
Bongan. Anjeun ngabohong. Ka kuring.
“Asih Akang, Ning, dangding wening saendeng-endeng,” ceuk anjeun, baheula. Basa anyar rarabi. Tapi geuning bet jalir. Asih anjeun ngolémbar. Dangdingna silung. Teu ngawirahma cara baheula. Cenah rék lana mitresna. Moal kungsi midua rasa. Buktina anjeun sulaya basa.
“Anjeun téh malati, nu langgeng nyeungitan ati.” Bohong. Geuning kembangna muguran. Dalingdingna ngaleungit. Kasilih ku hangru kapeurih.
Bongan. Anjeun ngabohong. Ka Andi. Anak urang hiji-hijina.
“Keur Apa mah, Ndi, kabagjaan hidep jeung indung hidep nomer kahiji,” ceuk anjeun, harita. Méméh jugala.
“Naon baé angen-angen hidep, cuang tarékahan.” Tapi geuning bet jalir. Jangji-jangji ukur jadi papaés biwir.
“Nampi abdi nikahna Wulandari binti Karnadi, kalayan…” Sora anjeun ngageleger dina sepiker. Ngaweuhan. Ngajojoét dua haté. Tulus, anjeun kawin deui. Jeung sekertaris anjeun. Budak parawan, nu kuduna jadi minantu anjeun.
“…dibayar kontan.” Breng. Bareng jeung nu réang nyebut ‘sah’, dua jiwa hiber ka jabaning langit.
“Bongan. Anjeun ngabohong.”
Grup Facebook FIKMIN BASA SUNDA(FBS), 23-03-2022
***