MUSTIKA ATI
Sapuluh taun rumah tangga dikersakeun can boga budak. Ihtiar jeung ngadunga mah asana geus leuwih ti cukup, kari sumerahna wé, ngarepkeun pangijabah Gusti. Da ceuk dokter mah duanana gé normal.
Taun ka sawelas dunga téh diijabah. Pamajikan ngandeg, bungah amarwatasuta, hanteu wé surak ajrag-ajragan. Anu beunang hayang téa.
Sagala dipupujuhkeun, teu meunang kacapéan, teu meunang dipungpang, teu meunang kasigeung, bisi kumaonam.
Niti wanci nu mustari mustika ati medal ka pawenangan kalayan sampurna. Dikersakeun budak téh lalaki. Ditatap diusap, dinangna-néngné, karasa sampurnana rumah tangga. Aya pameungkeut duriat.
Réngsé syukuran 40 poé sakalian diékahan, budak gering paruparu, dibawa ka rumah sakit, nepika nuluyna.
“Duh, Endén…. sugan téh enya wé arék lana! Sihoréng kur ngabibita medal téh? Gugah Endén, ieu Mamah, piraku teu karunya ka Mamah?”
Pamajikan nginghak bari mamangku layon budak. Diciuman, digaléntoran. Pada ngupahan ku sararéa. Kuring ukur bisa ningalikeun bari nahan kasedih.
Najan beurat, neger-neger manéh maksakeun pikeun tumarima.
Dipulasara sakumaha mistina, dikurebkeunana gigireun imah, da pamajikan keukeuh, ngarah babari jarah, cenah.
Pasosoré hujan miripis, pamajikan molohok na jandéla melongkeun ka makam budak bari pok ngomong,
“Ayah, Si Endén itu tiriseun karunya, payungan, ih.”
Sukabumi, 15 April 2022
Biodata nu nulis;
Jenenganana Sambas Abdurrohman, budak ngora nu sapopoé di imah ngasuh barudak. Lahir di Sukabumi 6 Agustus, cicing di Sukabumi. Sakola teu pati luhur. Mikaresep warna hideung, kasedepna kopi hideung jeung ngabako. Loba babaturanana. Beuki ngawangkong. Mikahayang boga pamajikan nu geulis, pinter, tur soléhah. Cita-citana loba duit, keun waé teu boga hutang gé, penting mah séhat bari katungkul to’at. Najan teu gawé gé tapi daék mun narima gajih siga nu gawé mah.